Anda di halaman 1dari 2

BORANGAN

SDN 3 CIAWI

Jalan-jalan ka musium
Assalamu’alaikum . . .
Upami natamu teh ulah dusun
Sampurasun . . .

Nepangkeun wasta sim kuring Nurina Zubir, aeh naha geuning ilat teh
bet ti soledat, hapuntenna pamiarsa sadaya maksad teh Nurina Alfarini,
kawit ti SD tilu Ciawi. Pami dititenan mah, geuning Nurina sareng
Nirina teh da teu benten tebih atuh sanes kantenna ge. Diantawisna, hiji
dina jangkung nya, itu mah jangkung sim kuring mah rada jangkung.
Teras kaduana upami itu mah geulis, sim kuring mah rada geulis. Teras
anu pamungkas, itu mah tos kantenan artis multi talent, sim kuring ge
sami artis mung artisna ge cekap artis talenan arageung bitis bati jalan-
jalan.
Bade teu resep jalan-jalan kumaha, da di bumi wae mah kesel nya, pak,
bu. Ti kawit beberes, ngepel, gegeroh, teu acan deui setrikaeun meuni
sagunung. Teu dipidamel ku urang nya bade ku saha deui da teu tiasa
disulap sim salabim adakadabra sugan janten beres sadaya. Moal.
Numawi kedah enjoy we ngalakonanna. Ningal setrikauen sagunung
enggal pidamel, pados teu nundutan nyetel TV atuh nyetel gosip, artis-
artis nu nuju naek daun. Sanes bd ngiring ngagosip da teu aya rencang
kur ningali we tambi tiiseun. Kirining Hampong (eh handphone) disada,
hallo, astagfirullohaladim geuning ieu ngaheab kieu horeng ieu mah
setrikaan, aya-aya wae gusti. Hallo bestie, aya naon? Kumaha kumaha?
(bari mawa remot) wang healing? Kamana? Kuliner deui? Hayu hayu
atuh siap, otw.
Kumargi tos aya telepon ti bestie ngajak kuliner, sim kuring mah bingah
nu aya we da pados ieu bitis teh janten lenjang. Hayu atuh sim kuring
bade ngajak pamiarsa sadaya kuliner jajanan khas sunda. Cobi naon wae
nya anu lebet kana 3 Kuliner Sunda anu kakoncara. Nu kahiji, sangu
dioncoman
Pados bapa kalih ibu teu lali ka sim kuring, sim kuring gaduh lagu,
sapertos kieu laguna teh.
Nuri Nurina Na Nuri Nurina
Nuri Nurina Na Nuri Nurina

Anda mungkin juga menyukai