Anda di halaman 1dari 2

BORANGAN

(NGABODOR SORANGAN)
Hatur nuhun ka sadayana anu tos keprok..... Hatur nuhun oge ka sadayana anu tos
keprok.... Sakali deui hatur nuhun pisan kanu tos kareprok....
Naon margina bet hatur nuhun? Cingcirining sim kuring teh dikeprokan, tapi teu penting
nya bade anu keprok atanapi henteuna mah..
Assalamualaikum Wr Wb
Dina keler aya opak, Nu ngawaler kirang kompak
Sakali deui ah
AssalamualaikumWr Wb
Daun salam daun laja, Nu jawab salam sing asup surga. Aamiin
Sampurasun!
Daramang? Damang? Damang? Damangnya? Mun teu damang mah moal aya didieu
panginten.
Bapa ibu nu menggebu-gebu, dewan juri nu berseri-seri, oge para hadirin nu matak
heurin, nepangkeun heula wasta kuring nyaeta Madina
Ceuk baturmah kuring teh budak bangor, tapi da ceuk rarasaan mah kuring teh budak
bageur geulis deuih cek mamah eta ge hehe
Cik Pamiarsa aya anu terang abdi bade naon ngadeg diieu patempatan?
Dukanya bade naon abdi oge?, ngan anu puguh mah abdi bade curhat.
Tong taregang teuing atuh ieu teh da lain nongton warta politik, mening urang
tatarucingan heula yeuh nya jawab sato, sato naon anu amis budiii? Cik naon? Terang teu?
Taluk? Serigala hehe
Pamiarsa pajarkeun cenah diajar basa sunda teh hese, enya kitu? Da ceuk kuring mah
basa sunda teh basa nu paling babari tur simpel deuih. Yeuh nya tengetkeun didieu kuring bade
masihan conto dina basa inggris aya kecap disgusting skin disease harti indonesiana nyaeta
penyakit kulit yang menjijikan sedengkeun dina basa sundana naon cik apal teu? Borok! Tuh
pan leuwih simpel. Sakali deui yeuh dina basa inggris aya kecap a little something disgusting in
your eyes tah panjang nya? Harti indonesiana nyaeta benda kecil yang menjijikan dimatamu, ah
ieu mah pasti arapal nya naon dina basa sundana? Cileuh!
Eh pamiarsa salian kuring pinter kana basa sunda kieu-kieu ge kuring teh jadi murid
paporit di sakola? Kunaon cik? Kuring ge teu apal sih da meus-meus di sampeurkeun ku guru,
meus-meus di geroan ku guru, meus-meus titah ka ruang guru. Pokona unggal aya nu ceurik
pasti we kuring deui kuring deui nu digeroan teh hampir unggal poe. Padahal da kuring teh
budak bageur, tara tunggal teunggeul, tara tujang tajong pedah we kadang sok gereget gap we
kana panangan babaturan terus jeletiiit we nyiwit indit we tos kitu mah atos. Naaa da eta mah
teu kungsi lila teh kuring di geroan ku guru padahal da nyiwitna ge pan ngan saeutik. Heran
Naon deui cik nu matak ngajadikeun kuring jadi murid terkenal teh, aya hiji waktos yeuh, eh teu
hiji waktos ketang ieu mah unggal waktos hehe. Kuring teh datang ka sakola kabeurangan terus
we ku guru teh ditanya “kunaon ari neng meni asa kabeurangan wae” nya celetuk we kuring teh
ngajawab “lalakon mah datangna ge paneuri pa” nahaaa da eta mah guru teh molotot we bari
gudag gideug terus we kuring teh dititah lumpat ngulilingan lapang. Cek hate kuring teh meni
asa salah wae gusti.
BORANGAN
(NGABODOR SORANGAN)
Pernah oge basa minggon kamari bapak guru nyungkeun pendapat ka murid – murid
anu aya dikelas, yen engke sasih payun bade aya acara tadabur alam atanapi piknik di sakola
teh, rencanana saur ibu guru mah bade ka Taman Safari teras mayarna 400rb.. Ari saur abdi
teh “Ibu kumaha lamun teu ngariring sadayana? da ningal biayana oge meuni awis.. atos weh
bu ngarah urang jongjon, teras sadayana tiasa ningarali2 sasatoan anu aya di taman safari,
orang tua teu kaabotan, atos weh atuh anu ti taman safarina piwarang kadarieu ka Bandung,
sareng sasatoanana kadarieu.. Naha da etamah bapak guru semu ambek ka abdi.. padahal kan
abdi mah mung saukur masihan pendapat.. Cik ayeuna abdi bade naros ka pamiersa sadayana
naha abdi lepat nyarios kitu? miwarang anu di Taman Safari kadarieu? kan henteu, justru
memudahkan urang nya ibu2, urang mah kantun nyadiakeun kanggo nyuguhanana, sapertos
daging kanggo maung, cau kanggo monyet, sayuran kanggo sasatoan anu tuangeunana
tutuwuhan..
Tapi da ari kuring mah teu nanaon pamiarsa, teu pundung, teu ceurik, teu amek.
Anggap we eta teh cobaan jang kuring. Inget nya pamiarsa nu ngarana hirup mah pasti loba
cobaan da ari loba saweran mah ngaranna dangdutan. Barina ge hirup mah tong lempeng
teuing da lain jidar, leres teu bapa ibu?
Tah ayeuna bapak ibu tiasa nganilai, saatos ngadangu curhatan abdi nembe, saur bapak ibu
abdi budak bageur atanapi budak bangor?.. heheh

Sakitu nu kapihatur, Hapunteun pisan bilih aya cariosan anu kirang merenah..
Saninten buah saninten
Meser na ti parapatan
Hapunten abdi hapunten
Manawi seueur kalepatan

Cikini kegondang dia


Mugi-mugi abdi tiasa juara
Cikampek tasik Malaya
Sanaos cape tapi abdi bagja

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai