Anda di halaman 1dari 1

Assalamuaikum,wr,wb

sampurasun..
sampurasun..
Sampurasun..

nepangkeun abdi artis papan atas Indonesia anu datang ti sunda, ti gigir jigah korea, ti
tukang jigah paduka ngan hanjakal tiharep jigah gorila.

Bapak/ibu sareng rerencangan anu kusimkuring dikacinta, abdi badeu ngabewarakeun sangkan
Bahasa sunda teh Bahasa anu kacida bengharna, salah sahijina saingan jeung Bahasa internasional nyaeta
Bahasa inggris.
salah sahiji contoh, asal muasal lalakon cau jimluk. Terang teu bapak/ibu cau jimluk nukumaha,
nyaeta cau nu aya sikian nu sok diteangan tukang manuk. Tah Kieu carita na, aya orang luar negeri
ngaranna si jimmy jeung si bolen, eta jelema the arulin mapay walungan, pas kaparengan manehna istrahat
di sawah kang oon, ari si bolen the ngomong bari gogorowokan.
Jimm look banana, jim look banana.
Si horeng kadengnge ku mang oon, nu nyumput dina saung butut.
Bari ngomong dina hatena,,nyaho ayeuna mah eta ngaran cau teh sia, sabab anak urang sok diajar di di
imah banana teh artina cau, jadi eta the ngaranna cau jimluk. Tah kitu lalakon cau jimluk teh, lantaran abdi
panasaran ayeuna jelema the loba nu neangan cau jimluk jang manuk.

Boh deui aya Bahasa Luar, anu asalna tina Bahasa sunda
1. Diam saja, Bahasa inggrisna stay cool asal na tina kuuleun
2. bruto, lamun ceuk bahasa indonesiana mah berat kotor artina eta oge tina Bahasa sunda nyaeta
bureuteu
3. Bahasa inggrisna panto the “ door” eta oge tina Bahasa sunda nyaeta gegedor-gedor

Dugika Bahasa sunda mah hese di turutan ku Bahasa luar, komo deui ku Bahasa nasional Bahasa
Indonesia.
sok ku bapak/ibu emutan jeung rerencangan.
1. nongtong Korong dikana Bahasa indonesiakeun ge hese eta bahasa. keluar inggus, da lain da eta
mah kaluar lain nongtot, ari nongtot mah teu kaluar teu kajero nongtot bari hejo.
2. clom giriwil
3. ti kejebur, terlempar ke sungai atau kolam, pan lain eta mah. Leres teu.

Komo saking ku bengharna eta Bahasa sunda tika ka umur jeung pagawean oge dibedakeun,
yeh dicontoan, tina Bahasa Indonesia. Presiden lagi makan, orang gila lagi makan, orang cakep lagi makan,
artina nu gelo, presiden, jeung nu kasep ker dahar.. tapi Bahasa sunda mah loba jeung merhatikeun kana
undak unduk basana, presiden nuju tuang, nu gelo keur lolodok nu dihareup ker nyatu. Nu diharep barang
hakan. Wah jeung sajabana.
Tah kukituna hayu urang babarengan mi ka nyaah jeung mika cinta Bahasa anu sakitu benghar
jeung loma na, sangkan eta Bahasa bisa terkenal ka saluruh panjuru dunia.

wassalamualikum wr. Wr
Hurip sunda

Anda mungkin juga menyukai