Anda di halaman 1dari 5

UPACARA ADAT SDN PURWASARI II

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh


Embara ka balarea, Bewara kanu araya.
Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih
Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Sabtu 18
Juni 2021
Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay
tineung kelas 6 SDN PURWASARI II Kec Purwasari -Kab
Karawang
Sim kuring saparakanca siswa siswi SDN PURWASARI II 
seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina
widang seni sunda. 
Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun

  PROSESI UPACARA ADAT DIKAWITAN

*Musik Bubuka
*Tarian Payung
Seorang ponggawa pembawa payung 'midang' sambil menarikan
gerakan indah memainkan payung yang akan digunakan untuk
memayungi perwakilan siswa yang akan dilepas. Biasanya siswa
yang dipilih adalah yang berpreastai secara akademik, putera
dan puteri. 
*Tarian Umbul-umbul
Pembawa umbul-umbul terdiri dari 6 orang ponggawa yang
akan mengiringi prosesi upacara adat pelepasan atau paturay
tineung.
kemudian datanglah mamang lengser.

Lengser adalah tokoh sentral dalam upacara adat Sunda. Tokoh


ini digambarkan sebagai 'figur' yang memiliki karakteristik
bodor (lucu), polos, namun memiliki kecerdasan yang sulit
diduga, sering digambarkan sebagai tokoh yang serba bisa.  
Disimbolkan sosok seorang kakek-kakek yang dituakan,
mempunyai sifat sederhana, tata krama yang baik,  dan selalu
memberi petuah. Lengser lebih banyak menggunakan
komunikasi non verbal dalam berinteraksi. 

Pakaian yang dikenakan Lengser biasanya terdiri dari : baju


kampret, celana pangsi dilengkapi dengan sarung yang
diselendangkan, serta totopong (ikat kepala). Dengan
memperlihatkan giginya yang ompong dan gerakan tari lucu,
kehadirannya tak pelak selalu mengundang tawa penonton/tamu
undangan.

Saat 'midang' atau mentas, lengser hanya 'pepeta' alias bergaya


tanpa suara, sebab ucapan lengser akan disuarakan oleh
panembang yang akan ngerajah diiringi kacapi suling
yang 'ngagelik'. 
Rajah atau ngerajah ditembangkan untuk menghormati roh
leluhur serta mohon kepada Yang Mahakuasa. Rajahnya seperti
ini :

Sampurasun.....
Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci neda pangjiad
pangraksa abdi kempel Seuweu Siwi
ka batara neda suka ka batari neda suci
ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
                    ti kalerna ti kidulna, ti kulonna, ti wetanna
  hung ...ahung .. kula rek diajar ngidung
  Amit ampun nya paralun, bilih manawa manawi

kemudian dilanjutkan dengan narasi.

  Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan


Prosesi memasuki pentas,  Gending Catrik
*Tari Merak (sapasang)
*Mayang - Ngagendeng Panganten (2 orang wakil siswa
kelas 9)
Narasi
Geura lagukeun kidung liwung nu panuhung
Geura hariringkeun kawih asih tina ati
Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta
Sugan jembar ieu lengkah seja napak

Mun isuk balebat nyingray ti wetan


Srangenge sumirat deui di langit Ciawitali
Nanging boa saukur jadi kalangkang
Kalangkang dina eunteung panineungan urang

Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat

Nyiak ninggalkeun patok demi patok lalakon

Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar

iring-iringan tiba di hadapan Bapak Kepala Sekolah yang


telah duduk bersama seorang ibu guru senior, siap memberi
doa restu kepada siswa kelas 9 yang akan melanjutkan
sekolah.
Kemudian dua orang siswa tersebut sungkem.

Narasi sungkeman :
Bapa   :
Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura
regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu
bapa  guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup.
Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari.
Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh.
Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang
dina tulang-tulang kahayang nu bakal datang

Anak :
Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa
mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun
kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi
neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran
abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda
panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya
apanjang-apunjung salamina.

Ibu :
Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung
iklas,  ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah,
lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu
leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa
teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka
alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. MOal rela lamun
hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha
Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun karandapan.
Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu
leuwih luhur ajen inajenna manan ti MTs.

Anak :
Duh,   bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur
dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape,
poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu
pareng musingkeun, mungpang, ngabandel
pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten
abdi.

Bapa :
Duh … Anaking, geulis jeung kasep,  wanci ieu harepan
geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral
geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti
kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a
ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja
Pileuleuyan hidep pileuleuyan …

Selesai sungkem, Bapak Kepala Sekolah menyerahkan


Ijazah kepada siswa.
Sumanggga ngadeg deui . Ayeuna uranng teraskeun kana acara
……………………………………………
.
7.    Ngaleupaskeun japati ( symbol pelepasan siswa – siswi )
Narator:
            kasep geulis jimat anaking
Dinten ieu bapak miwah ibu guru
Bade ngaleupas hidep sacara resmi ku symbol manuk japati

Kasep……geulis jimat anaking


Jejeg panceg  ….. Taun lamina
Ngarandapan suka jeung duka
Di asih, di asuh, ku bapak sareng ibu guru
Kiwari cunduk waktuna
Mungkas lalakon sakola di ……………….
Bral hideup geura miang ……..
Geura hontal cita –cita
Sumangga urang ngaos du’a sasarengan………………………
………………………………………………………………………..

Bismillahirrohmanirohim………………………………
Bismikatawakaltualallah………lahaola walakuata illabillahil
aliyil      adzim……..
Bral……………………..bral ……………. Miang……

Narasi :

Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan


Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay

Nu dikantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.


Rampak sekar

Narator

Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a


Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu
Mugia pinanggih bagja, bral geura miang
                        Geura tandang makalangan

Mung sakitu anu kapihatur pidangan prosesi upacara


miangkeun kelas 9.
Hatur nuhun kana perhatosannana
Bobor sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur
neda jembar hapuntenna
Wassalamu'alaikum wrohmatullahi wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai