Anda di halaman 1dari 1

Contoh Pidato Sunda | Paturay Tineung Ti Wawakil Guru

Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung

Assalamu’alaikum wr wb
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin,
Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina
danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan kanggo tiasa kempel
ngariung di dieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung
du’a kanggo akang sareng teteh anu parantos lulus ti ieu sakola.
Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat, para ahli
sareng sahabat.

Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan
kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing parantos
rengse diajar, salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang
wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.
Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu
sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun
diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang.
Mugi-mugi bae sadaya elmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten
lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna. Panghudang sareng
pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu
langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng ramana.

Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a,
mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina
diajar, sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter
ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung
paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka
sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka
sasama, bear bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian,
anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.
Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-
cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa
nyuhunekun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat
welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.
Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda
sihapunten.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr

Anda mungkin juga menyukai