Anda di halaman 1dari 2

Teks Sungkeman

Ka dulur-dulur anu sami rawuh,


baraya anu sami lenggah,
sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka,
wiréh simkuring sanés pujangga
anu ahli ngaréka basa,
sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.
Ka para ahli ngukir sya’ir,
pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun
maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun
kana curat-corét sim kuring.
[ Awal ]
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan
mituturan para siswa anu kiwari bade nagntunkeun ie sakola

Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung


Kasép, Geulis.
[ Siswa ]
bapak ibu nu saestu
ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna hormat
tilawat ka ibu miwah ka bapak.
mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karuamosan
rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan
karaos kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu
ti bapa miwah ti ibu

bapa,........ibu................,
dinten ieu abdi sumanggem
dipayuneun bapa sareng ibu
mung seg manah tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,
asa sesah abdi ngantunkeun
asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna
abot ku kadeueuh, netesken,katresna,
ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten
bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin
kaheman bapa kalih ibu wening ku asih
sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana
bapa, ibu.............
abdi hapunten,
tikawit kelas hiji dugi ka ayeuna lulus
pasti seueur ngarepotkenun k bapa
Seueur pisan ngajengkelkeun ka ibu
Panginten handeueul manah bapa,
boa hanjelu manah ibu
ku abdi sadayana ka tampi
kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu
abdi ikhlas diomelan ayeuna,
abdi rela di cacapak poe ieu
kajengkel, kageuleuh,
ka keuheul bapa jeng ibu heg tibankeun ka abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah….
hampura pa,hampura bu, hampura ka sadayana
Wilujeng paturay bapak, ibu

[Guru]
Anaking murid bapak jeung ibu
katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak

jung nangtung kamanggung


mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung
kiwari nitih wanci nu mustari,
ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ieu sakola
bral, geura miang kasep, geulis
mugi laksana sagala cita-cita………….

Anda mungkin juga menyukai