Anda di halaman 1dari 3

TEKS SUNGKEMAN PERPISAHAN SEKOLAH

Ka dulur-dulur anu sami rawuh,


baraya anu sami lenggah,
sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka,
wiréh simkuring sanés pujangga
anu ahli ngaréka basa,
sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.
Ka para ahli ngukir sya’ir,
pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun
maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun
kana curat-corét sim kuring.

Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan
mituturan para siswa anu kiwari bade ngantunkeun ieu sakola.

Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung


Kasép, Geulis.
NASKAH SISWA
bapak ibu nu saestu
ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna hormat
tilawat ka ibu miwah ka bapak.
mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karumosan
rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan
karaos kanyaahna, dina waktos ngawulang elmu panemu ti bapa miwah ti ibu
bapa,........ibu................,
dinten ieu abdi sumanggem, dipayuneun bapa sareng ibu
mung sakujur manah nu tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,
asa sesah abdi ngantunkeun, asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna, abot ku kadeueuh, netesken,katresna,
ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten
bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin
kaheman bapa kalih ibu wening ku asih
sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana
bapa, ibu.............

abdi hampura,
tikawit kelas hiji dugi ka ayeuna lulus
tos pasti seueur ngarepotkenun ka bapa loba pisan ngeselkeun ka ibu
mereun handeueul manah bapa, boa hanjelu manah ibu
ku abdi sadayana ka tampi
kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu, abdi ikhlas diomelan ayeuna, abdi rela di cacapak poe ieu
kajengkel, kageuleuh, ka keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah….
hapunten pa,hapunten bu, hapunten ka sadayana
Wilujeng paturay bapak, wilujeng kantun ibu
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah….
NASKAH GURU

Ya allah.....pangeran abdi sadaya


mung du’a ti bapa kalih ibu
hirup kumbuh di dunya sing rawuh walatra
amin ...ya ..allah ya...roball alahin

anaking murid bapak jeung ibu


katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak

jung nangtung kamanggung


mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung

kiwari nitih wanci nu mustari,


ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ieu sakola

bral, geura miang kasep, geulis

mugi laksana sagala cita-cita…………

Anda mungkin juga menyukai