Anda di halaman 1dari 18

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami
kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti
nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna
sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah
someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis
kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah
kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi
tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti
…………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari
sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju
meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu
aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.


Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana
balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek
naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti ……………………..
dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka
……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.


Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka
parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh
rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu
wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun
selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng………………………………….
Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti
sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya
kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade
diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi
………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu
…………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang
pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes
napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng
………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di ……………………………..
mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng
nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng
pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade
kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe
rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret
bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi
ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung
ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh
tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal
pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum,
butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo
ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng
rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih
piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti …………………………………….
Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum
kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun
sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan
sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.

Bismillaahirahman nirrahiim.
Assalamu'alaikum Wr Wb

Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini
kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah,
wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah.  
Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa
bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.

Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi
santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal.
Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu,
nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna
cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok
pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal
lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek
khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.

Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.


Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar
pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka
dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang,
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka
nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten
Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :

Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna nu
bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen pribumi
kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae
kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.

Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina


silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana
Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae
beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng
kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.

Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........
(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu,
wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga
Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang
putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan
didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah
tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul,
kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten
Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang
putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong
kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas,
laksanana kapiduriat.

Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga,
upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi
"ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun
pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana,
kala’ipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta
pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar
kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah
warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun
ghafur.

Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade
ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul,
sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten
Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan
wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak
ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten
Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah
kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining
kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur,
carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring
wungkul.

Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut
raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina
enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka
alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin
barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun
dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.

Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh

Nyerenkeun/ Nampi Panganten

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN 

Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa salamu


Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama
ba’du 
Hadirin rohimakumulloh 
Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh nu murbeng
alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng
Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng kasadaya umatna nu
tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman. 
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan nyanggakeun
wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup lumur jembar hampura,
bilih kirang tata titi duduga peryoga. 
Hadirin rohimakumulloh 
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya, jauh dijujugjug anggang diteang paripaos
nete akar ngeumbing jangkar, kumarayap dina gawir, leueur-leueur kundang iteuk, poek-poek
dadamaran, seja nyusul tepus bukur catur nu kapungkur, asil sawala ti baheula, badanten anu
ti payun, badami anu kamari, kalayan kasunduk karujuk sesepuh, mupakat kadang warga.
Samiuk sauyunan, saluyu sapagodos yen pun anak anu wastana…………………………
sareng tuang putri anu nami………………….... anu parantos sami-sami pasini ti bihari jinis
sareng jinis dilaksanakeun sangkan ngahiji lalaki rabi. Kumargi kitu danget ieu kasanggakeun
jirim jinisna, anu baris janten papasangan tuang putri. 
Hadirin Anu Mulya 
Nanging Insya Alloh, sim kuring seren-sumeren teh ulang-along marga hina, indit peuting
miang beurang, labuh curug ragrag jurang, katinggang pangpung dihakan maung, baliluna,
wangkelangna, culangungna, nyanggakeun kana atikan urang dieu, ka kotana, ka lautna, ka
gunungna, teu rumaos leungit da sanes bade dipingit. Bilih bade dipiwarang naktak mundak,
nanggung sundung, ngala pangpung ka gunung mangga teh teuing. Geutih na satetes, buukna
salambar, ambekana sadami, ti hareup sakiceup sieup,ti gigir sarincik manik, ti tukang
saringkang wayang, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, ti tengah-tengah
kahandap sajengkal tina bujal, dina waktos ayeuna sim kuring teu ngaraos ngagaduh-gaduh
deui, mangga nyanggakeun, saur paripaos rek dibeureum rek dihideung sanaos rek sina macul
sapeuting teu eureun-eureun oge, mangga teh teuing. Bilih aya batu galieun, cadas tugareun
da linggis mah tos sayogi.  
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Mung Hapunten sim kuring masrahkeun teh saur pari paos: “ Daun jeungjing jeung sandawa,
di gantelan daun cula. Henteu jingjing henteu bawa, datang seja kumawula.” Teu harta teu
harti teu ka bisa, anggeuy-anggeuy mawa seureuh, cunduk ukur mawa curuk, sumping ngan
ngajingjing cinggir, datang ukur mawa tarang, mangkaning curuk na ge curuk bengkung,
cinggir nage cinggir garing, tarang nage tarang lenang, kitu ge pinuh ku kesang, manggul
kulit taktak ngagagandong tulang tonggong, ngagembol nu sok ngompol. Kukituna saur pun
anak salaku calon panganten pameget cumarios ka simkuring: “Sok sanaos jalan rumpil,
regang cucuk saliara, kalandeuh bade ngeureuyeuh, kalamping moal teu sumping, sanaos
kedah di sinjang asal nyampak anu lenjang.” Kahayang mah nurutkeun galur karuhun, mapay
tapak wongatua, mung nyakitu galurna teu katuturkeun, tatana teu kanyatakeun, lintang awi
koneng saleunjeur, dihapit ku muncang kembar nu ngagantung teu di tanggung, nu
ngagawing teu dijingjing. 
Hadirin Anu Mulya 
Etang-etang tilam sono nyanggakeun kagegelan, ka asih sareng ka tineung, panyombo kanu
bahenol, ngupahan kanu lenjang, ngupah-ngapeh nu rancunit. Nanging sih hapunten nu
kasuhun da babantunan oge mung sakadarna, kukintuna ulah ditingal barangna nanging
ditingal tina niatna sumangga nyanggakeun. Salajengna mangga urang sami ngadu’a mugi-
mugi rumah tangga pun anak sing raweuy beuweungeun, rambay alaeun, bari genjah ku
pidu’a ti para sepuhna, tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warohmah,
kalayan kenging rido ti gusti nu maha suci Alloh ilahi robbi. Birahi jadi pamatri, asmara jadi
pangjaga, jadi benteng nu tohaga dina ngawangun rumah tangga, teu ingkar ti mardhotillah.
Amin ya robal alamin....................... 
Hadirin Anu Mulya 
Panungtung catur pamungkas carita, bobo sapanon carang sapakang, paralun ampun nu
kasuhun, jembar hampura anu kateda. 
Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh 

PIDATO NAMPI PANGANTEN 

Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismilahirohmanirohim, alhamdulillahirobil


alamin, asolatu wasalamu ala sayidina muhammadin wa ala alihi wasoh bihi ajmain, Ama
Ba’du. 
Hadirin rohimakumulloh 
Nu utama dina munggaran cumarita lintang ti mangga urang sadaya, Muji syukur kanu
agung, ngadu’a kanu kawasa, anu parantos maparinan kanikmatan sareng kabarokahan ka
urang sadaya, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung, patepang raray, riung
mungpulung silaturahmi dina ieu pajemuhan. Rohmat sareng salam mugi tetep ngalir ka
kanjeng Nabi jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina, ka para
sohabatna, sareng ka umatna nu taat kana ajaranana dugi ka akhir Zaman. 
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Alhamdulillah sim kuring atas nami kulawargi panganten istri ngahaturkeun sewu nuhun
laksa ketikabingahan ku kasumpingannana para sepuh miwah wargi sadayana. Purwana
kalayan di pitembeyan kuhatur pangbagea, jalaran puguh ditunggu-tunggu ti kapungkur,
dianti-anti ti kamari kiwari sumping, hatur nuhun kasadayana. Ngahaja sim kuring ngulem
tatangga nu caraketna nu tarebihna, tinu anggang datang, tinu tebih sumping, tinu jauh rawuh,
mangga bae tingali sanes bae para sepuh nanging bujang-bujang garandang, mojang-mojang
lalenjang, parantos sami hempak merbayaksa. Sim Kuring sapiriumpi estu asa kagunturan
madu ka urugan menyan putih, bingah amarwatasuta bingahna kagiri-giri bingah tanpa wates
wangena, kuningali aleutan nu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang
pinang, saur kidalang mah lir sela sibalakitik, lir sireum bijil tina batu. 
Hadirin Anu Mulya 
Cenah eta nyandak bedog nyandak linggis sareng sagala rupina mani angkaribung, sim
kuring sakulawargi ngahaturkeun nuhun pisan. Nanging sayaktosna mah da sanes barang
jingjing nu di pambrih, da etamah sakadar adat biasa talin paranti bihari, nu penting mah ati
suci anu wening janglar manah ti sadayana. Sawangsulna simkuring nampi teh ukur tiasa
nyalikeun, teu sasayagian naon-naon, henteu pusak-pasak, teu nguah-ngaeh, nu disayagikeun
teh ukur balungbang timur, bulang-baling balungbang bala biwirna. 
Hadirin rohimakumulloh 
Majar teh nyandak bedog sareng linggis, estu kukaleresan pisan. Di dieu mah mung gaduh
pasir nu bulistir, leuweung leutik lebak jero, areuy kembang geusan muntang. Asep bilih
hidep ngarasa hanaang, kapan aya dewegan keur ngaleueut, peueut nu matak kareueut, gula
kawung amis sapasi. Mun engke ngaraos lapar ulah ringrang salempang, margi sangu koneng
geus nalengtong, lalab leunca geus sadia, paisan mangga dibuka, bakakak hayam geus
nembrak. 
Hadirin Anu Mulya 
Sakitu nu kapihatur, bilih ngalantur loba catur tanpa bukur, bilih aya carios kirang patotos,
pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakang, margi tebih tina marganing
utami, tina sagala katunaan miwah kasudaan, pamugi sarebu teu janten bendu kalbu, salaksa
teu rengat manah, wening galih nu dipambrih, paralun ampun anu kasuhun, jembar hampura
anu kateda ti lahir dugi ka batin. 
Dipungkas Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh
Assalamualaikumwr.wb.
Alhamdulillahnahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhu wanaudubilahi min sururi anfusina
wa minsaiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wama yudlilhu fala
hadiyalah.Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah, ashadu anla ilaha ilalloh
waashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahi binimatil iman wal
islam,sodakolohul adzim.

Puji nujadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati, kalayan mung karana kodratmantenna
urang sadaya dina waktos ieu tiasa riung mungpulung paamprok jonghokdina raraga
silaturahmi, anu dipatalikeun sareng acara walimatul urus. Solawatkalih salam mugia
salalamina dikocorgolontorkeun ka Kanjeng Rosululloh MuhammadSAW. Oge ka
parakulawargina, ka parasohabatna, ka tabiin tabiatna tug duga kaumatna muslimin
muslimat. Kalayan pamugi urang sadaya kagolong kana umatnakalayan kenging safaat di
yaumalkiamah. Amin.

Ti payun sim kuringseja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu
parantos maparinlolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga nalikeun tali
kaasihnyangreudkeun tali kadeudeuh antawis wanoja Rancamaya Karangnunggal
sarengjajaka gandang ti teureuh  Cianjur.
Awitanieu pisanggem sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tatamu anusae
semu ka para nonoman anu sae manah ti tatar dayuh Cianjur, utamina kulawargijembar
Bapa Anda Suhanda (suwargi) kalih Ibu Soipah. Kalayan nyanggakeun jagongtuhur beunang
ngunun bagea ka sadaya anu sumping, nyanggakeun tutut gunung kongreuma sumanga sing
raos calik.
Teu hilapsim kuring ngahaturkeun nuhun ka parawargianu moal diwincik hiji-hiji
anuparantos nawiskeun kaasih diri, ka sadaya anu lenggah anu moal ditatan sadaya
anuparantos masrahkeun kaleah manah mapag rombongan anu dianti-anti ti tatadi  diajam ti
anggalna, malah dianti ti kamaridiantos ti bareto.
Parabapa kalih paraibu hormateun sim kuring,
Mangrupi bewara kasadaya anu harempak dina ieu pajemuhan, rehna dina dinten ieu
alhandulilahwasukrulilah, saebul maksad Kulawargi Bapa Undang Hadiat kalih Ibu Karwati
sakalih nuju mendak kabingah. Kabingah anu taya papadana,lir karugrugan madu
karagragan menyan putih. Kabingah anu taya wates wangenna,lir gunung tanpa tutugan
sagara tanpa tepi. Saur Ki Dalang tea mahbingah-bingah amarwata suta bingah ka giri-giri,
rehing nu dianti ti tatadiparantos simping, nu diajam ti angggalna parantoslenggah,
parantos aya di payuneun urang sadaya. Kacipta alum ngungunna,tinangtos kuciwa nu taya
papadana saupami nu dianti teu aya sumping nu diajam taya lenggah. Ieu teh rupina
salasawios kaasih ti Gusti Robul Ijati,welasna Nu Maha Kawasa, Gusti Alloh Azawazala ka
umatna anu kasipatan rohmansinareng rohim.  Mung puji kalih rasasyukur anu tiasa
kasanggakeun ka Mantenna.
                                                                                                                                                6

Lintang  sihapunten anu kasanggakeun rehna dinapanampianana estuning dilalaworakeun


pisan. Calikna dina pangcalikan anu kirang utami, lenggahna dinapanglenggahan anu
kirang sampurna. Boa-boa keuna kana paripaos werit ku budisareng parangi, tebih tina basa
utami anggang tina basa utama. Ku kituna neda agung nya paralun neda jembarhapuntenna.
Sanes teu hoyongngabageakeun kana kasumpingan para tatamu, rupina jalaran heureut ku
pakeunpungsat ku bahan tuna tina subasita, mung sakieu nya kamampuhan. Mugia
parabapaparaibu pinisepuh sadaya nawakup tina sanes kanten katuta sareng kakirang.
Mugia henteu ngirangan rasa hormat.
Parawargi nu sami-samirawuh hormateun sim kuring,
Tadi parantos kakupingkasauran ti wawakil rombongan Calon Panganten Pameget.
Anjeunna parantosmasrahkeun calonpanganten pameget wastana Dasep Kurniawan awakna
sakujur.  Sanggem paripaosnati luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Rambutna
salambar, getihnasatetes, ambekanana sadami. Kabodoanana, kaireungtalingeuhana,
katinggangpangpung diudag maung sanggem paripaosna, parantos disanggakeun,
kanggodidahupkeun sareng pun anak di dieu wastana Dedeh Krismayanti.
Sateuacanna sim kuringnampi, aya anu peryogi kauninga hususna ku Cep Dasep Kuniawan
kalih Ibuna nyakitu deui wargi-wargina. Rehna Pun anak Dedeh Krismayanti teh upami
disebatkeun atah tea mah masih keneh atah. Atah kupangwarah tebih ku pangatik, masih
keneh meryogikeun pangaping, pangjaring,kalih pangjurung ti nu janten sepuh pibekeleun
lakirabi malah mandar tiasangawangun rumah tangga anu runtut raut repeh rapih, bari
luhur kuta gede dunya.
Kalihna ti eta, tadikakuping yen Cep Dasep dongkapna ka dieuna teh henteu jingjing henteu
bawa.Hente pasar-henteu peser-henteu pasir, henteu kapal-henteukeupeul,  estuning indit
ngan ngaligincing datang ngan ngalongkewang. Sanggemparipaosna cunduk ngan ukur
mawa curuk datang ngan ukur mawa tarang, curukbuntung tarang ge pinuh ku kesang. Cep
Dasep nu kasep,  teu sawios-wios dadi dieu oge teu disampakkeun nanaon. Mung
disampakkeun Neng Dedeh anu gaduh raheut ti kapungkur. Raheut sanes  saraheut-
raheutna, legok sanessalegok-legokna. Estuna raheut asli ti ajali, raheut bawana ti kudrat,
pikeunneundeun kadeudeuh, nembrakkeun rasa kanyaah dina mangsa rumah tangga
Parawargi,cacandakan mah teu patos diantos-antos, nu utamina mah Kang Dasepna.
Sanessareng cacandakanana tapi sareng nu dicacandakanana, nya eta talutug nahun, nahun
namungna weuteuhan mulushenteu karahaan keur ngaseukan pawinihan. Neng Dedeh teu
patos nganticacandakan, nu dianti ku pun anak teh nya eta Kang Dasep  sareng nu
dicacandakna, nu ngaringkuk saprtoskuuk, nu ngarengkol sapertos kohkol sok sanaos
sakapeung mah sok ngompaol,najan sakapeung mah mun katiisan sok hipu alahbatan tahu,
upama kahaneutan mahsok ngabata sapertos batu najan sakapeung mah cenah  sok bitu.
Parawargi, anu majarteu jingjing teu bawa teh geuning teu burung rebo, katingal ngaleut
ngeungkeuyngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, ngaleut bari tatanggeuyan,
ngembatbari cacandakan, ngalabring teh bari ngajaringjing.  Saleresna mah pribumi di dieu
henteu owelannganti-nganti kikiriman. Sanggem sisindiran tea mah kulit awi
sesebitanngantian soteh jinisna mung sarupi Cep Dasep ulah deuk lemor senjata, nu
gaduhpamor nu nunggal panuhun henteu kakantun.
7
Kantenan ieu Cep Dasep sumpingna  disarengan ku cacandakanana. Ngahaturkeunnuhun
kana kasaeanana. Pamugi cacandakan nu mangrupi tawis  kaasih tilam katresna, kanyaah ti
nu janten sepuhna sing janten jimat dinangawangun rumah tanggana.
Parabapa kalih paraibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur kucatur, mencar ku carita, sim kuring bade ngadugikeun galeuhna ieu
pisanggem.
Sim kuring ngabantunasmana Kulawargi Bapa Undang Hadiat diwuwuh ku para sepuh,
disakseni kukadangwargi, kalayan dikawitan ku aosan Bismilahhirohmani rohimi, sanes
kanten anu parantos disaurkeun kalayan dipasrahkeunku wawakil ti rombongan Calon
Panganten Pameget  tadi DITAMPI,ditampi ku hasta kalih disuhun dina embun-embunan,
disangga kalingga murdadisarengan ku ati anu wening manah anu setra.
Pamugi Neng Dedeh  sareng Cep Dasep  tiasa kauntun tipungkatambang beas laksana
kapiduriat, dikobul ka bale nyungcung. Atuhcacandakanana sing janten jimat maranehna
dina mungkas mangsa lalagasan. InsyaAlloh moal lami deui baris ngajatukrami.
Salajengna, dina raragangawangun rumah tangga pamugi Neng Dedeh sareng Cep Dasep
tiasa ngawangun rumahtangga anu sakinah mawadah wa rohmah, tiasa hirup sauyunan,
sareundeuk saigel,saketek sapihanan, sabata sarimbagan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi
salebak,runtut raut sapapait samamanis sabagja sacilaka, jatnika lahir jeung batin.
Aya amanat ti nu jantensepuhna, hususna ka Neng Dedeh oge ka calon baturhirupna, mugia
salawasna nyangking lalayang panca gapura waluya. Lalayang tehjimat. Pancahartosna
lima, gapura hartosna lawang atawa jalan, waluya teh salamet. Nyangking limajimat pikeun
muru jalan kana kasalametan. Nya eta cageur, bageur, bener,pinter, jeung singer. Ngan
kahade ulah kabalinger.
Bilih ieu pisanggemjanten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieu
pisanggem.
Sateuacanna mungkur,sim kuring neda sihapunten bilih aya catur anu teu kaukur, bilih aya
basa anuteu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup undak-usukna
teuningang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya haksami.
Panitih matana opat, nuhiji matana inten, boh bilih aya nu lepat, mugi kersa ngahapunten.
Urang teundeun dihandeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, pikeun cokoteun
sampeureun namangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun katineung, na hanjuang
nundakamlang, cag ah..
Tutus langkung kepanghalang, bobo sapanon carang sapakan. Bilahi taufik wal
hidayah.Wassalamualaikum wr.wb.
Pidato Nyerenkeun Panganten Pameget

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta’iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii
ajma-‘iin.

Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami
kulawargi bapa .. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung,
ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring
parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah
someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis
kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati,
matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah
nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim
antawis kulawargi ti . Sareng kulawargi ti .., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan
seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku
murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina
tata titi duduga peryogana.

Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah,
kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.

Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak
mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok
magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa
piraku ti .. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ..
upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.

Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun


silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal
sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun . Anu
wastana kadeudeuh bapa . Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami
pakait ati pacantel hate sareng neng. Putri ka asih bapa . Miwah ibu.

Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara
jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan
parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping .. Insya Allah sejana bade
diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi seja
nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu . Ka pangersa bapa .. sakulawargi, saur tukang pantun
te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes
napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng .

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di .. mugi sing
sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun
kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.

Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman
sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi
nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu
nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul
bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.

Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa
mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-
hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna
mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti kanggo neng , mugi ulah ditainggal pangaosna anu
estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh
pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo
ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat
sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara,
atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim
kuring.

Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti . Nyanggakeun sewu
bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang
merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim
kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi
kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.

Po Ahad kamari, tanggal 13 Juli 2008, kabeneran kuring kudu nedunan ondangan kawinan
blasteran Sunda-Padang nu ngadahup ka urang Lampung. Dina pasamoan euwueh acara adat
tradisional. Wirahma nu mirig pasamoan g musik barat lain musik tradisional Sunda atawa
Padang atawa Lampung. Anu katmbong nuansa tnikna th ngan dina pakan pangantn jeung
kolotna hungkul nyata pakan tradisional Lampung. Kuring jadi sono hayang nyaksian
upacara adat Sunda dina kawinan. Kasona rada kaubaran lantaran minggu kamari kuring kark
meuli buku Panggelar Sastra karya bapa Drs. Ahmad Hadi, terbitan Pamulang Tangerang,
taun 2004, dimana di jerona aya conto biantara seserahan dina adat Sunda.

Kieu conto biantara masrahkeun calon pangantn lalaki th:


Assalamu alaikum wr. wb.

Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi


anfusina wa min sayyiati amalina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala
hadiyalah.

Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa


rosuluhu, la nabiya badah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita,
urang sanggakeun ka Pangran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu
Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh
SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu
pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat
muslim. Atuh kalihna ti ta, urang ngariung th seja nyaksni kalayan ngadorong ku dua kana
naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa


nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun og ka
kulawargina, ka para sohabatna, ka tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu
tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat di yaumil ahir.
Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun ngahaturkeun rwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka
sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.

Hatur swu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu
parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu
kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu
tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu
Maha Suci, pamugi rupining kasaan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal solh
anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang
sadaya, wirhna pun anak Cp Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku
wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidua, kantenan sans lantung tambuh laku sans lntang
tanpa bja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wirhna
kapungkur sabadana pun anak, Cp Tata, patepang anu munggaran sareng Nng Titi, rupina
ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Nng Titi apan sakitu sieupna. Saur juru
pantun mah geulisna bawa ngajadi ndahna bawa ti kudrat. Dedeg samp rupa had. Gadona
endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja
mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cp Tata
teras kagmbang kapngpongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik nak, itu purun
ieu dak, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.
Dina danget ieu, Cp Tata th rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong
mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rk muru ka bal nyungcung,
manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.

Dina ieu kasempetan, kalayan kasaksni ku wargi-wargi, og diwuwuh ku para sepuh, sim
kuring seja nyanggakeun pun anak, Cp Tata, ka ramana Nng Titi, pangersana Bapa Sastra
Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu.

Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Nng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu
salaku sepuhna nyanggakeun Cp Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti
tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satts, ambekanana sadami.
Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu
sawaktos-waktos sok jiga surutu.

Kalihna ti ta, Cp Tata dongkapna ka dieu th stuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung
ieu w saurna nu dibantun th mung sarupi, nyata nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot
kawas marmot, nu ngarngkol osok ngompol.

Numawi Cp Tata teras ngarka sisindiran:

Karta nyorang tanjakan

jalanna maju ka kidul.

(Wios) Cp Tata teu cacandakan,

asal tana bedegul.

Saur Cp Tata, ta nu bedegul lir doran pacul th tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak,
nanging stu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipak pamikul bengkung, dianggo pangrt
bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun w ka dieu. Manawi di dieu mah
tiasa dimangpaatkeun ku Nng Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi
pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.

Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Nng Titi, wirhna Cp
Tata th mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah stuning
sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sans rigig santri, dirrt tina
lggna sans lgg Bapa Leb, masih knh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna,
malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang
sadaya.

Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat th katingalna mah
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut th
henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat th teu rbo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil
ku jingjingan. stuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. ta cenah aya
nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapsr duka kan
sacewir. ta mah haturan wa kanggo Nng Titi, tamba isin ngaligincing.
Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cp Tata sareng Nng Titi, hidep duaan th mangrupi
sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bbr layar tarik jangkar,
ngarancana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rk muru ka bal nyungcung. Mugi-mugi
pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang
paneka rumah tangga.

Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu
ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngarndkh kawas srh. Sing ayem
tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot
sapihanan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing
getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih
mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacngkadan. Sing jauh tina salingkuh,
guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring
urang cekapkeun sakitu wa. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih
langkung saur bah cark. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti
padsaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabntar taar, kababuk
punduk kapangkk klk, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu
kasuhun.

Pamungkas pisanggem, hatur swu nuhun kana sanskawis perhatosanana.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr. wb

Pidato Seren Sumeren

BABASAN PAMASRAHAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET.


Ass. Wr. wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu,
banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh
leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu
ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-
qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu
maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka
iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.
Sholawat salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka
gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina,
miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang
sadayana. Amiin.  
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-mukaromah,
biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu sa’at, lambe sambung lemek, ilat sambung
talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-
mukaromah Bapa ………………….. kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah, ka kasih
ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan, bilih
rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana neda tawakuf
sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan pamugi
Alloh SWT ngersakeun maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal ‘alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu keur
mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran, sumiriwik
nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka lebet kebon patamanan kagungan bapa………
didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak nantang seuseup, atuh
waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan,
kapentang mamaras rasa. Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu
turun keusik naek kalapa tonggoheunnana, Jang ……..  daek, Nenk ………… daek, sami
sami pada bogoheunnana, saumpami heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening
taman teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu pamugi widi,
seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat kasucian ati, tempat
sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan
sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu bagja tansah
kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun
anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang, balebat
mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang mangsa nu
utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh,
pakait patali asih, antawis Jang ……. Ka Neng …… pinasti rintih ngahiji, subaya nu bakal
nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Bapa …… nyaeta sepuh calon bakal panganten
pameugeut, neda panyaksen ti sadayana kalayan ucapan
BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang ………. Ka pangersa bapa kalih  ibu
……… kanggo di dahupkeun ka tuang putrid anu wastana Neng ………
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah nyanggakeun teh mung
nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir
sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar, getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna
sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea mah:
Ditekuk maung,
Katinggang pangpung,
Ilang alang marga hina,
Sumangga seja nyanggakeun….
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat
nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi aya anu
dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka tuang putrid didieu,
pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja I’tidar sanduk-=sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum nu
maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya basa kirang
merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal
panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur pangapunten, neda
jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna mangga sapurati
ngahatutkeun.
 Wass. Wr. Wb.
BABASAN PANAMPIAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET TI PIHAK BAKAL
PANGANTEN ISTRI.
Ass. Wr. Wb
Ku aosan bismillah alhamdu;lillah nyanggakeun pujian ka dzat anu maha heman, anu
parantos ngelelerkeun kani’matan nu ageungna nu alitna dipasihkeun ka urang sadayana,
terutamina ni’mat Iman sareng Islam.
Ku aosan syahadataen urang be’at, ti dunya parat nepi ka akherat, sahingga Iman urang jadi
kuat, siga batu karang dilautan, najan angin topan reujeung ombak ngamuk, ngabenturan batu
karang, pikeun muslim mah teu aya deui rumus iwal ti nyodorkeun awak na!
Sholawat miwah kawilujeungan, pamugi salamina dilelerkeun ka panutan alam habibana wa
nabiyana Muhammad SAW. Ka kulawargina miwah sahabatna, sareng ka jalmi anu tumut ka
mantena kalebet urang sadayana.
Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para tatamu uleman sadayana,
utamina calon besan, pangersa al-mukarom al-mukaromah bapa kalih ibu sepuhna bakal
pameget, teu kakantun sesepuh rombongan, miwah sadayana rombongan rohimakumulloh.
Nuhun sarebu kali nuhun, gerah salaksa kabingah, sarehna sim abdi kalawan asmana
pangersa bapa ……… sakalih, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingannana. Jazaakumulloh
bi ahsanil jazaa.
Kalih perkawis sim abdi teh upami sanggem paripaos tea mah, lambe sambung lemek, ilat
sambung talatah, sampean sambung lengkah, saat ieu kenging ka percanteunan ti pangersa
Al-mukarom al-mukaromah Bapa …………………..sepuhna calon panganten istri, kanggo
ngadugikeun 1. Kasadayana anu sumping, ngahaturkeun sewu panuhun, sarehna ku rawuhna
sadayana, mangrupikeun kahurmatan anu utami, sim abdi kalan asmana bapa ……… estu
janteun kasugema’an manah, natak teleb kana lelembutan, katampi ku astakalih kasangga ka
hingga murda, pamugi ginanjar lebeting nugraha tinu maha kawasa.
2. penghormatan anu kasanggakeun, ku pangangkeun sareng ku pitempatan, kieu buktosna
anu tiasa kahaturkeun, kantenan ku tuangen sareng ku leu’euteun moal tiasa nyugemakeun,
sadayana ieu taya maksad ngalungsurkeun martabat sareng kahurmatan, rupina saat ieu mung
sakieu kakiatan tinu maha suci anu katampiku kulawargi sim abdi.
3. silatuahmi ti sadayana kalintang pisan ditampina, pamugi janteun tatali asih, nga eratkeun
tali mimitra’an ka insanan, lungsurna utami ka islaman, sadayana kengig faedah
silaturrohmu. Amiin!!!.
4. kasadayana bae utami ka bakal besan sumeja unjuk kapihatur sarehna dirorompok teh
gaduh mojang anu nuju mangkak nangtang seuseup, lir ibarat kembang campaka nu nembe
linggar, ma’lum nu tos janteun bakat, endah bawana ngajadi, sumawur wangining arum,
arum-arum sekar wangi, wangi nu katebak angin, ka angseu ku hiji jajaka, jajaka nu keur
mejehna remaja putra, kumalayang gumeleber, mapai-mapai laratan qodar pangeran,
sumiriwik taqdir, ti ajali, siga nu milari tempat nyeuseup.
Salajeungna pun anak, ma’lum kiat ku kahoyong, mana leweh kalah waleh, wawartos ka sim
abdi hoyong pangmilarikeun pang mapagkeun, kana kituna ma’lum “batu turun keusik naek,
kalapa tonggoheunnana, Neng …….. purun, Jang ……… sami purun, tegesna pada
bogoheunnana.hoyong kauntun tipung, katambang beas kapalupuh nangtung kapiduriat
laksana sapaneja.
Alhamdulillah ngalangkungan pamasrahan ti asmana kasepuhan bakal besan ka kuping ku
sim abdi, teleb kana lelembutan, estu janten kasugemaan, ditampi ku asta kalih kasangga ka
lingga murda.
Beu ujang anaking di tampi ku apa, ku amah miwah sadaya kulawargi ditampi, tiluhur sausap
ketu, tihandap sahibas sapatu, tigigir sabudeur baju, hideup jadi putra bapa anu anyar, moal di
benteun-benteun, prak geura niatan rumah tangga teh  seja ‘ibadah ka Alloh, demi
ngalaksanakeun parentah Alloh, seja milari ridhona alloh, sabab ieu kajadian the Ta’tsir
Qudrot Irodat Alloh.
Insya alloh saumpamina hideup kitu paniatan moal sa’at ku ganjaran, moal leungit kasonoan,
rumah tangga bakal harmonis, pinuh ku katentreman, moal bakal “habis manis sepah
dibuang”, tapi bakal “ habis manis sepah kepah”, keur meuhneur ‘ibadah ku neuhneurna, tos
peot ‘ibadah ku peotna, salamina moal leungiteun lapangan ‘ibadah.
Cenah eta panganten heunteu barang candak  barina oge hawatos teuing panganten barang
candak mah, nu peryogina mah barang anu kacandak bae, pesenan kanggo pun anak, duka
naon jenenganna mah, parioskeun bae engke ku Neng ……. Kanu nyandakna.
Pamungkaas caarios, kana sagala pamasrahan abdi kalawan asmana sepuh bakal panganten
istri, nampi kalayan ku kabingahan, bakal panganten pamegeet bade enggal di istrenan,
mangga sakseni ku sadayana, sodaqohna oge ditampi.
Kana kakirangan sareng kalangkungan dina panampianna, reka basa anu kirang mernah,
ngukir catur nu teu ka ukur, matak ngagaris kana ati, matak rengat kana manah, neda tawakuf
sareng hapunteuna, mugia sadayana kersa ngamparkeun lautan pangaksami, kana
perhatosannana ngadugikeun: jazaakumulloha biahsanil jaza.
Wass. Wr. Wb.

Seren Sumeren Ti Kulawarga Panganten Pameget

Méi 28, 2012 1 Pairan

Para alim ulama, para kasepuhan, para pajabat, aparat pamaréntahan di ieu wewengkon,
dulur-dulur, sobat-sobat, bapa ibu sadaya, wargi-wargi anu sami hadir.

Assalämu ‘alaikum war. wab.

Innal hamdan lilläh, nahmaduhü wa nasta’ïnuhü, wa nastaghfiruh, wa na’udzubillähi min


syurüri anfusinä wa sayyiati a’mälinä man yahdillähu falä mudlilla lahu wa man yudllil falä
hädiya lahu. Asyhadu an lä Iläha illalläh wa asyhadu anna Muhammadan ‘abduhü wa
rosüluh. Allähumma sholli ‘alä sayyidinä wa maulänä Muhammadin SAW, wa ‘alä älihi wa
ashhäbihit toyyibïnat töhirïn, alladzïna yujähidüna fï sabïlilläh wa man tabi’a lahum bi
ihsänin ilä yaumil qiyämah.

Allähumma ya Alläh, ij’alnä min ‘ibadikal muttaqïn, wa ahli tho’atikal muhibbïn, wa ij’alnä
minal ahyä-i marzükïn, ma’al ladzïna an’amta ‘alaihim minan nabiyyïna wash shiddïqïna wa
syuhadä-i wash shölihin wa ‘alainä ma’ahum birohmatika yä Arhamar Röhimïn. Amin yä
Robbal ‘Älamïn.

Ammä ba’du fa aqülu wa billähit taufiq.

Puji kalih syukur mangga urang sanggakeun ka hadirot Ilahi Robbi anu parantos ngersakeun
dina danget ieu, kalawan qada sinareng qadar-Na, urang sadaya tiasa ngariung mungpulung
patepung lawung, paamprok jonghok di ieu majlis. Mudah-mudahan sadayana kenging
kaberkahan ti Allah SWT. Amin.

Ngawitan acara dilantunkeun ayat suci al-Quran, mudah-mudahan Nurul Quran, cahaya
Quran, husus sing nyinaran ieu sohibul maqasid, oge nyaangkeun kana manah urang sadaya
anu sami hadir, anu sami ngiring bingah.
Salajengna, sim kuring atas nami pun lanceuk Pa XXX sinareng garwana Amah YYY,
nganénéhan pun lanceuk tapi nyebat apa sareng amah teh ngarah kabula kabalé wéh ieu mah.
Nu janten lalakon – nu badé diobrolkeun – jang ZZZ, éta téh pun anak ceuk angkenan jinisna,
kitu deui sim kuring ngangken anjeuna. Nanging sepuhna jang ZZZ dinénéhan Apa sareng
Amah, duméh urang lembur nyarebatna kitu, atuh sim kuring ge anu dina raraosan mah masih
ABG, tambih deui balad-balad teh mojang sareng jajaka seuseueurna – sanes dina fesbuk,
nanging kanyataanana, nya sim kuring nganggap sepuh ka ibu ramana jang ZZZ. Pancakaki
ieu mah.

Tinu panca kaki, kawitna mah nu badé dicarioskeun ngawakilan Apa sareng Amah teh
dijudulan panca Silah, mung tadi aya nu ngaharéwos “Kahadé ulah panjang teuing, singkat
padat sajah, apanan urang teh indit ba’da subuh qobla seubeuh”, cenah. Saking ku sumanget
hoyong nedunan panggupay nu jadi dulur, jadi tatangga, jadi balad sagulung sagalang, rebun-
rebun kénéh tos karempel di pakarangan Apa, anu ukur sagewok.

Nya urang ringkes wéh janten Tri Silah, da pami janten Ëka Silah bilih kalah manjangan
cariosan alatan sieun pondok teuing, malah mandar ngacacang sabulang bentor.

Silah nu kahiji, Silaturahim. Sim kuring sarombongan ti Lembur SSS anu dibobotohan ku
urang TTT, seja silaturahim sareng dulur-dulur salembur, ikhwan-ikhwan sa-Sumedang nu
aya di ieu wewengkon. Apanan silaturahim téh nyambungkeun duduluran anu pinuh ku rasa
welas asih. Komo deui dina al-Quran tos jelas “wa yaqtho’üna mä amarallähu an yüshola” eta
teh al-fasiqun.

Di antawis rombongan sim kuring anu hadir aya hiji jajaka wastana ZZZ bin Bapa XXX.
Anjeuna sok chating – ceuk basa barudak mah, chating sareng wanoja di ieu wewengkon anu
wastana UUU binti Bapa VVV. Langkung ti eta, sanes sakali dua kali ieu jajaka, paribasa
mun nyandak motor sanés jam kantor téh nyebatna badé ka gang LLL, upami sanés aya nu
miwarang mah.

Dina emutan kulawarga Apa, mun kitu urang nyempetkeun waktos ngarah sapagodos,
nangtoskeun bentuk silih wasiatan di antawis dua kulawarga jang ZZZ sareng Néng VVV,
bilih janten jalmi anu rugi. Komo deui upami urang henteu nganiatan silih wasiatan anu tos
diparéntahkeun ku Allah SWT, malah urang dicap jalmi fasék.

Tah kitu silah anu kahiji. Tambih deui, apanan dina riwayat muslim parantos jelas “sing saha
anu hoyong dijembarkeun rizki, mangka urang kedah keresa silaturahim”. Apanan ayeuna ge
katingali, nembé niat ti rorompok bade silaturahim, karaos tos dibagjakeun ku pribumi.

Atuh silah anu kadua, nyaéta Silatul wa’di. Sim kuring sarombongan seja nyambungkeun
janji pasini jang ZZZ sareng néng VVV, da sanaos nyarios I LOVE YOU FULL, hanya
hampa belaka, dan semakin hampa. Langkung ti éta, ti payun sim kuring sareng Apa kantos
ogé mageuhan janji pasini aranjeuna ngalangkungan riungan sareng pihak kulawargi néng
VVV. Intina, DI ANTARA RUMAH INI ADA CERITA, PINTU JENDELA SELALU
INGIN BICARA. Ayeuna pisan sim kuring, salaku wawakil Apa sareng Amah hoyong silatul
wa’di, nyambungkeun janji pasini barudak sareng kasaluyuan urang salaku sepuhna nu
kantos dipaheutkeun tipayun, malah mandar ngadatangkeun rasa reugreug tur janten kasaean
mungguh Allah SWT.
Sim kuring yakin, dua jiwa jang ZZZ sareng néng VVV, ti saprak aya riungan dua
kulawargana, dina ati sanubarina nyelap kalimat TAK DAPAT KUBAYANGKAN
BAHAGIA MERAJUT KEMESRAAN YANG TERTUNDA. Urang tikahkeun wéh éta
duanana ayeuna.  Urang doakeun sangkan saparantosna ditikahkeun sing janten kulawarga
tengtrem tur merenah kalawan nyandang prédikat kulawarga anu sakinah mawaddah
warohmah.

Silah anu katilu, silatun-nafsi. Sakumaha silah nu kadua, nya sim kuring sarombongan kadieu
seja nyambungkeun diri sagemblengna jang ZZZ sareng neng VVV dina ikatan pertikahan
anu saluyu sareng syari’ah agama. Apanan upami tos aya iketan anu suci mah, mïtsaqon
gholïdlo, sanés wungkul paantel kulit janten halal, langkung ti éta ogé anu ngabalukarkeun
gundal-géndol, tangtuna moal disebat céndol teu dikalapaan.

Mangga nyanggakeun jang ZZZ sautuhna, ti luhur nu dipapaésan ku ketu dugi ka handapna
nu dipapaésan ku sapatu, lengkep sareng nu tengahna nu jiga mutu. Nyanggakeun kalawan
kaikhlasan sadayana kanggo ditikahkeun ku walina.

Kasaéanana mugi janten papaés rumah tanggana, kakirangan sareng kabodoanana mugi
dimaklum, malah mandar digentos ku Allah SWT ku kabagjaan tur kasalametan dunya rawuh
ahérat, bari ngagarémbol amal soléh saseueur-seueurna.

Mung hapunten, ieu téh henteu jingjing bawa, kajabi saaya-aya sakaduga. Mugi katampi
kalawan henteu nguciwakeun.

Sakitu pamaksadan ti sadayana kalawan sim kuring salaku wawakil, ngahaturkeun rébu
nuhun laksa ketikabingahan, bingah nu taya hinggana. Mugi kasaéan kulawarga rawuh anu
sami hadir ti pihak néng VVV diwales ku Allah SWT ku kasaéan anu langkung.

Sakali deui, hapunten anu kasuhun, bilih aya ucap nu teu merenah kana manah, aya lampah
anu pasalia sareng adat atanapi tata krama.

Sakali deui hatur nuhun, hatur nuhun, hatur nuhun.

Mugia ieu riungan sing ageung hikmah tur barokahna.

Wallähul Muwaffiq ilä aqwamith thorïq.

Wassalämu ‘alaikum war. wab

Anda mungkin juga menyukai