Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun
di handap-handap estu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi janten
kamangpaatanana ka barudak miwah urang sadaya anu janten sepuhna.
Sawangsulna, mugi ageung sih hapunten dina sagala kakirangan miwah kajanggalan dina
ieu panampian ka nu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana matak
ngajaheutkeun mamanahan. Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan
tebih tina kautamian, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanes pisan
kirang upami, nanging kumaha mung sakieu nya kaayaaan.
Pungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi barudak anu bade jatukrami miwah
pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah anu sipat rahman rahim, sarta
kenging sapaat ti kangjeng Nabi Muhammad s.a.w., lulus mulus lunglur-langsar beres-
roes laksana tanpa kuciwa.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan
seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku
murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana,
utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah,
kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.
Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di
…………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda
mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun
dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang
pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang
keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu
nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah
diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa
mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-
hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari
maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo
neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira,
nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun
batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo
ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar
rahmat sareng rido Allah Swt.
Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara,
atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim
kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti
……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi
sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang
taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi
agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan
Diteraskeun ku acara:
a. Silih tepangkeun kulawedet ti calon panganten istri sareng calon panganten Pameget.
b. Gunem Catur (ramah-tamah)
I. BUBUKA
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii
ajma-'iin.
Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu …………………………….
Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten
sepuhna calon panganten Pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut
gunung keong reuma sumangga geura gek calik.
Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir. Dinten ieu ping
……………………………., mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo
kulawargi bapak/ibu ………….. miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh
urang oge anu ayeuna sami-sami riung mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun
prasetya kawening ati geusan rumojong ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan
anu parantos disimpay ti anggalna ku dua kulawargi.
Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti
………………….. ka ………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun
pon kitu deui pribumi parantos ngarampeskeun, nanging supados kahartos naon rupi
pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh rombongan calon panganten pameget
dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.
Panata Acara :
Hadirin nu ginuluran kabagjaan
Parantos eces tembres atra maksadna naon rupi anu parantos dikedalkeun ku sesepuh
rombongan calon panganten Pameget. Upami kapungkur mah ieu pamkasadan the mung
saukur kauningan ku sakulawargieun, nanging ayeuna mah urang oge parantos sami-sami
nyakseni, uningan kana jujutan pasimpayna dua pamaksadan anu parantos disaluyuan ku
kulawargi ibu/bapa ………. Sareng kulawargi ibu/bapa …………
Salajengna sumangga dihaturanan sesepuh ti calon panganten istri kanggo ngadugikeun
kedaling panampian minangka pangwaler kasauran sesepuh calon panganten Pameget
tadi.
Ka bapa ………………… dihaturanan kanggo biantara nyuluran ibu/bapa
………………………….
Panata Acara
Kedaling pamaksadan ti tatamu sareng kedaling panampian ti pribumi, parantos luyu tur
adumanis, nyekrup taya nyoledatna. Dua pihakanana parantos maphum sareng surti yen
wanci nu dipasinikeun, pamaksadan nu diraransang kiwari parantos ninggang ka nyata.
Papasrahan nu maning kana panampi, sumangga urang janggelekeun dina wangunan
siloka ditampina cacandakan ti calon panganten pameget. Pon kitu deui calon panganten
pameget, linggihna mugi ngalih ka tempat pihak calon panganten istri…..
Sumangga calon panganten pameget ngalih tempat.
Salajengna, Ibu …….. dihaturanan maparinkeun salah sawios barang cacandakanana ka
ibu ………………………
Cacandakan anu sanesna, disanggakeun ku anu sanesna tatalepa bae atanapi siring.
IV. NGADU'A
V. PAMUNGKAS
SABADA URANG SAMI-SAMI NGADU'A KA Allah Swt acara resmi seren-sumeren ieu
parantos lekasan. Ku kituna sim kuring salaku Panata Acara neda tawakup anu kasuhun
tina sagala rupi kakiranganana.
Wassalamu'alaikum wr. Wb.