Anda di halaman 1dari 1

hi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi

ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.


Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu
kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan
ginanjar karahayuan.
Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan
asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring
saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru
rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana.
Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak
wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda
dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir
jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti kitu cenah,
parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale nyungcung.
Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng
gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun
abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung,
cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati
geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa
nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah puguh gigirangannana. Mun kitu
titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh
badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun
kalayan kasobaran. Percanten ka ki besan nu landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur
liat tali.

Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh
datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol,
mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja
perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan.
Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung
larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh,
sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk
euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang
putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba
pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi,
paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang
ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar
sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna,
geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang
punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang.
Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna
satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-rag di
jungkrang, dengdek mahekun condong namp[lokekeun nyanggakeun ka ki besan nu
wijaksana.
Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi,
nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai