Anda di halaman 1dari 2

Ass. Wr.

Wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru
sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sumah, anu pasolengkrah nyaruntah
dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur, anu ngagojod
dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna
ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-quran jeung sunnah Rosululloh
SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang
subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang
udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng
manteng
moal
rek
monteng,
najan
loba
nu
muntangan.
Sholawat salam teh hiji doa, nu nandakeun kadeudeuh sareng
kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana
wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para
shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet
urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom
al-mukaromah, biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya
kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu saat, lambe sambung
lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka
percanteunan ti pangersa Keluarga Ibu .......................................... kanggo
ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining
kabingahan manah, ka kasih ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining
kalepatan, bilih rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng
peryogana, kasadayana neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa
nampina, kalayan pamugi Alloh SWT ngersakeun maparin paedah
silaturrahmina. Amiin ya robbal alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh,
gaduh putra anu keur mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapaimapai raratan qodar pangeran, sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun
lolongok ka lebet kebon patamanan kagungan bapa......................
didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak
nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun
anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan, kapentang mamaras rasa.
Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun
keusik naek kalapa tonggoheunnana, Jang Rizan Sandiwibawa daek,
Nenk .............. daek, sami sami pada bogoheunnana, saumpami

heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening taman teh di pageur


ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa
kalih ibu pamugi widi, seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa,
buah ati, tempat kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di
damel batur hirup Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan sagara
rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu bagja
tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin,
rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu
bakal mindang, balebat mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih
wanci nu mustar, ninggang mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang
tanjung nu gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali
asih, antawis Jang Rizal Sandiwibawa Ka Neng ................... pinasti
rintih ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga
urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Ibu ......................... nyaeta
sepuh calon bakal panganten pameugeut, neda panyaksen ti sadayana
kalayan ucapan BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang Rizal Sandiwibawa
Ka pangersa bapa kalih ibu .............. kanggo di dahupkeun ka
tuang putri anu wastana Neng ...................
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah
nyanggakeun teh mung nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur
sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit,
rambutna salambar, getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna sadada,
kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea mah:
Ditekuk maung, Katinggang pangpung, Ilang alang marga
Sumangga seja nyanggakeun Jang Rizal Sandiwibawa

hina,

Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun,


keupat kapitkeupat nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal
keupeul, atuh eta mah manawi aya anu dijinjing anu di tangeuy, etangetang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka tuang putrid didieu, pamugi
katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja Itidar sanduk-sanduk papalaku, bilih bae aya
sanggeum nu maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung
sahur bahe carek, aya basa kirang merenah, aya kecap kalepasan,
pamugi bae sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal panganten istri
miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur pangapunten, neda
jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna
mangga sapurati ngahatutkeun.
Wass. Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai