Anda di halaman 1dari 3

BABASAN PAMASRAHAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET.

Ass. Wr. wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung
ujub jeung takabur, anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati,
geusan nampa jorelatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal
arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek
monteng, najan loba nu muntangan.
Sholawat salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam,
kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma
anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-mukaromah, biyang sareng ramana
bakal panganten istri, kalih sadaya kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu sa’at, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung
lengkah, kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa ………………….. kanggo
ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah, ka kasih ati miwah ka kulawargi
bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan, bilih rombongan anu sumping,
kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan pamugi Alloh SWT ngersakeun
maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal ‘alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu keur mangsana remaja,
gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran, sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka
lebet kebon patamanan kagungan bapa……… didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak
nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan,
kapentang mamaras rasa. Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun keusik naek kalapa
tonggoheunnana, Jang …….. daek, Nenk ………… daek, sami sami pada bogoheunnana, saumpami heunteu
kawidian kunu kagungan taman, da gening taman teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu pamugi widi, seja di anggo aleman
sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup
Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu
bagja tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang, balebat mangsana miyang,
cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu
gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih, antawis Jang ……. Ka Neng …… pinasti rintih
ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Bapa …… nyaeta sepuh calon bakal panganten pameugeut, neda panyaksen ti
sadayana kalayan ucapan BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang ………. Ka pangersa bapa kalih ibu ……… kanggo di
dahupkeun ka tuang putri anu wastana Neng ………
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah nyanggakeun teh mung nyanggakeun wungkul
awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar,
getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea
mah:
Ditekuk maung,
Katinggang pangpung,
Ilang alang marga hina,
Sumangga seja nyanggakeun….
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat nampah teh saleresna, teu
janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi aya anu dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh
bae ti pun anak ka tuang putrid didieu, pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja I’tidar sanduk-=sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum nu maduuk kana kalbu,
ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya basa kirang merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae
sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur
pangapunten, neda jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna mangga sapurati
ngahatutkeun.
Wass. Wr. Wb.

BABASAN PANAMPIAN BAKAL PANGANTEN PAMEGET TI PIHAK BAKAL PANGANTEN ISTRI.


Ass. Wr. Wb
Ku aosan bismillah alhamdu;lillah nyanggakeun pujian ka dzat anu maha heman, anu parantos ngelelerkeun
kani’matan nu ageungna nu alitna dipasihkeun ka urang sadayana, terutamina ni’mat Iman sareng Islam.
Ku aosan syahadataen urang be’at, ti dunya parat nepi ka akherat, sahingga Iman urang jadi kuat, siga batu karang
dilautan, najan angin topan reujeung ombak ngamuk, ngabenturan batu karang, pikeun muslim mah teu aya deui
rumus iwal ti nyodorkeun awak na!
Sholawat miwah kawilujeungan, pamugi salamina dilelerkeun ka panutan alam habibana wa nabiyana Muhammad
SAW. Ka kulawargina miwah sahabatna, sareng ka jalmi anu tumut ka mantena kalebet urang sadayana.
Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para tatamu uleman sadayana, utamina calon besan, pangersa
al-mukarom al-mukaromah bapa kalih ibu sepuhna bakal pameget, teu kakantun sesepuh rombongan, miwah sadayana
rombongan rohimakumulloh.
Nuhun sarebu kali nuhun, gerah salaksa kabingah, sarehna sim abdi kalawan asmana pangersa bapa ……… sakalih,
ngahaturkeun nuhun kana kasumpingannana. Jazaakumulloh bi ahsanil jazaa.
Kalih perkawis sim abdi teh upami sanggem paripaos tea mah, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean
sambung lengkah, saat ieu kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa
…………………..sepuhna calon panganten istri, kanggo ngadugikeun 1. Kasadayana anu sumping, ngahaturkeun
sewu panuhun, sarehna ku rawuhna sadayana, mangrupikeun kahurmatan anu utami, sim abdi kalan asmana bapa
……… estu janteun kasugema’an manah, natak teleb kana lelembutan, katampi ku astakalih kasangga ka hingga
murda, pamugi ginanjar lebeting nugraha tinu maha kawasa.
2. penghormatan anu kasanggakeun, ku pangangkeun sareng ku pitempatan, kieu buktosna anu tiasa kahaturkeun,
kantenan ku tuangen sareng ku leu’euteun moal tiasa nyugemakeun, sadayana ieu taya maksad ngalungsurkeun
martabat sareng kahurmatan, rupina saat ieu mung sakieu kakiatan tinu maha suci anu katampiku kulawargi sim abdi.
3. silatuahmi ti sadayana kalintang pisan ditampina, pamugi janteun tatali asih, nga eratkeun tali mimitra’an ka
insanan, lungsurna utami ka islaman, sadayana kengig faedah silaturrohmu. Amiin!!!.
4. kasadayana bae utami ka bakal besan sumeja unjuk kapihatur sarehna dirorompok teh gaduh mojang anu nuju
mangkak nangtang seuseup, lir ibarat kembang campaka nu nembe linggar, ma’lum nu tos janteun bakat, endah
bawana ngajadi, sumawur wangining arum, arum-arum sekar wangi, wangi nu katebak angin, ka angseu ku hiji jajaka,
jajaka nu keur mejehna remaja putra, kumalayang gumeleber, mapai-mapai laratan qodar pangeran, sumiriwik taqdir,
ti ajali, siga nu milari tempat nyeuseup.
Salajeungna pun anak, ma’lum kiat ku kahoyong, mana leweh kalah waleh, wawartos ka sim abdi hoyong
pangmilarikeun pang mapagkeun, kana kituna ma’lum “batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunnana, Neng ……..
purun, Jang ……… sami purun, tegesna pada bogoheunnana.hoyong kauntun tipung, katambang beas kapalupuh
nangtung kapiduriat laksana sapaneja.
Alhamdulillah ngalangkungan pamasrahan ti asmana kasepuhan bakal besan ka kuping ku sim abdi, teleb kana
lelembutan, estu janten kasugemaan, ditampi ku asta kalih kasangga ka lingga murda.
Beu ujang anaking di tampi ku apa, ku amah miwah sadaya kulawargi ditampi, tiluhur sausap ketu, tihandap sahibas
sapatu, tigigir sabudeur baju, hideup jadi putra bapa anu anyar, moal di benteun-benteun, prak geura niatan rumah
tangga teh seja ‘ibadah ka Alloh, demi ngalaksanakeun parentah Alloh, seja milari ridhona alloh, sabab ieu kajadian
the Ta’tsir Qudrot Irodat Alloh.
Insya alloh saumpamina hideup kitu paniatan moal sa’at ku ganjaran, moal leungit kasonoan, rumah tangga bakal
harmonis, pinuh ku katentreman, moal bakal “habis manis sepah dibuang”, tapi bakal “ habis manis sepah kepah”,
keur meuhneur ‘ibadah ku neuhneurna, tos peot ‘ibadah ku peotna, salamina moal leungiteun lapangan ‘ibadah.
Cenah eta panganten heunteu barang candak barina oge hawatos teuing panganten barang candak mah, nu peryogina
mah barang anu kacandak bae, pesenan kanggo pun anak, duka naon jenenganna mah, parioskeun bae engke ku Neng
……. Kanu nyandakna.
Pamungkaas caarios, kana sagala pamasrahan abdi kalawan asmana sepuh bakal panganten istri, nampi kalayan ku
kabingahan, bakal panganten pamegeet bade enggal di istrenan, mangga sakseni ku sadayana, sodaqohna oge ditampi.
Kana kakirangan sareng kalangkungan dina panampianna, reka basa anu kirang mernah, ngukir catur nu teu ka ukur,
matak ngagaris kana ati, matak rengat kana manah, neda tawakuf sareng hapunteuna, mugia sadayana kersa
ngamparkeun lautan paksami, Kana perhatosannana ngadugikeun jazakumullah.

Wasalamu’alaikum wr.wb
Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu jajap panganten pameget anu dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung mungpulung, anging takdir ti Ilahi,
urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari, pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng
kanca mitra sadaya.
Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh, patalina asih, tug dugika
jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja
rahayu anu dituju, tinekanan diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.
Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget! Langkung ti payun seja
sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata
cara kumaha kedahna nampi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten
sanes henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada kaduga. Ari karep mah
hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.
Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget sarimbit!
Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun gerentes ati anu kagungan maksad, nyatana
sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan
jentre merele, atra nyata, anu direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan,
naon anu dipimaksad.
Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat asma Allah anu welas asih,
ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami
renghapna, sakujur jasadna, getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim
raga badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah Robbul Alamin. Diraksa
dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha Rohim. Muga pinareng panjang punjung
kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal
‘alamin.
Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu seueurna, sareng nyugemakannana,
ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur, tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu
kalayan karidoan galih pinuh ku kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.
Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi kamangfaatan dunya
aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng kareueus ku parantos cunduk waktu sareng
dipasrahkeun.
Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha kedahna males budi ka nu janten sepuhna
panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring
sakulawarga, utamina ka pun anak. Sadaya kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah
Anu welas asih, mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.
Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu mangrupikeun tali asih simpay
kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi
kamudi bahterana laki rabi.
Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima amanat. Pek buktikeun
tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber
layar, ngajugjug kana pulo pangharepan hidep duaan.
Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan teh lir ibarat samudra,
jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka
pagaliwota, sorangeun piliheun hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran lesotna jangkar, bral miang nyandang
harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna Dinul Islam, padomananan nurut dawuh
sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman (tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka
kuat norobos lambak anu kuat di tengah-tengah sagara kahirupan.
Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar, kahirupan rumah tangga. Hiliwir
angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari ulah hilap ucapkeun.
Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-tiasa diolah ku basa, anu tuna
pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut, pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di
ungang engang, tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar pangaputen
tina sagala rupi kakiranganana.

Anda mungkin juga menyukai