Anda di halaman 1dari 4

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu'alaikum,wr,wb

Bubuka bahasa arab.

puja srg puji anu utami anu ngacik dina jiwa ragi lir ibaratkeun kembang malati hayu
urang sanggakeun ka dzat Allah nu maha suci, oge syukur anu tos ka masyhur anu ngacik dina
salira sakujur hayu urang sanggakeun ka dzat Allah nu maha ghofur.

Teu kakantun sholawat miwah salamna mugia dikocor golontorken kajunjunan urang
sadayana anu janteun pupuhu para ambiya nyatana Habibana Karim wanabiyyana karim
kangjeung Nabi Muhammad SAW teu kakantun kasadaya ahlulbaitna, sohib sohabatna ka para
tabi’in tabi’atna malah mandar dugi kaurang sadayana anu janten umatna mugia salalamina
nyepeng pageuh kana ajaran timantena tur nyuprih kana sunah-sunahna. Aamin

Hormateun simkuring sesepuh pondok pesantren miftahut taufiq sinareng kulawargina,


hormateun simkuring pengasuh pondok pesantren sinareng kulawargina, hormateun simkuring
aparatur pemerintahan kampung mekarsari Rw 09 srg jajaranna, hormateun simkuring rois roisah
pondok pesantren miftahut taufiq sareng jajarana oge hormateun simkuring ibu miwah bapa
hadirin anu aya di ieu maqom anu barokah, aamiin.

Sateuacana simkuring ngaraos bingah tur jembar manah wireh wargi sadaya tiasa
nohonan kana ieu uleman mudah-mudahan langkah tur kepat urang sadaya di lipat gandakeun
janten amalan sholeh dunnya katut akheratna. Aamiin Simkuring bade medarkeun catur anu baris
dilakonan dina danget ayeuna kana sababaraha hiji acara .

1. Bubuka

2. Maos ayat suci Al-Qur’an srg solawat nabi

3. Nembangken mars Miftahut Taufiq

4. Sambutan-sambutan

5. Tawasul

6. Tausiyah

7. Doa sinareng Panutup


Hadirin rahimakumullah anu ku sim kuring dipikahormat supados teu nyangkolong kana
waktos, sumangga ieu acara urang buka wae kalayan ngaoskeun basmalah sareng kalimah
toyibah sasarengan.

(Bismillahirrahma irrahim..)
Alhamdulillah acara anu kahiji parantos dilaksakeun, anu pamudah-mudahan aosan nu nembe
diaos ku urang sadayana, sing janten wasilah kana kalancaran acara tikawit dugika akhir.

Acara anu salajengna nyaeta, pembacaan tina sapalihna ayat suci Al-Qur’an sareng shalawat, anu
in syaa allahu baris diaoskeun ku Ust. Adnan Sopian waktos sinareng tempat disayogikeun ka
mantenna

‫ص دق هللا العظيم وص دق رس ول الن بي الح بيب الك ريم ونحن على ذل ك من الش اهدين‬
.. ‫والشاكرين والحمد هلل رب العاملين آمين آمين يا رب العاملين‬

Haturnuhun ka kersana.... Anu parantos ngalantunken Al-Quran srg solawat pamugia


ngajantenken kabarokahan khususna kanu maos, umumna ka urang sadaya.

Acara salajengna nyaeta nembangkeun Mars Miftahut Taufiq anu bade dipimpin ku...
. Srg rekan-rekan.

Sangkan teu ngirangan rasa hormat, ka para hadirin supados ngadeg!

Hadirin supados calik! Hatur nuhun ka Paduan suara anu parantos nembangken mars
Miftahut Taufiq na.

Para hadirin, acara salajengna Sambutan-sambutan

Sambutan anu ka 1,anu baris didugiken ku Bp Lukman Khoirul Anam salaku Ketua
pelaksana, waktos sinareng tempat di sayogikeun ka mantenna..

Hatur nuhun disanggakeun ka kersana Bp Lukman salaku ketua pelaksana anu parantos
ngadugiken sambutanna.

Sambutan anu kadua baris di dugiken ku kersana Bp. K Ahmad Solihin salaku pengasuh
pondok pesantren Miftahut Taufiq, waktos sinareng tempat di sayogikeun ka mantenna..
Hatur nuhun disanggakeun ka kersana Bp K Ahmad Solihin anu parantos ngadugiken
sambutanna. Mudah-mudahan salawasna di paparinan kasehatan srg umur anu barokah.

Sambutan anu terakhir baria didugiken ku BP Yana salaku Aparatur pemerintahan


Kampung Mekarsari Rw 09. Waktos sinareng tempat di sayogikeun ka mantenna.

Hatur nuhun disanggakeun ka kersana Bp Yana anu parantos ngadugiken sambutanna.


Mudah-mudahan aya dina ridho Allah salawasna.

Sambutan pa haji ok

Mudah"an naon wae anu di maksad ku urg sadaya dikabulkeun ku Alloh SWT aamiin...

Hadirin hormateun simkuring, alhamdulillah dugi kana acara anu diantos-antos.


Sateuacanna pangemut ti simkurung, mangga siapken soca anu cenghar, cepil anu sigep srg
pikiran anu jernih kangge mayunan ieu acara initi.

Rupina nyaeta penyampaian tausiyah anu bade didugiken ku kersana Bp KH Khoirul


Anam . waktan wamahalan mufaddhalan

Alhamdulillah

Ngahhaturkeun nuhun ka guru urang sadayana, anu parantos ngadugikeun mauidzoh


tadzkiroh nu sakitu kahartos ku urang sadayana, mudah-mudahan tiasa ka amalkeun ku urang
sdayana dina sadidinten urang sdayana. Aamiin…

Acara salajeng na,nyaeta do'a srg tutup, anu bade dikapayunken ku

Alhamdulillah acara ti kawit dugi akhir parantos dilaksanaken anu pamidah-mudahann


urang sadaya ngengingken kamanfaatan utamina aya dina karidhoan Allah Swt Aamiin.

Kitu oge, kami salaku penata acara nyuhunken dihapunten tina sanes kanten kalepatan
bilih aya ucap atana tingkah anu kirang merenah kana manah.
Sim kuring Ade Agus Pratama

Sim Kuring Laila Nurlatifah

Anda mungkin juga menyukai