Anda di halaman 1dari 12

SUSUNAN ACARA PERNIKAHAN

GURUH & YETI


MINGGU, 10 JANUARI 2021

N
JAM ACARA PENANGGUNG JAWAB
O
1 05.00 – 07.30 Merias pengantin, Ortu, Pagar Ayu/Bagus Juru Rias
dan keluarga
Persiapan Peralatan pendukung: Soundman &
Chek sound, Meja, kursi, tempat parkir, dll Sie perlatan

2 07.30 – 08.30 - Persiapan penerimaan tamu MC, Qori, Juru rias,


- Juru rias mempersiapkan calon PW fotoghrafer, soundman,
- Para petugas menempati tempat masing- Penerima Tamu, Pager
masing Ayu/Bagus

3 08.30 – 10.30 - Serah terima MC


- Pembacaan Al-Qur’an Mang Cecep
- Wakil dari Calon Pengantin Pria
- Wakil dari Calon Pengantin Wanita Pak Hambali
- Akad Nikah Petugas KUA
- Sungkeman MC
- Do’a dan Penutup
- Ramah Tamah Team Catering
- Sawer

4 10.30 – 12.00 Prosesi Resepsi Team Catering


ACARA PERNIKAHAN

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah


rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang
pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. 
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna.
Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.


Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh
kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.
Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon
panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan
manah (mangle di kalungkeun).
Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget.
Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim

Annikahu sunnati paman rogiba an sunnati Palaisa Minni,

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu
dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk
tata titi duduga.
Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring
dumadi.
Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer
beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu
bade di lantunkeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang


kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka
urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon
panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan.
Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun
janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. 
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget
sareng cacandakanna. 
Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede
sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana 

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di
tampi ku Ibu calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya.


Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang
ugana.Uga pakaitna tatali asih Neng_________________cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti 
para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten
istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka


pangersa_____________________)

DO’A 

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.
Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. 
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.


Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan
resmi jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti
mana nya asal. Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna sumangga ka panganten sakalih dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.

Sungkem Ke Ibu Mertua (Sungkem Ka Mertua Istri) :

Ema ...
Ampun paralun isin dikedalkeunana, berat diucapkeunana.
Tangtos kauninga, diri abdi anu kieu buktosna, rupi jauh nandingan arjuna jeung
srikandina. Sumping teu ieuh cacandakan, aku kosong eusianen, lambut kosong eusianen.
Kawawuh lieuk euweuh ragap teu aya, nyanggakeun sadaya-daya.
Namung sok sanaos kitu, abdi hoyong diangken janten putra ema, wireh katali kapatri ku
putra ema, pikeun ngaheuyeuh dayeuh ngolah rumah tangga.

Ema ...
Ieu abdi putra anu enggal, neda piwulang sareng piwuruk ti ema, sangkan abdi tiasa
sasarengan sareng pun bojo, sareng pun lancek, kalayan aya dina mawadah, warohmah.

Setelah kita sungkem ke Ibu mertua kita yang berasal dari Sunda, biasanya beliau
memberikan Papatah, berikut papatah yang biasanya Ibu mertua ucapkan :

Anaking ..
Hidep diangkeun pisan ku ema, moal disaha-saha, sarua wae anak ema.
Ema bakal mikanyaah ka hidep, ema moal ngawilah-wilah, mihape salaki anjeun, mihape
pamajikan anjeun, kudu babarengan dina katakwaan ka pangeran.

Anaking ..
Ku ema di du’akeun. Hidep sing panggih jeung kasinugrahan, tentrem lahir bathin, aya dina
rido Alloh.
Ngan kahade, ulah poho kanu jadi indung bapa. Sabab indung tunggul rahayu, bapa tangkal
darajat.
Bral geura menta du’a ka bapa anjeun.

Sungkem ke Ayah Mertua (Mertua Pameget) :

Bapa ..
Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun, abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi tos wantun rurumpaheun dipangkonan bapa.
Maksadna mah hoyong diangkeun janten putra bapa.
Wireh katali iket tikah ku tuang putra.
Sanaos teu aya anu disanggakeun, kajaba awak sakujur sareng reregedna, hapunten anu
kasuhun.
Salajeungna abdi neda pidu’a, sangkan hirup abdi salamina aya dina rido pangeran.

Setelah kita sungkem ke Ayah mertua kita yang berasal dari Sunda, biasanya beliau
memberikan Papatah, berikut papatah yang biasanya Ayah mertua ucapkan :

Tos Ujang /(Nyai) …


Teu pantes hidep sasauran kitu. Insya Allah sakamampuan bapa, bapa rek ngabingbing ka
hidep. Bapa nyaah ka hidep, lantaran hidep nu rek nuluykeun lalakon ka hareup.
Ayeuna mah sing sobar narima kana kanyataan. Ieu kabeh estuning khudrot jeung irodhat
pangeran, anu tiba ka anjeun duaan.
Sing deket ka pangeran, sabab mantena anu parantos dipenta pitulungna, mantena anu
parantos ngurus, ngajaring ka urang sadaya.
Poma laksanakeun parentahna, tinggalkeun laranganana. 
Bral geura cengkat, geura tandang makalangan, sanghareupan sagala nu bakal datang.
Assalamu’alaikum Wr.Wb..,
Alhamdulillahirobil’alamin wabihinasta’in wa alla unmuri dunya waddin
wassolathu wassalamu’ala assrofil anbiya’i wallmursalin sayidinna muhammadin
wa alla allihi waashabihi az’main…ama ba’du
Annikahu sunnati paman rogiba an sunnati palaisa mini

Para hadirin sadayana anu sami sami hadir di ieu patempatan…


Dina mangsa rasa kebek ku kabungah anu sumarambah leubeutning manah taya
kecap nu paling merenah kedal dina munggaran garapan anging ti urang sami-
sami manjatkeun puji anu suci nyanggakeun puja anu sampurna ka dzat anu
maha kawasa alloh adza wa dzalla anu salamina ngaping ngajaring ngaraksa tur
ngayuga ka manusa nu salamina taqwa ka mantena,mudah-mudahan diantawisna
kaleubeut urang sadaya.
Teu kakantun sollawat sinareng salam paneda mugia salamina sing di kucur
lungsurkeun,di kecer geleserkeun,tur di kocor golontorkeun kajungjunan urang
sadayana baginda nabi nusajati,insan alam nu sampurna,mustikaning sosoca
dunya nyatana habbibana wanabiyuna kangjeung nabi muhamad Saw.nu parantos
nuduhkeun jalan utama ka umatna sangkan didunya hirup waluya di aherat
pinanggih jeung bagja,teu hilap sollawatna oge mudah-mudahan didugikeun
kanggo para kulawargina shahabat-shahabatna tabi’in tabi’atna tug dugi
kaurang sadayana salaku umatna anu sami-sami turut tumut kana ajaranana
dugi ka yaumil akhir..

Hadirotul Mukaromin, para alim ulama, aparatur pemerintahan, pupuhu


papayung lembur anu kusimkuring dipihormat.

Anu dipihormat keluarga besar calon panganten pameget keluarga besar


bapak……………………….kalih ibu …………………….
Anu dipihormat keluarga besar calon panganten istri keluarga besar bapak
Jujun junaedi kalih ibu Neni…….
Para sepuh pini sepuh, bapa ibu para wargi sadayana anu sami rawuh sadayana
anu kusimkuring dipihormat insyaalloh dimulyakeun ku alloh SWT…amien.

Bapa ibu nepangkeun Simkuring Wasta ASEP DANI salaku panata calagara
Ngawakilan keluarga besar keluarga calon panganten istri keluarga bapa jujun
junaedi kalih ibu neni, anu mana dina danget ieu insyaalloh baris mandu acara
akad nikah antara cep …………. sareng neng …………
Langkung tipayun simkuring atasnami panata calagara neda agung tawakuf
jembar panghapunten boh bilih seer kalepatan dina undak unduk bahasana boh
dina cariosanana utamina dina ieu mandu acara.
sareng simkuring teu hilap seja ngemutan ka para wargi sadayana anu hadir di
ieu patempatan supados tetep ngajaga protokoler Kesehatan sesuai anjuran
pemerintah nyaeta 3M (mencuci tangan, menjaga jarak dan memakai masker).

Langkung tipayun bapa …………. ……..kalih ibu ……………………..keluarga calon


panganten pameget, hapunten bilih panampian ti bapa jujun kali ibu neni tebih
tina titi surti nastiti anggang tina tata subasita teu tiasa kacalikeun sadayana
kalayan tumaninah, hatur punten, mugia bapa ibu sarimbit sakulawargi langgeng
kandungan laer aisan tawakuf anu diteda.

Salajeungna mangrupi lemek pangrampes beware pangbagea simkuring


ngahaturkeun haturan wilujeung sumping wilujeung pateupung lawung paamprok
jonghok diieu patempatan,kalayan nyanggakeun rangkul panglawung ka kulawargi
calon panganten pameugeut kalih rombongan,teu hilap nyanggakeun “Tutut
gunung keong reuma”Sumangga sing raos calik sing geunah tur tumaninah,oge
paneda tisimkuring mugia ku kasumpingan para wargi sadayana ka ieu
patempatan nu sakieu buktosna karorompok shohibul maksad anu wastana Bpk
jujun junaedi kalih ibu neni.sing janteun marga lantaran malah mandar
nyaketkeun tali kawargian diantawis urang sadayana tur salamina aya dina
ridhona alloh swt…

Para hadirin miwah para tamu sadayana khususna ka calon panganten


pameugeut kalih rombongan bari raos emutan pribados pamali mun dilami-lami
teu keudah di lila-lila nu dianti-anti titatadi didago-dago tibareto ayeuna
parantos nyampak sok sanaos urang sadayana sami surti sami uninga
pamaksadanana nanging kango nyumponan tindak-tanduk tata-titi duduga
sinareng peryogana manusa pangesi dunya nu parantos dipaparin manah rasa
lisan dina saliring dumadi teu cekap ku surti sinareung tekad hungkul namung
kedah disarengan ku ucap
Teu sae miulan awi mere cai geusan mandi mere huut tina guguran namung
kedah dibeujeur beaskeun kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tamu sadayana simkuring salaku pangatur waktu
pangjajap acara moal seer gundem catur anu dipihatur sumangga urang buka
wae runtuyan acara abdun nikah ku ngaoskeun basmallah sasarengan …
BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM
Para wargi sadayana supados teu nyangkolong teuing kana waktos mangga ieu
acara dilajengkeun wae kana lantunan kumandang qalam illahi anu insya alloh
bade disanggakeun ku pangersana all’muqarom bp.ust ............ mangga waktos
sinareng kahormatan disanggakeun…
Jajjakallohu khoiron khatsiron..,ngahaturkeun nuhun ka pangersana all’muqarom
bp ust ............. anu parantos ngalantunkeun qalam illahi,mudah-mudahan
rahmat sinareng barokah ti mantena didugikeun khususna kanu maoskeunana
wabil khusus utamina ka calon mempelai anu bade didahupkeun umumna kanggo
urang sadayana anu sami-sami parantos ngupingkeunana…amien

Salajengna awon teu kapiunjuk,gaduh raos janteun pribumi seja tumaros


kaPangersana calon panganten pameugeut miwah rombongan “mugi teu janteun
kekeling galih rengat nya mamanahan”..aya naon nya pamaksadan sajabina ti
silaturahmi?,numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang di teang sumangga
geura wakcakeun masing balaka..,sumangga ka pengersana kasepuhan tipihak
calon panganten pameugeut miwah rombongan di haturanan kanggo ngadugikeun
lebetning qalbu jeroning ati..waktos sinareng kahormatan nyanggakeun…

Para wargi sadayana nembe urang sami-sami nyakseni gerentes qalbu kasepuhan
ti pihak calon panganten pameuget miwah rombongan,lain lantung tambuh laku
sanes lunta tanpa seja purwa aya nu dimaksad seja ngaitkeun jangji pasini
manjangkeun simpay babarayaan sakotretna tina hate.sakeser daun satangkal
sabungkus bareng jeung bungkusna,nyerenkeun calon panganten pameugeut kalih
cacandakanana.simkuring saukur darma teu wasa panjang carita,kanggo
pangwalerna mangga nyanggakeun ka pangresana kasepuhan ti calon panganten
istri,waktos sinareng kahormatan nyanggakeun…

Para wargi sadayana..,bungah amarwata suta bungah nu kagiri-giri bungah nu


taya papadana nugar cadas manggih emas mobok manggih gorowong aya jalan
komo meuntas jalan gede sasapuan batu turun keusik naek itu purun ieu daek
jinis pada jinis papada sapuk , ibu rama pada-pada rujuk, nu nyanggakeun
sareng anu nampi papada gumulung dina hiji kacindekan seja bebesanan
rumojong kana kahoyong putra,laksana nya pamaksadan…kumargi kitu “Kanggo
perlambang lulus banglusna ieu seren sumeren, sumangga pada nyakseni, serah
papasrahan cacandakan, mangrupi pangbobot panyandang raga ti ibuna
cep………..ka  ibuna neng………….sumangga kanggo cacandakan anu kahiji
didugikeun sacara simbolis ku ibu calon panganten pameuget ditampi ku ibu
calon panganten istri,nu sanesna mah mangga di antaykeun wae……Mangga calon
panganten pameugeut di candak kelebeut kanggo persiapan akad nikah.

Para hadirin miwah para wargi sadayana nitih wanci numustari ninggang mangsa
nu waluya malati ligar na ati campaka mangkak na dada koleak sakembaran
koceak ninggang ugana,uga pakaitna tatali asih antawis
neng .............. sinareng cep ...........,jangji urang pastikeun subaya urang
nyatakeun nu diseja mang jadi nyata..,neda panyakseni ti para wargi sadayana
wirehna acara akad nikah bade di kawitan..
Sumangga ka pangersana bapa petugas ti KUA dihaturanan kanggo
ngalaksanakeun acara akad nikah nu lansung disambung ku sungkeman,waktos
sinareng kahormatan disanggakeun.

Alhamdulillah wa sukurillah kalayan aya dina ridho ti alloh swt oge pangdu’a
tipara wargi sadayana ,acara akad nikah parantos rengse kalayan aya dina
kalancaran,mudah-mudahan aranjeuna nu janteun panganten sing tiasa
ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah,kacai jadi saleuwi
kadarat jadi salogak kacai sing daraek mandi kadarat sing daraek sholat,oge
mudah-mudahan sing di caketkeun kana rizkina sing diteubihkeun tina balaina
kalayan di paparin palaputra anu sholeh tur solehah anu tiasa ngabaktikeun
dirina kanu janteun sepuh-sepuhna tur utamina ka alloh swt nu janteun
penciptana,..

Salajengna mangrupi panutup saur pamungkas maksad panuhun kanu maha


agung paneda kanu maha kawasa,mangga ieu acara urang tutup wae ku du’a
Robbana lathuji kulubana ba’dait hadaitana wahablana milladunka rohmatan
inaka antal wahab,robbana athina fidunya hasanah wafill a’hirhoti hasanatta
wakhina adza bannar..subhana robbika robill I’djati amayashifun wasalamun alla
mursalin wallhamdulillahhirobbil a’lamin..
Alhamdulillah garapan mangsa lekasan kasugrining anu sarumping dihaturanan
kanggo ngawilujeungkeun ka panganten diteuraskeun kana ngabujeung meja
tuangeun,nyanggakeun sabrang salayang kaleubeut cabe mah henteu,nyanggakeun
hatur lumayan kaleubeut sae mah henteu..

Sateuacan amit mungkur amit mundur pamungkas tisimkuring anu mancen


garapan salaku pangatur waktu pangjajap acara seja sanduk-sanduk bobot
sapanon carang sapakan boh bilih aya saur anu teu ka ukur,basa anu teu kareka
anu matak tigeduk kanu qalbu matak rengat kana manah matak bared kana
hate sok inggis tiporos dina nyarios ti soledat dina kecap,palias kahareup
nekteuk saleunjeur katukang nigas saregang paneda mugia balungbang timur
jalan gede sasapuan caang bulan opat welas ulah aya geuneuk maleukmeuk
tepung bayu duduluran baraya sapapanjangna,hatur punteun tina sanes kanteun
kakirangan..
Usyikum wanafsi bitaqwalloh,billahi taufiq wallhidayah wassalamu’alaikum
wr.wb..

Anda mungkin juga menyukai