Anda di halaman 1dari 3

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

1. Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii
ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas
nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan,
disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun
laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi
enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku
kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan
galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah
kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe,
tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim
antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari
ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.
2. Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan
seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku
murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana,
utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang
munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

3. Palawargi anu mulya.


Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak
mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok
magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi
asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan
anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan,
tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.
Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja
balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun
silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal
sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun
………………………………………………. Anu wastana …………………………………
kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting
bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng
neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah
ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh,
samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu
daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping
……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
4. Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi
………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu
…………………………………………. Ka pangersa bapa …………………………………..
sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap
dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh
deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng …………
Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di
…………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah
suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng
pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
5. Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang
pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang
keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung
teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai
mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
6. Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah,
margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina
mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna
mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng
……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira,
nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun
batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo
ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar
rahmat sareng rido Allah Swt.
7. Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara,
atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap
sim kuring.
8. Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti
……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka
parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot
pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring
rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi
kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.


Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.

Alahamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini kullihi
wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu
anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah.
Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa
manit taqa, amma ba'du.

Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka nangtung
sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin
calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan
ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu
patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu teh sing ngajantenkeun hiji ibadah anu
ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.

Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur
caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga
ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu
gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan,
eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring
sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis
pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah
kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina, kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu
reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah
geuning, ku lami puyang payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu
burung dugi, nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh
kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah
anu teu aya hinggana.

Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok sanaos
yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan, henteu bade diteundeun dihandap-handap,
estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu
bakal nyorang kahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.

Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian,
utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten.

Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade
jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah SWT,
"Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal
alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin,

Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh

Anda mungkin juga menyukai