Anda di halaman 1dari 5

Assalamualaikum wr wb

Bapa-bapa, ibu-ibu miwah wargi sadayana anu sami linggih, hormateun


simkuring
Sakumaha ka uninga ku urang sadaya, Alhamdulillah calon panganten pameget
miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,
ngembat-ngembat nyatang pinang.
Ka pihak calon panganten istri Sumangga geura hiyap calon panganten pameget
miwah rombongan, salajeungna mangga geura kalungkunkeun eta mangle tawis
pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku Ibu atanapi wawakil ti phak
calon panganten istri
Salajeungna dihaturan linggih calon panganten pameget miwah rombongan,
ditempat anu tos disayogikeun...mangga
BISMILLAHHIRRAHMANIRROHIM

Alhamdulillah puji sareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat,
kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri, bagja kumbayangan, dina dinten
ahad kaping 16, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah
rosul, baris ngahiji ngajatukrami, ngadahupna neng Azmi Fadhila sari putrina
bapa Yana Suryana kalih Ibu yuyun fatimah ka Cep Dede Irawan putrana bapa
didi tohidie kalih ibu dedeh kurniasih
Namung sateuacanna sim kuring salaku pambawa acara, baris ngadugikeun
rundayan acara nu baris di pedar, diantawisna :
1. Bubuka
2. Lantunan Kalam Ilahi Ku
3. Seren Sumeren ti 2 Pihak Calon panganten
a. Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku :
b. Panampian ti pihak calon panganten istri ku:
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul Urusy/akad nikah ku petugas KUA
6. Sungkeman

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring,
sumangga pikeun muka ieu acara, urang sasarengan maos basmallah.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajeungna urang sami
dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris dilantunkeun ku
pangersa..................waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.
Ngahaturkeun nuhun ka kersana................nu parantos ngalantunkeun kalam
ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang
sadayana...aaminn.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten
pameget miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo di lila-lila, nu diantianti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanos sami
surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata
titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti..ku kituna, sumangga ka pangersa
kasepuhan calon panganten pameget dihaturan kapayun kanggo ngadugikeun
pamaksadan nana : Ka bapa Daman Darmawan.S.E mangga dihaturan ka payun
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti
pihak calon panganten pameget miwah rombongan
Lain lantung tambuh laku, sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja
ngaitkeun janji pasini, manjangkeun tali babarayaan. Sabungkus bareng jeng
bungkusna, rupina bade masrahkeun calon pameget sareng cacandakanna..
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna baris
langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa
bapa Dadang karnawan waktos sareng tempat nyanggakeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana, jalan gede sasapuan, batu turun keusik naek, ieu purun ieu daek,
laksana nya pamaksadan nana
Salajeungna simbolis seren sumeren......mangga ka ibu calon panganten
pameget kanggo ngadugikeun nana di tampi ku ibu calon panganten istri.
(cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebeut)
Para wargi sadayana
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka
mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna
tatali asih, ngadahupna neng azmi fadhila sari sareng cep dede irawan
Acara salajeungna nyaeta khutbah Nikah anu bade di sanggakeun ku Bapa Ustd
Tatan Ahmad Santana....waktos sareng tempat mangga nyanggakeun
Ngahaturkeun nuhun ka bapa Ustd Tatan Ahmad santana au atos masihan
wejangan kanggo ieu dua calon panganten

Saterasna mangga urang lajeungkeun ka acara inti nyaeta Upacara Akad nikah
Sumangga ka para saksi dihaturan ka payun ka bapa DR. Wahyu. M.HUM,
sareng bapa DR.Aep Kusnawan M.Ag
Sareng ka pangersa bapa petugas ti Kantor urusan agama, nyanggakeun
waktosna
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur maha asih,
oge pangdua ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar, mugia
dua insan nu nembe resmi nagjadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean,
ka cai jadi salewi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu
sakinah mawadah warahmah. Aminn
Acara salajeungna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga
sungkeman ka sepuhna, nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga anu
baris di bina
Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para wargi horamteun simkiring, rupina rundayan
acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina
kalancaran.
Mugia urang sadaya aya dina panangtayungan gusti anu maha suci...ku kituna
kanggo panganter kahoyong urang sadaya dilajeungkeun kana doa
Kangge mimpin doa mangga ka pangersa ...........................dihaturan
Kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ku maos hamdallah
Hatur nuhun, wassalam mualiakum wr wb
Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna
sumangga dihaturanan

Acara resepsi
1. Foto keluarga

Anda mungkin juga menyukai