Anda di halaman 1dari 6

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos
sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade
dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.

Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan
katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.

Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten
pameget miwah rombongan.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah,
mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura
gek calik.

SESERAHAN

Bismillahhirrahmannirahim.

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan,
bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-
dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi
duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.

Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung kedah di bejer
beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku Maos Surat Ummul Kitab …Ngala kuli

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan,
aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.

Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati)…

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan.

Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini ,
manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di
sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.

Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan
batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu
calon panganten istri.

Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng__cep ________

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi
sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah.............
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti
sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman. (Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa________)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti
nu maha suci.

Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a. Kangge mimpin ieu do’a.
mangga ka pangersa ______ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi, undak
unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM.., purwa wiwitan ieu,minangka pamuka acara

Babasan padika pagawean lamun nangtung kajungjunan sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.

Neda Panyaksen acara seja dikawitan…

Assalamu’alaikum Wr.Wb..,Alhamdulillahirobil’alamin wabihinasta’in wa alla unmuri dunya waddin


wassolathu wassalamu’ala assrofil anbiya’i wallmursalin sayidinna muhammadin wa alla allihi
waashabihi az’main…ama ba’du

Para kasepuhan anu sami rawuh anu kusimkuring dipihormat..

Bapak-bapak ibu-ibu anu sami linggih anu kusimkuring dipihormat..

Para hadirin anu sami hadir anu kusimkuring dipihormat..

Kumna kasugrining para wargi anu sarumping di ieu patempatan anu kusimkuring dipihormat tur
dimulyakeun ku alloh SWT…amien.

Dina mangsa rasa kebek ku kabungah anu sumarambah leubeutning manah taya kecap nu paling
merenah kedal dina munggaran garapan anging ti urang sami-sami manjatkeun puji anu suci
nyanggakeun puja anu sampurna ka dzat anu maha kawasa illahuna robbuna alloh adza wa dzalla anu
salamina ngaping ngajaring ngaraksa tur ngayuga ka manusa nu salamina taqwa ka mantena,mudah-
mudahan diantawisna kaleubeut urang sadaya.
Teu kakantun sollawat sinareng salam paneda mugia salamina sing di kucur lungsurkeun,di kecer
geleserkeun,tur di kocor golontorkeun kajungjunan urang sadayana baginda nabi nusajati,insan alam nu
sampurna,mustikaning sosoca dunya nyatana habbibana wanabiyuna kangjeung nabi muhamad Saw.nu
parantos nuduhkeun jalan utama ka umatna sangkan didunya hirup waluya di aherat pinanggih jeung
bagja,teu hilap sollawatna oge mudah-mudahan didugikeun kanggo para kulawargina shahabat-
shahabatna tabi’in tabi’atna tug dugi kaurang sadayana salaku umatna anu sami-sami turut tumut kana
ajaranana dugi ka yaumil akhir..

Salajeungna mangrupi lemek pangrampes beware pangbagea simkuring ngahaturkeun haturan


wilujeung sumping wilujeung pateupung lawung paamprok jonghok disugenging pucu galuh Desa
Pinggirsari katelahna,kalayan nyanggakeun rangkul panglawung ka kulawargi calon panganten
pameugeut kalih rombongan,teu hilap nyanggakeun “Tutut gunung keong reuma”Sumangga sing raos
calik sing geunah tur tumaninah,oge paneda tisimkuring mugia ku kasumpingan para wargi sadayana ka
ieu patempatan buktosna karorompok shohibul maksad anu wastana Bpk……….sing janteun marga
lantaran malah mandar nyaketkeun tali kawargian diantawis urang sadayana tur salamina aya dina
ridhona ti alloh swt…

Para hadirin miwah para tamu sadayana khususna ka calon panganten pameugeut kalih rombongan
bawi raos emutan pribados pamali mun dilami-lami teu keudah di lila-lila nu dianti-anti titatadi didago-
dago tibareto ayeuna parantos nyampak sok sanaos urang sadayana sami surti sami uninga
pamaksadanana nanging kango nyumponan tindak-tanduk tata-titi duduga sinareng peryogana manusa
pangesi dunya nu parantos dipaparin manah rasa lisan dina saliring dumadi teu cekap ku surti sinareung
tekad hungkul namung kedah disarengan ku ucap

Teu sae miulan awi mere cai geusan mandi mere huut tina guguran namung kedah dibeujeur beaskeun
kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tamu sadayana simkuring kajurung mancen garapan salaku pangatur waktu
pangjajap acara peryogi ngadugikeun rundayan acara anu baris kasanggakeun…

Anu munggaran mangrupa bubuka dilajeung ku lantunan qalam ilahi ditema kuseren sumeren ti pihak
calon panganten pameugeut disambung ku panampian ti pribumi indung acara nyaeta akad nikah
kacangking ku sungkeman salajengna mangrupi panutup saur pamungkas maksad ditutup ku du’a
dipungkas ku musofahah.

Para wargi sadayana supados teu nyangkolong teuing kana waktos mangga ieu acara dilajengkeun wae
kana lantunan kumandang qalam illahi anu insya alloh bade disanggakeun ku pangersana all’muqarom
bp.ust ............ mangga waktos sinareng kahormatan disanggakeun…

Jajjakallohu khoiron khatsiron..,ngahaturkeun nuhun ka pangersana all’muqarom bp ust ............. anu


parantos ngalantunkeun kumandang qalam illahi,mudah-mudahan rahmat sinareng barokah ti mantena
didugikeun khususna kanu maoskeunana wabil khusus utamina ka calon mempelai anu bade
didahupkeun umumna kanggo urang sadayana anu sami-sami parantos ngupingkeunana…amien

Salajengna awon teu kapiunjuk,gaduh raos janteun pribumi seja tumaros kaPangersana calon panganten
pameugeut miwah rombongan “mugi teu janteun kekeling galih rengat nya mamanahan”..aya naon nya
pamaksadan sajabina ti silaturahmi?,numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang di teang sumangga
geura wakcakeun masing balaka..,sumangga ka pengersana kasepuhan tipihak calon panganten
pameugeut miwah rombongan di haturanan kanggo ngadugikeun lebetning qalbu jeroning ati..waktos
sinareng kahormatan nyanggakeun…

Para wargi sadayana nembe urang sami-sami nyakseni gerentes qalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameuget miwah rombongan,lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja purwa aya nu
dimaksad seja ngaitkeun jangji pasini manjangkeun simpay babarayaan sakotretna tina hate.sakeser
daun satangkal sabungkus bareng jeung bungkusna,nyerenkeun calon panganten pameugeut kalih
cacandakanana.simkuring saukur darma teu wasa panjang carita,kanggo pangwalerna mangga
nyanggakeun ka pangresana kasepuhan ti calon panganten istri,waktos sinareng kahormatan
nyanggakeun…

Para wargi sadayana..,bungah amarwata suta bungah nu kagiri-giri bungah nu taya papadana nugar
cadas manggih emas mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas jalan gede sasapuan batu
turun keusik naek itu purun ieu daek jinis pada jinis papada sapuk , ibu rama pada-pada rujuk, nu
nyanggakeun sareng anu nampi papada gumulung dina hiji kacindekan seja bebesanan rumojong kana
kahoyong putra,laksana nya pamaksadan…kumargi kitu “Kanggo perlambang lulus banglusna ieu seren
sumeren, sumangga pada nyakseni, serah papasrahan cacandakan, mangrupi pangbobot panyandang
raga ti ibuna cep…..ka biangna neng…….sumangga kanggo cacandakan anu kahiji didugikeun sacara
simbolis ku ibu calon panganten pameuget ditampi ku ibu calon panganten istri,nu sanesna mah mangga
di antaykeun wae……Mangga calon panganten pameugeut di candak kelebeut kanggo persiapan akad
nikah.

Para hadirin miwah para wargi sadayana nitih wanci numustari ninggang mangsa nu waluya malati ligar
na ati campaka mangkak na dada koleak sakembaran koceak ninggang ugana,uga pakaitna tatali asih
antawis neng .............. sinareng cep ...........,jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun nu diseja
mang jadi nyata..,neda panyakseni ti para wargi sadayana wirehna acara akad nikah bade di kawitan..

Sumangga ka pangersana bapa petugas ti KUA dihaturanan kanggo ngalaksanakeun acara akad nikah nu
lansung disambung ku sungkeman,waktos sinareng kahormatan disanggakeun.

Alhamdulillah wa sukurillah kalayan aya dina ridho ti alloh swt oge pangdu’a tipara wargi sadayana
,acara akad nikah parantos rengse kalayan aya dina kalancaran,mudah-mudahan aranjeuna nu janteun
panganten sing tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah,kacai jadi saleuwi
kadarat jadi salogak kacai sing daraek mandi kadarat sing daraek sholat,oge mudah-mudahan sing di
caketkeun kana rizkina sing diteubihkeun tina balaina kalayan di paparin palaputra anu sholeh tur
solehah anu tiasa ngabaktikeun dirina kanu janteun sepuh-sepuhna tur utamina ka alloh swt nu janteun
penciptana,..

Salajengna mangrupi panutup saur pamungkas maksad panuhun kanu maha agung paneda kanu maha
kawasa,mangga ieu acara urang tutup wae ku du’a Robbana lathuji kulubana ba’dait hadaitana
wahablana milladunka rohmatan inaka antal wahab,robbana athina fidunya hasanah wafill a’hirhoti
hasanatta wakhina adza bannar..subhana robbika robill I’djati amayashifun wasalamun alla mursalin
wallhamdulillahhirobbil a’lamin..

Alhamdulillah garapan mangsa lekasan kasugrining anu sarumping dihaturanan kanggo


ngawilujeungkeun ka panganten diteuraskeun kana ngabujeung meja tuangeun,nyanggakeun sabrang
salayang kaleubeut cabe mah henteu,nyanggakeun hatur lumayan kaleubeut sae mah henteu..

Sateuacan amit mungkur amit mundur pamungkas tisimkuring anu mancen garapan salaku pangatur
waktu pangjajap acara seja sanduk-sanduk bobot sapanon carang sapakan boh bilih aya saur anu teu ka
ukur,basa anu teu kareka anu matak tigeduk kanu qalbu matak rengat kana manah matak bared kana
hate sok inggis tiporos dina nyarios ti soledat dina kecap,palias kahareup nekteuk saleunjeur katukang
nigas saregang paneda mugia balungbang timur jalan gede sasapuan caang bulan opat welas ulah aya
geuneuk maleukmeuk tepung bayu duduluran baraya sapapanjangna,hatur punteun tina sanes kanteun
kakirangan..

Usyikum wanafsi bitaqwalloh,billahi taufiq wallhidayah wassalamu’alaikum wr.wb..

Anda mungkin juga menyukai