Anda di halaman 1dari 7

Bismillahirohmanirrohim

Assalamualaikum wr.wb
Washolatuwasalamu ala asrofil anbiyaai walmurasalin
Waala alihi wadohbihi ajmain , amma ba’du
Audubillahiminasyaitonirrojim
Bismillahirohmanirrohim
Wamin ayaatihi ankholakolakum min anfusikum ajwajaa llitaskunu ilaiha
Waja ‘ala bainakumm mawadatawwarohmah
Inna fii dzalika laayaatilliqaumin yatafakaruun
Shodakollohuladim, al ayah

Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun
simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang sadayana, Alhamdulillah calon panganten
pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,
ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara.
Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung
tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan.
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang
ngunun dina pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon ........, tempat
pangaharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak calon panganten Istri, bisi si jalu
hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget
miwah rombongan.
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate
perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri
(mangle di kalungkeun), salajeungna dihaturanan linggih ka calon panganten
pameget miwah rombongan, di tempat anu parantos disayogikeun.

Bismillahirrohmanirrohim
Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu
worosulluh.amma ba’du.
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat,
kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten ......,
ping ........, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris
ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna neng...........................putrina bapa ..................
kalih ibu.............. ka cep ......................... Putrana bapa ................ kalih ibu..............
namung sateuacanna sim kuring pun ........, baris ngadugikeun rundayan acara nu
baris di pedar, di antawisna;
1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : .........
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten
- Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku:
- Panampian ti pihak calon panganten istri ku :
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Tutup

# Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring,
sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.
Bismillahirrohmanirrohim.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana,

# acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun
ku pangersa ........ Waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.
Ngahaturkeun nuhun ka kersana ......... Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi,
malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang
sadayana. Amin.

# Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget
miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,
didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga
maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu
cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah disarengan ku ucap.
Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan
kapayun kanggo ngadugikeunana.
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak
calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta
tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali
babarayaan.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun
calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa
panjang carita. Kanggo pang walerna
# baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo
pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng tempatna.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo
mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya
pamaksadan.
# Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget
kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri. (cacandakan nu
sanesna tiasa dipapaykeun ka lebet).
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka
mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali
asih, ngadahupna Neng ........... ka cep ............
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda panyakseni ti
para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun
waktosna.
...........................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih,
oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar, mugia dua
insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi
saleuwi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah
warohmah. Amin...
# Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga
sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris
dibina.
Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti
munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran. Mugi
urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo
panganteb kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a,
mangga ka pangersa .................. dihaturanan.
Sim kuring pun ........... baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih
aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes
ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos
hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin.
Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.
Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga
dihaturanan.
Naskah sungkeman
Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan
ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring
sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh
caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih
dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka para ahli ngukir
sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi
paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa
nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.
Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula
ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi
Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang
samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad
pangdu’a ka dua mempelai. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang
‘aos sasarengan :
Bismillah ….
Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir
ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep
duaan dikumpulkeunana ku Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).
Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama
A’udzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw
wafishooluhuu fii ‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana;
indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung
lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami
jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman
: 14)
Kasép, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan
geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu
jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa.
Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu
ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna
rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-
alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna
indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis
rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna
manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan
syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh
SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan
kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah,
ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu
langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati,
tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna
salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan.
Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong,
reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung
nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina
patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan
tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat.
Ménta tulung, ménta nyalindung.
Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang
badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih,
sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah. Harita Mamah parantos
ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng
istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga
Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug
maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik
sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan
basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah teu bisa
kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak
gering milu gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh
nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya
wates wangenna.
Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu
pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida
samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang
seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar
manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget
ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus
dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Naning
anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu
jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan
waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung
titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah.
Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar
kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-
hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning
geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah
Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat
qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah
tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing
tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.
Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu
paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai –
kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi
anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah
Bapa téh mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan
kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha
carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.
Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal
darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji ngawujud,
ngajéngélék dina rupa anak. Nu matak dina jirim anak bakal pacampur tétésan-titisan
indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung pamolahna bakal ceplés téés kanu
jadi anak.
Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih
jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap
dampal, getih satétéh ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi
Bapa.
Baeu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina
wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca
balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah
Bapa kahidep téh mémang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning
sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung
kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan ngadua-duakeun huap,
ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu
jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta
ngakirangan nu jadi anak.
Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa
anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku
Bapa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh Bapa
kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.
Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan
diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang,
tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna
Pangéran.
Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta
dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang
hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur
pangharepan.
Sok didu’akeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan

Anda mungkin juga menyukai