Anda di halaman 1dari 4

MC PERNIKAHAN

‫بسم هللا الرحمن الرحيم‬

Bismillah nu jadi bubuka wiwitan nujjadi munggaran kalayan diwuwuh ku sholawat nu janten
rohmat, niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina langkung tipayun mangga urang sami-
sami manjatkeun puji ka dzat nu maha suci, negrakeun rasa syukur ka dzat anu maha ghofur,
anumana mantenana alloh azza wajalla parantos masihan rupi-rupi kanikmatan ka urang sadaya.

Sholawat sareng Salam mugia sapapaosana dicurahkeun ka insan pinilih anu pangkawentarna di
antera manusa sadunya buktina Kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Para sepuh lelencer turus turunan, para pupuhu payung iye nagara, saderek kadang mitra sadaya
anu ku pribados dipihormat ngadegna sim kuring di ieu patempatan seja ngadugikeun rundayan
acara anu insyaalloh baris dipedar dina raraga walimatul arusy dua insan hamba alloh kersana
teh .................... ka a .........................., anu mana anjeuna duaan seja nutup mangsa lalagasan seja
ngalaksanakeun sunah rosul ijab qobul akad pertikahan.
Nanging aya sababara isi acara anu baris dipedar
Anu kahiji eta bubuka,
kalajengan aosan ayat suci AL-QUR'AN di lajeng ku maos sholawat.
kalajengan seren/ sambutan bakal panganten pameget
di lajeng ku panampian kulawargi calon panganten istri
(serah terima secara simbolis)
di lajeng ku anu ka opat akad tikah
di susul ku adat sunda sungkem kalih sawer
anu kalima do'a/ tutup kalayan acara di papas pungkas.
Sumangga acara urang sami-sami buka ucapan basmalah sasarengan

Ibu/bapak hadirin nu sami


Hayu urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al quran anu baris didugikeun ku kersana
ustadz ........................, ka mantena disanggakeun.

Sodaqolloh.........................
Atas nami hadirin ngahaturkeun rebu nuhun laksatibangahan ka kersana ustdz......................... anu
parantos maoskuen ayat suci al quran kalih sholawatna, pamugia janten kasaean khususna kangge
nu maosna umumna kangge urang samudayana malah mandar tiasa nambih kaimanan kalih
kataqwaan urang sadayana ka alloh swt, amiin YA Alloh ya robbal alamin.

Ibu bapa hadirin nu sami hadir nu ku sim kuring di pihormat, sok sanaos surti sami uninga
maksadna nanging tindak tanduk duduga prayoga rupina teu cekap ku sumping wngkul nanging
kedah disarengan ku ucap kalih kedal lisan numawi aya naon jauh jauh dijugjug anggang diteang ka
ieu patempatan, ki kituna ka kersana kasepuhan wawakil kulawargi jembar pangenten pameget
kangge nagdugikeun naon pamaksadanana, ka kersana nu di pihormat
bapak....................................................., simangga di haturnanan.

Alhamdulillah
ngahaturkeun rebu nuhun laksatibangahan ka wawakil ti kulawargi jembar calon panganten
pameget anu parantos ngaduikeun pamaksadanana, hadirin parantos kadangu ku urang sadayana
rehing sanes laku tanpa tuju sanes ............ tanpa seja, purwa aya nu dimaksad seja ngaitkeun janji
pasini manjangkeun simpay babarayaan sakotretna tina hate sakeupel sapeser tangkal rupina seja
nyanggakeun calon panganten pameget miwah cacandakanana

atuh sim kuring ngan saukur darma, teu wasa kapapanjang carita. Kangge panampiana baris di
dugikeun ku kasepuhan wawakil panganten istri ka kersana bapak......................... dihaturanan.

1
Alhamdulillah
ngahaturkeun rebu nuhun laksatibangahan ka wawakil ti kulawargi jembar calon panganten istri
anu parantos ngadugikeun pamaksadanana. Alhmadulillah nungar cadas manggih emas bobok
manggih gorowong meuntas jalan gede sasapuan itu purun ieu daek laksana nya pamaksadan.

Salajengna penyerahan secara simbolis, sumangga ka kersana ibu calon panganten pameget kangge
nyanggakeun hantaran seserahan ditampin ku ibuna calon panganten istri.

Alhamdulillah hantaran parantos disanggakeun ku rombongan calon panganten pameget ka calon


panganten istri , mugia janten jimat manfaat kangge calon panganten anu baris laki rabi.

AKAD NIKAH
Bapa/ibu hadirin nu ku sim kuring di pihormat mangga urang sami sami sakseni acara inti akad
pertikahan dua insan hamba alloh teh .................... putri kadeudeuh bapak ......................... kalih
ibu ................................ ka kersana a............................. putra kanyaah bapak......................... kalih
ibu.............................
Sumangga ka petugas ti Kantor urusan agama kec. Baregbeg kangge mandu acara ijab qobul akad
pertikahan
Kangge saksi panganten pameget
Saksi panganten istri
Kangge khutbah nikah ku kersana
Kangge doa ku kersana ............

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa anu waluya, tresna janji nu tos pasini subaya nutos midua
dina waktu nu tos panuju. Barokalloh ka kersana............................ nu tos ngalaksanakeun akad
pertikahan hayu urang sami doakeun mugia janten kulawargi anu saidun fi dunya wa saidun fil
akhiroh.

Runtuyan saur piwuruk ranggeyan patwa piwejang ngagalindeng matak nineng, ker obor dimana
poek ker itek dimana leueur, batur ludeng waktu keueng batur bungah mangsa susah, paragi
yaliksik diri ngarampa jeng awak.
Hatur sewu nuhun laksa ketikabingahan kapangersa mugia ageng manpaatna.
Amin yaa robal alamin
Giliran anu panungtung acara urang lekasan gera panteng mapat du'a munajat kanu kawasa
minangka jajap panganter gesan mapag kabagjaan dunya rawuh akheratna, khususna kanggo
panganten sakalih umumna urang sadayana.
Kanggo yeseupuhan ieu du'a dihaturanan sareng hormat ka pangersa ….. sumangga di haturanan.
Komentar panutup
Tutug rampung tuntas paragat acara dipapas pungkas kalayan teu aya halangan harungan naon-
naon sumangga urang rumpak sasarengan maosken hamdalah.
Kalajengan pribados atas nami anu mancen tugas iye acara tangtos seer tutus langkung kepang
halangan, bobo sapanon carang sapakan saur nu tekaukur ucap nu teu ka unggang pondok nyogok
nyugak saur pari paos teu aya anu di teda litang ageng cukup lumur neda jembar pangampura ti
sadaya.
Kalayan di tutup ku du'a robbanaa aatinaa piddunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakinaa
a'daabanar.
Wassalamualaikum wr.wb.

Fahmi Cisadap

2
Para sepuh lelencer turus turunan, para pupuhu payung iye nagara, saderek kadang mitra sadaya
anu ku pribados dipihormat
Tutut gunung keong reuma sumangga gera caralik .
Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa anu waluya acara mimiti dipeuteumbeuyan, lalangse
pananya hate ayena urang singranyken, gesan mapag balebat ti belah wetan, rek berlayar tarik
jangkar mapag jalan anu ngembat taya simpangan, nanging memeh kebatna lumampah ranggeuyan
acara urang sebatan :
-munggaran pembukaan.
-anu kadua aosan ayat suci AL-QUR'AN di lajeng ku maos sholawat.
-anu ka tilu seren/ sambutan bakal panganten di lajeng ku panampian.
-anu ka opat akad tikah di susul ku sungkem.
-anu kalima do'a/ tutup kalayan acara di papas pungkas.
Sumangga acara urang sami-sami guluyurkeun.

Komentar aosan al-qur'an:


Hadirin kadang mitra sadaya, mun berlayar tanpa kemudi palang siang katambias, mun hirup tanpa
kadali palang siang bakal sesah, poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat
islam hirupna teh boga padoman sareng gaduh lelencer buktosna AL-QUR'AN.
Bisi lempang pareng sasab, mun berlayar katambias rampang rempeng poekeun jalan sorangan.
saena bae Alloh mah maha bageran tos masihan bener keur pamuntangan sangkan manah janteun
ca'ang giligah ku ka tentreman kalayan maksad ibadah sumangga urang sami sami rungukeun aosan
ayat suci Al-Qur'an, ka saderek/pangersa anu mancen tugas di haturanan.

Komentar : galindeng kalam Ilahi lebet mungkas kana sanubari sumarambah kana manah nyaliara
minuhan salira. sok komo ngartos kana ma'nana, cacakan dirarampa geuning nikmat karaosna .
Deudeul pidu'a kanu Maha Suci mugia ageng manfa'atna utami kanu maosna miwah urang
sadayana
Amin ya Robal ‘alamin

Komentar seren bakal pangaanten :


Selenting bawanig angin kolepat bawaning kilat ,beja aya jajaka rek nyaba rek ngungsi pasini janji
rek ngaguar subaya anu katunda, brul ngimbung ,bral ngabaratay, legedet aletan nana, ngalet
ngengket ngabandalet ngembat-ngembat, gurat badag pasejaan parantos kataroh nanging wincikan
pangesi ati gura kandungan manah eta mah te acan kataroh, gesan ngabenyeur beaskeunana
sumangga ka wawakil tipara tatamu di haturanan
Komentar nampi panganten:
Hadirin kadang mitra sadayana anu ku pribados dipihormat. sakitu pisaur sesepuh wawakil ti para
tamu di guar paragat nembrak sihoreng mana horeng kena kana paripaos :
''caang bulan ambil-ambilan turuktuk hayam kamatu''
seja ngamantu tunggang putra, purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo, purah calik dina
lampit, purah tunggu imah gede kituna teh bari nyepeng tutungkusan.
Gunung luhurna tanpa tutugan kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawi raos
kabingah pribumi mah langkung tikitu.
Giliran anu ka sumpingan, enggal tamu bagiakeun turut tumut nyumponan ajaran babasan
pangeran. Kanu di pancen tugas atas nami pribumi sumangga di haturanan.
Catatan:
-rengse panampian panganten di candak.
-cacandakanana di sanggakeun (biasa secara simbolik)
Komentar akad tikah
Melati linggarna ati cempaka na dada kembang agustus maridang na taratug tutunggulan cinta jeng
cita rek di amproken, akang ...... nyai…… mun kamari kungsi aya carita antara dua waruga antara
akang jeng nyai, wayahna katunda heula saheulana, samemeh masing2 boga tihang geusan boga
pamuntangan, basa jalan simpangan ges ngabulungbung ,engkang mah mengkol ka kenca nyaimah
ka katuhu, dupi udagan tundana dada. Akang …. Nyai…. Ki wari jalan teh tepang dei di hiji,
sumangga gera angkat sasarengan mapay jalan anu ngembat taya simpangan.
cangred geget nu tos leget nyalingkuh di lupuk manik kalbu, tansyah jiyad pidu'a tisadaya di
tunggu-tunggu di para guru pangheman ti para ikhwan katut pang wuwuh ti para sepuh kana
kawening galih kasetraan nana bapa ibu saderek sadayana timpah hatur nuhun ti anggalna.
Hadirin kadang mitra sadaya

3
Ku urang sami kasaksen yen ti sepuh tidua pihakannana sami-sami ikrar manah rumojong kana
kahoyong para putrana manjing kana pari paos !
'''batu turun kesik naek, kalapa tonggohen nana. itu purun ieu daek saruwa bogohennana''.
Hadirin anu sami hadir pepek syarat katut rukun nyakitu panganten sakalih, kantun akad anu teu
acan, atuh mangga ka bapak patugas ti KUA miwah amilna ngagarap hancengannana
Komentar sawer
Hadirin Rohimakumulloh.
Ku endah itu gunung ngarunggunuk ngalak paul katuruban mega bodas lir putri ker kulem saratus
taun.
Duh waas itu lautan mayakpak lir tanpa batas pasing surungkuy ombak lir ngajanjiken sarebu
kaendahan asa naon teing mun ngalakonan, Meren bagja karasana nanging ie buktina mah ayena
akad tikah ges laksana carita lajang jeng bujang ayena mah angges dengen kari mangkat beber layar
mangka teger cekel kemudi, nanging sateacan kebatna lumaku bilih gunung rumpil jalana, bisi laut
gede ombakna ibu/bapak miwah guru maksad mekelan tur ngawur piwuruh dasar mikamelang
kahidep duaan. sumangga kapangersa syaekhuna di haturanan.
Komentar du'a
Runtuyan saur piwuruk ranggeyan patwa piwejang ngagalindeng matak nineng, ker obor dimana
poek ker itek dimana leueur, batur ludeng waktu keueng batur bungah mangsa susah, paragi
yaliksik diri ngarampa jeng awak.
Hatur sewu nuhun laksa ketikabingahan kapangersa mugia ageng manpaatna.
Amin yaa robal alamin
Giliran anu panungtung acara urang lekasan gera panteng mapat du'a munajat kanu kawasa
minangka jajap panganter gesan mapag kabagjaan dunya rawuh akheratna, khususna kanggo
panganten sakalih umumna urang sadayana.
Kanggo yeseupuhan ieu du'a dihaturanan sareng hormat ka pangersa ….. sumangga di haturanan.
Komentar panutup
Tutug rampung tuntas paragat acara dipapas pungkas kalayan teu aya halangan harungan naon-
naon sumangga urang rumpak sasarengan maosken hamdalah.
Kalajengan pribados atas nami anu mancen tugas iye acara tangtos seer tutus langkung kepang
halangan, bobo sapanon carang sapakan saur nu tekaukur ucap nu teu ka unggang pondok nyogok
nyugak saur pari paos teu aya anu di teda litang ageng cukup lumur neda jembar pangampura ti
sadaya.
Kalayan di tutup ku du'a robbanaa aatinaa piddunya hasanah wafil akhiroti hasanah wakinaa
a'daabanar.
Wassalam

Anda mungkin juga menyukai