Anda di halaman 1dari 3

Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Alloh Azza wajalla,

sholawat kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan Alam kanjeng Nabi anu
linuhung tur agung, Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina,
para sahabatna tug dugi ka urang samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin.
Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding,
hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji2na, pribados atas nami
kulawarga Bapa......sareng ibu..... ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku
palawargi samudayana, dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul Urusy
anu janten putrana anu jenenganna Iyan anu maksad bade di dahupkeun ka teh..... dina
danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos
panampian tatamu tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakalideui hapunten.
Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka
mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan.
Lalangse panyana hate, mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan,
namung memeh kebat nya lumampah pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu
acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta
1. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun

Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos
Basmallah maka eta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna,
kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun ayat basmalllah sasarengan.......
Hadirin kadang mulya sadayana ! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias,
Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan,
ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna kitab suci al
Quran. Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung
poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan
maksad ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al-quran anu
bade digalindeungkeun ku sdrk...... , simangga anu kapapancenan dihaturanan.
Panganteur nganuhunkeun
Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape,ngupahan manah nu susah, rembes
nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan
awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat
karaosna. Dedeul dua, mugia ageng manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka
urang sdayana, Amin.
2. seren sumeren bakal panganten, dikawitan ku nyerenkeun bakal panganten pameget.
Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba,
rek nyusul jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral
ngarantay, legeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag. Gurat badag pasejaan para
tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah
tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan
tandang makalangan.
3. Panampian calon Panganten pameget ku atas nami kasepuhan panganten istri.
Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat
nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil
tuangputra purah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit,
purah tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan. Gunung luhur aya tutugan
ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribimi
mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae, ka sdrk ()
anu kapapancenan dihaturanan kapayun.
lajeng seren sumeren Simbolik
Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu
kasanggakeun, sareng nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak,
seren sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun,
oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng
kapayun..
4. Acara pokok/Inti Akad Nikah
Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Hate ratug tutunggulan, mareng cinta
jeung cita rek diamprokeun, panganten pameget wasta........, nu kasep. ka panganten istri
watana... nu geulis. Mun kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu
wayahna katunda heula samemeh masing-masing boha tihang geusan pamuntangan. Basa
jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun
kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh kiwari jalan teh tepung ngahiji deui,
prak bageur geura leumpang babarengan, mapay jalan nu ngembat taya simpangan.
Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we
aya jalan komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh
dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana
sisindiran :
Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna
wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas,
lalkon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung,
gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu
utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia nati, ka patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna,
dihaturanan ngagarap hancenganana.
Panganteu Dua
Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur
obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ledeung waktu keueung, batur bungah
mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka
pangersa....., Muga ageung manfaatna, amin ya robbal alamin.
Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat doa. Minajat kanu
kawasa, minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih
jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan dua, di suhunkeun ridho galihna ka
pangersa...........
Panutup:
Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH

Anda mungkin juga menyukai