Anda di halaman 1dari 3

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Q.S 36:36

َ‫نَا ْنفُ ِس ِه َْمَو ِم َّماَْلََي ْعل ُم ْون‬ َُ ‫يَخلقََ ْاْل ْزواجََ ُكلَّهاَ ِم َّماَت ُ ْۢ ْن ِبتََُ ْاْل ْر‬
َْ ‫ضَو ِم‬ َْ ‫سبْحٰ نََالَّ ِذ‬
ُ

Solawat...........

ِّ ِ ‫و ِم ْن َٰا ٰيتِ ٖٓهَا ْنَخلقَل ُك ْم‬


َ‫َم ْنَا ْنفُ ِس ُك ْمَا ْزوا ًجاَ ِلِّت ْس ُكنُ ْٖٓواَاِليْها‬
َ‫َْل ٰيتٍَ ِلِّق ْو ٍمَيَّتف َّك ُر ْون‬ ٰ ‫َور ْحمةًَۗا َِّنَفِ ْي‬
ٰ ‫َذ ِلك‬ َّ ً ‫وجعلَبيْن ُك ْمَ َّمو َّدة‬
Nu dipihormat,

Tokoh agama (P3N),

Tokoh masyarakat (Ketua RW / RT),

Hadirin palawargi (Sohibul bait)

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka
carita, urang sanggakeun ka Pangran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka
Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku


Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun tiasa kempel ngariung dina ieu
pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang
salaku umat muslim. Kalihna ti eta, urang ngariung th seja nyakseni kalayan
ngadorong ku dua kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul maqosid sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dilimpahkeun ka jungjunan alam, habibana wa


nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dilimpahkeun oge
ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom
muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging
syafaat di yaumil ahir. Amin.

Langkung ti payun ngahaturkeun nuhun ka panatur acara anu parantos maparin


waktos ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu waktos.

Kadua perkawis Hatur swu nuhun utamina kasanggakeun ka Bapa Agus sopandi &
ibu lilis nurhayati sakulawargi umumna warga anu parantos ngangken kalayan
nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang
nyugemakeunana.
Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti do’a ka Nu Maha kawasa, pamugi rupining
kasaean Bapa Agus sopandi & ibu lilis nurhayati sakulawargi sing janten amal soleh
anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.

Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun silaturahim ka parawargi


sadaya di dieu, margi kabita ku dawuhan jungjunan

ِ َ‫سأ َ لَه فِي أَث َ ِر ِه فَ ْلي‬


‫ص ْل َر ِح َمه‬ َ ‫ط لَه فِي ِر ْزقِ ِه أ َ ْو ي ْن‬ َ ‫َم ْن َس َّره أ َ ْن ي ْب‬
َ ‫س‬
nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap
ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun . Anu wastana kadeudeuh bapa .
Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel
hate sareng neng. Putri ka asih bapa . Miwah ibu.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh
lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging
katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur
kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.

Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang
munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.

Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak
mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek
mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata
calagara the, margi asa piraku ti .. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud,
pamohalan anggang-anggang diteang ka .. upami teu aya pamaksadan, tebih ge
pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.

Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk


sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu
purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu
ping .. Insya Allah sejana bade diakadan.

Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi
seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu . Ka pangersa bapa .. sakulawargi, saur
tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna
salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia
ditampi lajeng ditikahkeun ka neng .

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di .. mugi
sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun
sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh
aheratna.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu
bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami
disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing
teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti kanggo neng , mugi
ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna
mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur
seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina.
Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa
muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap
pangjajap sim kuring.

Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti . Nyanggakeun
sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum
kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi
sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar
hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai