Anda di halaman 1dari 3

Parken, 10 April 2016/ tansah ngabaseuhan lambey urang, margi

Mantenna oge teu kendat-kendat maparinan


CONTO PANATA ACARA NIKAHAN nikmat ka urang sadayana, dugi ka urang
sadayana dina danget ayena tiasa ngumpul
Ku: Galih Aji Darma, SD., SMP., STM. ngariung kekempelan dina ieu haplah
mubarokah dina raraga seja ibadah ka Manten-
Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri Na ku ngalangkungan walimatul urusy ieu,
parantos siap kalayan merenah payuneun mugia bae sadaya paniatan urang oge kempelna
Rombongan Calon Panganten Pameget, diandeg urang dina danget ayena, aya dina ridho Alloh
heula di payuneun bumi. SWT,, Aamin yra.

Iber Pidato ti MC : Teu hilap sholawat sinareng salam anu


Ka rombongan pipanganteneun pameget, salalawasna ku urang sadayana diginulurkeun
pamugi kersa ngantos heula sakedap, ka Rosul anu panungtung, ka Nabi anu
sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu pamungkas ka jungjunan urang sadayana,
nu sanes, anu kaleresan teu acan siap. Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW.
Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade Limpahannana mugia sing dugi ka kulawargina
mayungan Calon Panganten Pameget, mangga ka para sahabatna ka tabiin tabiit, tug dugi deui
dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon ka urang sadayana salaku umatna anu teu weleh
Panganten Pameget ka bumi Pipanganteneun teu cape nikreuh ngeureuyeuh, geten tulaten,
Istri. tur apik taliti dina engggoning nampi sareng
ngajalankeun dawuhannana, malah mandar
Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg urang kengeng syafa’atul ujma ti Mantenna jaga
deui, dipapag ku Ibuna pipanganteneun istri, engke di Yaumil Jaza. Aamin yra.
dikangkalungan kembang malati.
Hadirin, para sepuh miwah palawargi sadayana,
Mangga ka ibuna pipangantenneun istri, pamugi utamina para tatamu anu ku simkuring
kersa ngangkalungkeun kembang malati, Tawis dipihormat
panampian tatamu, tanda kameumeut,
kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna Sim kuring muwakilan ti sohibul bait, Bapak
kanyaah, sumangga mangle di kalungkeun ka Budi kalih Ibu, langkung ti payun seja
calon panganten pamegeut,ku ibu/wawakil ti ngahaturkeun salam pangbagea, Wilujeng
pihak calon panganten istri, saparantosna Sumping di Lemah sim kuring di wewengkon
dikangkalungan kembang malati, Bumi Parahyangan Kencana RW 14 Desa Nagrak
pipanganteneun pameget munjungan ka ibu- Kec. Cangkuang. Tebih nya ibu, bandungna
ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu nyingcet ieu mah. Simkuring pun Galih Aji
ramana pipanganteneun pameget, pada-pada Darma, kapapancenan kanggo nata ieu acara
munjungan kadua pihakanana. nanging sateuacan kebat nya lumampah, seja
ngadugikeun rundayan acara anu baris di pedar,
Rengse ngalungan mangle: nyaeta:
1. Bubuka
Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu 2. Lantunan kalam illahi Ku : ......
ramana dihaturanan calik di tempat anu 3. Seren tampi ti 2 pihak calon panganten
parantos disayogikeun. - Panyeren ti pihak calon panganten pameget
Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan ku: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
tempat, mangga milarian tempat heula, supados - Panampian ti pihak calon panganten istri
rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan. ku : Ust. Nasrudin al Jaelani S.Pd.I, M.M
4. Akad nikah *ku petugas KUA
Saparantos para tamu merenah caralik, acara 5. Sungkeman / Do’a
dikawitan: 6. Tutup
Assalamuallaikum. Wr. Wb. Hadirin, para sepuh miwah palawargi sadayana,
utamina para tatamu anu ku simkuring
Alhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min dipihormat
amfusikum azwaajaa, litaskunuu ilaihaa, waja Supados teu nyangkolong kana waktos mangga
'alana bainakum mawadah warahmah, minangka bubuka ieu acara urang sasarengan
washolatu wassalaamu ala rasulillah, maos basmallah. Margi numutkeun katerangan
muhammadin wa’ala aalihi washahbihi waman oge yen satiap perkara anu teu dikawitan ku
walah, Qola rasulullaahu Shalla laahu ‘alaihi maos Basmallah maka eta perkara teh pegat tina
wasalam, annikahu sunnatii faman raghiba ‘an rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi
sunnatii falaesa minni. Amma ba’du. kitu mangga urang sami-sami aoskeun
basmalllah sasarengan.......
Bismillahirrohmanirrohim. Mudah-mudahan ieu
Alhamdulillah, sadaya puji kagungan Alloh, ieu acara tiasa beres roes sarta ditangtayungan ku
kalimah mangga urang sasarengan usahakeun Allah SWT kalayan aya dina kalancaran ti kawit
dugi ka akhir ieu acara. Aamiin ya Rabbal sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad,
‘aalamiin. seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun
simpay babarayaan, sakotretna tina hate.
Hadirin kadang wargi anu mulya sadayana ! Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng
Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang jeung bungkusna nyerahkeun panganten
katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang pameget sareng cacandakanana. Sim kuring
siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo
udagan, mung bagja keur sakumna umat islam pang walerna mangga nyanggakeun kanu
margi hirupna gaduh pedoman, nyeta kitab suci disepuhkeun ti pihak calon panganten istri.
al Qur’an. Bisi leumpang pareng sasab mun
balayar pareng katambias, rampang reumpeung Saparantos rengse panampian ku wawakil ti
poekeun jalan sorangeun, sangkan manah jadi panganten istri:
caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad
ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun Alhamdulillah, Para wargi sadayana, bingah
aosan ayat suci al-qur’an anu baris diaoskeun ku amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu
sdrk . . . . . . . . . . . . . . , sumangga anu taya papadana. Nugar cadas mangih emas,
kapapancenan dihaturanan. mobok manggih gorowong, aya jalan komo
mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik
Panganteur nganuhunkeun sabadana beres naek, itu purun ieu daek, laksana nya
ngaos kalam Illahi: pamaksadan. Nembe ku urang sadayana
kadangu naon anu janten pamaksadan tatamu
Hatur nuhun ka . . . . . . . . . . . . . . . . , mudah parantos ditampi ku hasta kalih kasangga
mudahan galindengna ayat suci Alqur’an nembe kalingga murda, kumargi eta mangga geura
sing janten cukang lantaran ngocorna rahmat hiyap calon panganten pameget miwah
sareng barokah Allah SWT oge ku galindengna cacandakanana. Mangga salah sawios
kalam ilahi nembe tiasa mapaler hate nu cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu
cape,ngupahan manah nu susah, rembes calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon
nembus kana sanubari, sumarambah kana panganten istri.Nu sanesna mah diantaykeun
bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan bae manawi. Ka pageur bagus oge pageur ayu
awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak mangga dibantos, estapet weh supados enggal.
dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna.
Dedeul du’a, mugia ageng manfaatna husus kanu AKAD NIKAH
ngaosna, oge walatra ka urang sadayana, Aamiin Para wargi sadayana..
yra… Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu
waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na
Acara katilu: dada, koleak sakembaran, koceak ninggang
ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, Neng_____________ sareng Cep __________________.
khususna ka calon panganten pameget miwah Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun.
rombongan, nincak ka acara anu katilu, nyatana Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti 
seren tampi, atuh bawiraos emutan pribados, para wargi sadayana, upacara akad nikah seja
pamali mun dilami-lami, angot pami dilila-lila, dikawitan.
nu dianti-anti ti tatadi, ayeuna parantos
nyampak bukti. Sok sanaos sami surti, sami Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor
uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa Nikah.
pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan ..........................................................
manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, Rengse akad nikah:
teu cekap ku surti sareng tekad wungkul,
namung kedah di sarengan ku ucap, geusan Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a
ngabejer beaskeun naon anu janten eusining bainakuma fii khaiir
kolbu dugi ka jauh jauh ge teu burung dijugjug, Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido Gusti
anggang ge teu burung diteang, tebih ge teu anu maha welas  tur maha asih, oge pangdu'a ti
burung disungsi, sumangga wawakil ti pihak sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan
calon panganten pamegeut dihaturanan kanggo lancar. Mugia ieu janten ciciren kana
ngadugikeun lebeting kolbu jeroning ati anu pilancareunna sagala urusan ieu panganten baru
janten pimaksadannana. dina ngambah sagara rumah tanggana, sabadana
di walimahan nembe, mugi –mugi hidep duaan
Saparantos rengse nyerenkeun ku wakil ti sing tiasa ngawangun rumah tangga anu
pamegeut: ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah
kawas majah, ngarendekeh kawas sereh. Sing
Para wargi sadayana, nembe sami-sami ku ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut
urang sadayana kadangu gerentes kalbu sauyunan, sareundeuk saigel sabata
kasepuhan ti pihak calon panganten pameget sarimbangan sabobot sapihanean. Ka cai jadi
miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku saleuwi ka darat jadi salebak, ka cai sing getol
mandi ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih
simbeuh ku kadeudeuh silih kojayan ku
kanyaah, titih rintih mupusti kaasih, tebih tina
hiri dengki anggang tina pacengkadan jauh tina
salingkuh, guyub akur sauyunan, geusan
ngawangun rumah tangga anu sakinah
mawaddah warohmah. Aamin yra

DO'A / panut up

Acara ti kawit dugi ka akhir parantos rengse


dilaksanakeun kalayan aya dina kalancaran,
mugi – mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna
kanggo panganteb kahoyong urang sadaya
sumangga urang munajat sasarengan. Kanggo
mingpin do'a, mangga pangersa __________________
ti dihaturanan.
Ngahaturkeun nuhun ka pangersa anu parantos
mingpin du’a, mugia bae sadaya paniatan urang
oge pamaksadan urang sadayana dikabulkeun
ku Alloh SWT. Aamiin yra….
rupina urang ayena aya dina acara anu
pamungkas.
Ti pribados salaku pangatur waktos, boh bilih
aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi
sareng undak usuk basana, hapunten anu
kasuhun.
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
sasarengan . . . . Alhamdulillaahi robbil
'aalamiin.
Wabillahi taufiq wal hidayah
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Ka para tamu oge kadang wargi sadayana,


sumangga dihaturanan kanggo ngadeudeul du’a
ka panganten baru, diteraskeun kana nampi anu
parantos disayogikeun ku sohibul bait.

Anda mungkin juga menyukai