Anda di halaman 1dari 3

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was
sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi
wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim
kuring atas nami kulawargi bapa .. rawuh
rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun
rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring
parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu
endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati
nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping.
Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia
pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih
panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis
kulawargi ti . Sareng kulawargi ti .., bari
ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh
lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging
katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal
seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang
munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring
sadayana.

Palawargi anu mulya.


Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi,
nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan,
raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut
panata calagara the, margi asa piraku ti .. dijugjug upami teu aya
anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka
.. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi
margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa. Sakalih, Insya Allah sim kuring


seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud
pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi
bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu
aya sanes seja jajap pun . Anu wastana
kadeudeuh bapa . Sakalih,
anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate
sareng neng. Putri ka asih bapa .
Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk
sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu
purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu
ping .. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina
kulawargi seja nyanggakeun
pipanganteneun, nya ieu . Ka pangersa bapa
.. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur
sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes
napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng
ditikahkeun ka neng .

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di
.. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah
suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng
pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan
sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana
kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda
mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari
pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa
hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge
pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing
teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin
upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah
ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti
kanggo neng , mugi ulah
ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna
mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-
umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih
salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido
Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan
tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun
sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti
. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka
parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot
pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim
kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala
rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai