Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Wr.

Wb

Saba’da medalkeun puji syukur ka dzat illahi robbi sareng sholawat ka jungjunan urang sadaya kanjeng nabi
Muhammad SAW …

Salam hormat ka para tokoh agami, pemerintahan, sareng masyarakat ….. Hususon ka para wargi sohibul bait
… Hususon na deui ka Bp amil, KUA sareng para panitia anu sami-sami parantos ngarojong kana
terselenggarana ieu acara.

Simkuring dumadeg di payuneun para hadirin, atas nami kulawargi ti pihak panganten pameget, seja gaduh
3 paniatan :

Ka (1) Seja silaturrahmi, hususon ka kulawargi sohibul bait, atuh umumna mah ka sadayana wargi-wargi urang
didieu (sanaos sababaraha waktos kapengker acal-acal mah parantos)

Ka (2) Seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa kabingahan kana sanes kanten panampianana anu sakitu sae na
sareng ramah tamah na

Ka (3)mangrupikeun paniatan anu “Inti”, nyaeta seja masrahkeun pun anak Ferly Perwadi ka pihak
panganten istri kalih sadaya kulawargina .. mugia katampi.

Nanging pun anak teh estu didikkeun/atikeun bilih tea mah aya hal-hal anu teu acan saluyu sareng tata
karama oge budaya orang dieu, ma’lum masih “ gaya anak muda “ …. Anu mudah-mudahan
saparantos lebet kana jenjang rumah tanggina mah, ditambih bimbingan sareng atikan sepuh-sepuh
didieu , pun anak satahap demi satahap tiasa langkung dewasa ….

Khususon : Simkuring nitip pangeling eling na dina perkawis kaagamaan+peribadahan nana.

Ka (4) Anu pamungkas : sim kuring seja neda dihapunten bilih ti pihak sim kuring parantos ngarerepot urang
dieu …. Nanging sa-kedik-kedikeun aya tawis pangjajap teu sabaraha, nanging sing mangrupikeun
“Simbul” ngahijikeun dua keluarga anu kawitna patebih, malih teu kenal-kenal acan, ayeuna mugia
janten “Keluarga besar” anu mudah-mudahan ku ieu wasilah silaturrohmi tiasa manjangkeun yuswa
sareng nyaketkeun rizki tinu Maha Suci ….. Amin

Tah Kitu Panginten, inti na mah … sim kuring teu tiasa panjang lebar …. Mung sakali deui neda dihapunten
kana sanes kanten kakirangan nana, boh babantunan nana boh tata karama na.

Atuh dina wejangan-wejangan anu parantos didugikeun ku Bapa penghulu sing janten cumantel dina manah
dua panganten, oge sing tiasa ngajalankeun nana, sakali deui nganuhunkeun ka Bp Penghulu ….

Allohu Waliyut taufiq Wal Inayah …….

Wassalamu alaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai