Anda di halaman 1dari 1

TEKS SAMBUTAN

Assalamu’alaikum wr. Wb
Alhamdulillahirobbil a’lamin, washolatu wa salamu a’ala sayidina muhammadin, wa’ala alihi
wa sohbihi ajma’in. (amma Ba’du)
Puji kalih syukur mangga urang sami sami sanggakeun ka Alloh Robbul Gofur, Sholawat
Kalih Salam na mugia sapapaos na di curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana,
nyatana kangjeng nabi muhammad SAW. Teu hilap kapar kulawargina ka para sohabat na ka
para tabi’in atba’u tabiin tubdugi ka urang sadayana salaku umat na mudah mudahan urang
sadayana kengeng syafa’at ti manten na jaga di yaumil Jaza. Amiin ya robbal alamin.

Anu ku simkuring di pihormat, Kersana Pimpinan Pondok Pasantren Tanjung Salam

Anu Ku simkuring di Pihormat, Kersana Pengasuh Pondok Pasantren Tanjung Salam

Anu Ku simkuring di Pihormat, Para Asatidz Wal Asatidzah pondok Pasantren Tanjung Salam

Anu Ku simkuring di pihormat Para santriwan Santriwati pondok pesantren tanjung salam

Kum sadayana hadirin wal hadirot anu teu tiasa di wincik di wiji wiji di wilang di wilah wilah
anu mudah mudahan urang sadayana aya dina rohmat Alloh SWT.

Alhamdulillah urang sadayana tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga
ngalaksanakeun rutinitas urang sadayana nyaeta Kagiatan Muhadlorohan, anu mudah
mudahan Lengkah na dua sampean keupat na dua panangan ka ieu patempatan di
jantenkeun amal ibadah mungguh Alloh SWT.

Anu kahiji Simkuring ti atasnami penyelenggara ieu acara muhadorohan ngahaturkeun


nuhun laksaketi ka bingahan ka sadayana pihak anu parantos ngarojong kana
terselenggarana ieu acara, ti kawit persiapan dugikeun kana waktos ayeuna, ku mangrupi
harta, tanagai oge emutanana, wa bil khusus ka para panitia anu kajadwal dina minggon
ayeuna, anu parantos nyiapkeun sagala rupina, mudah mudahan kasaean para wargi
sadayana di wales ku alloh SWT.

Anu kadua simkuring seja nyuhunkeun di hapunten tina sagala rupi ka kiranganana ieu
acara, ti kawit dugika akhir, boh bilih dina salami berjalana ieu acara aya hal anu matak teu
raos kana manah para hadirin saday pagu ageung panghapunten ti sadayan.

Anu terakhir simkuring teu weleh weleh umajak ka sadayana mangga urang sami sami
ngaronjatkeun ka sumangetan urang dina raraga nyuprih elmu di ieu pasantren, oge
kasadaran urang sadayana dina raraga ngadewasakeun diri urang sadayana, anu mudah
mudahan perjuangan urang sadayana tiasa ka ptik hasil na ka ala buah na, sangkan tiasa
manfaat kanggo nusa, bangsa sareng agama urang sadayana.

Ti simkurin dicekapkeun sakitu bae, hapunten tina sagal rupi ka kiranganana

Wallohu muwaffiq ila aqwami thoriq

Wassalamualaikum wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai