Anda di halaman 1dari 4

Pidato Nyerenkeun Panganten Pameget

Assalamualaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nastaiinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu
alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-iin.

Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi
bapa .. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-
rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-
enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung
paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan
nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea
anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud
mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti . Sareng kulawargi ti .., bari ginuluran sareng rido Allah
Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari
sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju
meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.

Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu
aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.

Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka
nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek
mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti .. dijugjug upami teu aya
anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka .. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti
disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.

Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka
parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh
rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun . Anu wastana kadeudeuh bapa .
Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng.
Putri ka asih bapa . Miwah ibu.

Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti
sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya
kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping .. Insya Allah sejana bade diakadan.

Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi seja nyanggakeun
pipanganteneun, nya ieu . Ka pangersa bapa .. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap
rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo
ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng .

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di .. mugi sing sering
ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan
pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.

Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana,
kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos
kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun
ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging
nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur
pisuluheun.

Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi
ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung
ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh
tawis asih ti kanggo neng , mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu
maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur
seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda
mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku
nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.

Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti . Nyanggakeun sewu bebendu
laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot
pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan
mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.


Assalamu alaikum wr. wb.

Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina


wa min sayyiati amalina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa rosuluhu,
la nabiya badah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang
sanggakeun ka Pangran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang
sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu pamaksadan, dina raraga
nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat muslim. Atuh kalihna ti ta, urang
ngariung th seja nyaksni kalayan ngadorong ku dua kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid
sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana,
Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun og ka kulawargina, ka para
sohabatna, ka tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi
urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun ngahaturkeun rwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim
kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.

Hatur swu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu parantos
ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang
nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem
iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining
kasaan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal solh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya,
wirhna pun anak Cp Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku wargi-wargi, dijajap
ku pirang-pirang pidua, kantenan sans lantung tambuh laku sans lntang tanpa bja. Nanging aya
maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wirhna kapungkur sabadana pun anak, Cp
Tata, patepang anu munggaran sareng Nng Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta.
Bubuhan Nng Titi apan sakitu sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi ndahna bawa ti
kudrat. Dedeg samp rupa had. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna
kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang.
Pantes saupami Cp Tata teras kagmbang kapngpongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik
nak, itu purun ieu dak, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.

Dina danget ieu, Cp Tata th rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas
alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rk muru ka bal nyungcung, manawi aya rido ti
Gusti Nu Maha Agung.

Dina ieu kasempetan, kalayan kasaksni ku wargi-wargi, og diwuwuh ku para sepuh, sim kuring seja
nyanggakeun pun anak, Cp Tata, ka ramana Nng Titi, pangersana Bapa Sastra Wiguna kanggo
ditikahkeun dina danget ieu.

Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Nng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku
sepuhna nyanggakeun Cp Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina
pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satts, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti
luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga
surutu.
Kalihna ti ta, Cp Tata dongkapna ka dieu th stuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu w saurna
nu dibantun th mung sarupi, nyata nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu
ngarngkol osok ngompol.

Numawi Cp Tata teras ngarka sisindiran:

Karta nyorang tanjakan

jalanna maju ka kidul.

(Wios) Cp Tata teu cacandakan,

asal tana bedegul.

Saur Cp Tata, ta nu bedegul lir doran pacul th tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging stu
teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipak pamikul bengkung, dianggo pangrt bingkeng, dianggo
tihul teu hurung. Numawi teras dibantun w ka dieu. Manawi di dieu mah tiasa dimangpaatkeun ku Nng
Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara
rumah tangga.

Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Nng Titi, wirhna Cp Tata th
mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah stuning sepi harti tuna
harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sans rigig santri, dirrt tina lggna sans lgg Bapa Leb,
masih knh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun
rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya.

Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat th katingalna mah
ngaleutngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut th henteu
leubeut ku tanggeuyan, ngembat th teu rbo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan.
stuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. ta cenah aya nu kajingjing sakedik,
kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapsr duka kan sacewir. ta mah haturan wa kanggo
Nng Titi, tamba isin ngaligincing.

Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cp Tata sareng Nng Titi, hidep duaan th mangrupi
sekarmunggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bbr layar tarik jangkar, ngarancana
mungkas mangsa lalagasan, sapuk rk muru ka bal nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep duaan
sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga.

Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk
kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngarndkh kawas srh. Sing ayem tengtrem kutaraharja.
Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot sapihanan. Ka cai jadi
saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh
ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang
tina pacngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah
mawadah wa rohmah.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang
cekapkeun sakitu wa. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur
bah cark. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padsaan. Bilih aya nu
kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabntar taar, kababuk punduk kapangkk klk, kaciwit
imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.

Pamungkas pisanggem, hatur swu nuhun kana sanskawis perhatosanana.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr. wb

Anda mungkin juga menyukai