Anda di halaman 1dari 1

Wajib di alajar ngaji, ngan ulah hayang ka puji

Lahir batin cing ngahiji, pan Allah parantos janji


Allah bakal maparinan, ka jalma anu ariman
Umat Nabi akhir zaman, diakhiran pasti aman

Geura rek aji elmuna, pek taroskeun ka ahlina


Tong isin dulur datangna, ke’ pasti aya hasilna
Dosa lamun teu di ajar, eta jalma pasti sasar
Bakal leungit sifat sabar, sangsara di alam mahsyar

Nyiar ilmu diwajibkeun, ku Rosul diparentahkeun


Anu bakal nyalametkeun, pek di ajarna sing leukeun
Nyaeta elmu agama, nu di sebarkeun ulama
Pikeun sadayana jalma, nu hayang hirup utama

Mumpung aya kasempatan, kanggo milarian jalan


Pilari ridho Pangeran, ulah ngan jadi aleusan
Abdi ukur ngawartosan, kasadaya insan-insan
Sabab a teh ngantosan ka sadaya di dunya ukur ngasaan

Guera pilari elmuna anu aya mangfaatna


Ulah ngan ukur capena teu aya buruhan nana
Ari elmu nu mangfaat eta karaosna nikmat
Kupada jalma di hormat kalayan jadi syafaat

Sabab jalma sadayana henteu aya nu sampurna


Seueur kakirangan nana ngan tang liren milarina
Diajar elmu tauhid sing apal tang kulak keulik
Ngarah teu kabawa palid elmu pikihna sing mupid

Ari tauhid ka gusti Allah simpen jero ati


Yakina sieun ka gusti ti hirup dugi ka mati
Ngarasa hirup di atur senang sehat pakir udur
Ti hirup sampe di kubur ka Allah niu Robun Gopur

Ulah luntur kaibunan ulah kedar ka anginan


Ulah la-as ka hujanan percaya kanuu kagungan
Sadayana teh ti gusti Allah anu gaduh pasti
Nu ngatur hirup jeung mati tekad keun di jero ati

Ieu Pepeling Supaya Urang Areling


MAJELIS TA’LIM NURUS SIBYAN
CIEKEK SIDAMUKTI RT. 01, RW.11
KEL. KARATON

Anda mungkin juga menyukai