Anda di halaman 1dari 2

Alam dunya geus paciweuh Alam dunya beuki poek

Bencana datang ngeureuyeuh Geus loba jalma nu fasek


Nu ma'siat beuki maceuh Umat islam silih ledek
Nu ibadah beuki euweuh Ka ulama wani ngadek
Alam dunya beuki keu'eung Alam dunya beuki angar
Loba jalma nu malaweung Loba jalma anu sasar
Nu doraka beuki anteng Kana takdir geus teu sadar
Kana ibadah teu mayeng Ma'siat di anggap wajar
Alam dunya beuki ruksak Alam dunya geus teu ca'ang
Nu doraka pabalatak Loba beja anu mang mang
Pamarentah geus teu mihak Ngabohong geus teu kapalang
Ka umat islam geus nincak Berita geus nyararimpang
Alam dunya geus pakewuh Alam dunya geus teu angger
Ku bencana angin puyuh Loba jalma anu lieur
Loba tangkal anu rubuh Ka pasantren beuki mindeur
Katut imah ge raruntuh Kana solat ngabalieur
Alam dunya beuki ancur Dunya geus tereh qiamat
Jalma jalma geus lalacur Hayu gancang geura tobat
Silih hewa'an jeung dulur Geura jauhan ma'siat
Poho kana alam kubur Meh bagja dunya aherat..
Wilujeung...!!

Anda mungkin juga menyukai