Anda di halaman 1dari 4

Syiir Tanpo Waton Versi Sunda

Ya roshulalloh.. salam mun'alaik...

Ya rofi'asyaani waddaarojii....

'Athfataiyajii rotal'alaami...

Ya Uuhailaljudi walkaromi.....2X

Ngawitan abdi maos syi’iran

Kalawan muji Gusti Pangeran

Dzat nu maparin rahmat kanikmatan

Siang jeung wengi teu itung-itungan 2x

Duh dulur-dulur ka sadayana

Ulah mung ngaji wungkul syare’atna

Kur pinter dongeng, nulis jeung maca

Akhirna hungkul meunang sangsara 2x

Loba nu apal Qur’an jeung Hadist

Seneng ngafirkeun jalma liana

Kafir sorangan teu dipalire

Padahal masih kotor hatena 2x

Gampang kabujuk nafsu angkara

Dina hiasan gebyarna dunya


Iri jeung dengki beunghar tatangga

Geuring atina poek jeung nista 2x

Yu dulur-dulur ulah mopohakeun

Wajibna ngaji sakabehana

Pikeun ngandelkeun iman tauhidna

Saena bekel mulya maotna 2x

Jalma nu shaleh sae atina

Margi sampurna tingkat elmuna

Ngangge thoriqot jeung ma’rifatna

Sareng hakekat nikmat manahna2x

Al-Qur’an qodim wahyu nu mulya

Henteu ditulis bisa dibaca

Eta wejangan guru waskita

Ditancepkeun dina jero dada 2x

Nempelna ati rejeung pikiran

Asupna badan kabeh jeroan

Mu’jizat Rasul jadi pedoman

Minangka jalan leubetna iman 2x

Kalawan Allah nu Maha Suci

Masrahkeun diri siang jeung wengi


Di tirakatan di riyadhohan

Dzikir jeung suluk ulah di pohokeun 2x

Hirupna tengtrem ngarasa aman

Etateh tanda jalma nu iman

Sabar narima najan pas-pasan

Sadaya takdir ti Gusti Pangeran 2x

Ka dulur batur rejeung tatangga

Kudu rarukun ulah pasea

Etateh sunnah Rasul nu mulya

Nabi Muhammad panutan urang 2x

Yu ngalakonan, sakabehanana

Allah nu bakal ngangkat drajatna

Sanajan handap drajat lahirna

Tapi mulyana maqam drajatna 2x

Mun timang mangsa, dina akhirna

Moal kasasar roh jeung sukmana

Di puji Allah syurga tempatna

Utuh mayitna oge boehna 2x

Ya Rasulullah salamun `alayik

Ya rofi`asyani wadaroji
`Antafa yajirotal `alami

Ya uhailal juudi wal karomi 2x

Wassalaamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Anda mungkin juga menyukai