Anda di halaman 1dari 6

NADOM TAUHID

PAKE
BAHASA SUNDA
1

Ari puji sadaya kagungan Allah * Rohmat salam tetepna ka Rosulullah


Saparantos muji sareng maca salam * Ari sifat dua puluh dina nadom
Cara intan biduri dina kongkorong * Rante emas cahyana gilang gumilang
Nu wajib nu mustahil sareng nu wenang * di pangeran pararosul wajib terang
Lamun henteu terang pastina di siksa * ku gusti Allah anu murbawisesa

Ari sifat di pangeran anu urang * wajib terang dua puluh henteu kirang
Hiji Wujud hartosna aya pangeran *henteu aya eta janteun lelewewihan
Dua Qidam aya taya mimitina * mohal anyar aya mimiti wujudna
Tilu baqo hartosna langgeung teu samar * mohal ruksak cara mahluk anu anyar
Opat muholafah hartosna teh beda * jeng mahlukna mohal Allah henteu beda

Lima Qiyamuhu taala binafsih * Allah jumeneng ku anjen mohal butuh


Genep Wahdaniyat hartosna sa hiji * mohal Allah bibilangan maha suci
Tujuh Qudroh hartosna Allah kuwasa * mohal apes ya’ni Allah teu tiasa
Kadalapan irodat ya’ni keresa * mohal gusti Allah damelna kapaksa
Kasalapan ilmu hartosna uninga * mohal beda ya’ni Allah teu uninga

Kasapuluh hayat hartosna teh hirup * mohal maot eta sifat henteu suruf
Kasabelas Sama’ hartosna teh mireung * mohal torek ya’ni Allah henteu mireung
Dua belas bashor hartosna ningali * mohal picek ya’ni Allah teu ningali
Tilu belas Kalam Allah sasauran * mohal pego eta sifat matak heran
Opat belas Qodiron anu kuwasa * mohal Allah anu apes teu tiasa

Lima belas muridan anu keresa * mohal Allah anu damelna kapaksa
Genep belas aliman anu uninga * mohal Allah anu bodo teu uninga
Tujuh belas hayyan Allah anu hirup * mohal Allah anu maot henteu surup
Kadalapan belas samian nu mireng * mohal Allah anu torek henteu miring
Kasalapan belas bashiron nu ningal * mohal Allah anu picek henteu ningal
2

Dua puluh mutakaliman nu ngadawuh * mohal Allah anu pego teu ngadawuh
Ari dalil sifat anu dua puluh * buktos langit tujuh sareng bumi tujuh
Ari sifat anu wenang di pangeran *mung sahiji eta sifat henteu heran
Wenang Allah ngadamel sadaya mumkin * atawa Allah tinggal ngadamel mumkin
Ngaluhurkeun ngahandapkeun diri abdi * ngadamel pinter jeng bodo diri abdi

Ngadamel sugih jeung miskin diri abdi * ngadamel waras jeung gering diri abdi
Ngadamel hirup jeung maot diri abdi * eta aya dina kawenangan gusti
Ari dalil sifat wenang di pangeran * eta sakumaha anu dina tijan
Lamun wajib ka allah ngadamel mumkin * atawa tinggal ngadamel barang mumkin
Tangtos perkawis nu wenang janten wajib * atawa mustahil eta henteu golib

Ari sifat nu wajib di para rosul * aya opat cobi ku urang di tafsil
Hiji sifat sidiq hartosna teh bener * mohal bohong eta sifat henteu bener
Margi lamun para rosul ngabarohong * tangtos hobar ti Allah taala bohong
Dua amanah hartosna kapercaya * mohal cidra tegesna rosul sulaya
Margi lamun aya rosul nu sulaya * tangtos urang diparentah sulaya

Tilu tableg hartosna teh ngadongkapkeun * mohal para rosul pada nyarumputkeun
Margi lamun para rosul nyarumputkeun * tangtos urang di parentahkeun nyumputkeun
Opat sifat fatonah hartosna pinter * mohal bodo tawa pinter kabalingeur
Margi lamun para rosul bararodo * tangtos eleh hujjahna nalika padu
Ari sifat nu wenang di para rosul * mung sahiji a’rod basyariyah wungkul

Hartosna sifat anu bangsa manusa * dahar leeut sare nikah sabiyasa
Ari dalilna nyaeta kabuktosan * henteu kedah ngalebet-lebet emutan
Janteun ieu aqoid nu lima puluh * kedah terang hiji-hiji masing puguh
Anu wajib dipangeran dua puluh * anu muhal di pangeran dua puluh
Anu wenang di pangeran mung sahiji * janten jumlah opat puluh punjul hiji
3

Anu wajib di para rosul mung opat * kitu deui mustahilna aya opat
Anu wenang dipara rosul mung hiji * cobi jumlah sareung opat puluh hiji
Tangtos jumlah sadayana lima puluh * kantun dalil hiji-hiji masing puguh
Dupi sifat dua puluh di pangeran * eta kabagi kana opat bagian
Anu hiji disebat sifat nafsiyah * nyaeta sifat wujud tea teu salah

Nu kadua disebat sifat salbiyah * anu lima ngaruntuy ba’da nafsiyah


Hiji Qidam dua Baqo katiluna * mukholafah kiyamuhu ka opatna
Sifat wahdaniyat nomer kalimana * mangga geura emutan hiji-hijina
Nu katilu disebat sifat ma’ani * aya tujuh cobi geura taringali
Kudrot irodat ilmu hayat sama’ bashor * kalam janteun jumlah tujuh henteu samar

Ka opatna disebatna ma’nawiyah * sadayana aya tujuh henteu salah


Qodiron muridan aliman jeung hayan * syamian bashiron sareung mutakaliman
Sareng wajib kasadaya murangkalih * anu yuswa tujuh taun tawa lewih
Kedah di pasihan terang ka jungjunan * kanjeung nabi Muhammad janten utusan
Dilahirkeun nana di negara mekah * di utusna oge di Negara mekah

Teras ngalih ka kota negri madinah * teras wafat di pendeumna di madinah


Dupi nasab kanjeung nabi anu masyhur * ti jihat ramana cobi urang tutur
Kanjeung nabi Muhammad putra Abdulloh * anu mashur ayana di negri mekah
Ki abdul mutholib eyang kahijina * Hasyim anu janteun eyang kaduana
Abdu manaf janten eyang katiluna * kusoy anu janteun eyang ka opata

Kilab eyang anu nomer kalimana * muroh anu janten eyang ka genepna
Kaab eyang anu nomer ka tujuhna * luay nu janten eyang ka dalapana
Golib eyang nu nomer ka salapana * fihir nu janten eyang ka sapuluhna
Malik eyang nu nomer ka sabalesna * Nador nu janten eyang ka dua belasna
Ki kinanah eyang katilu belasna * Huzaemah eyang ka opat belasna
4

Ki mudrikah eyang kalima belasna * Ilyas eyang anu ka genep belasna


Mudzor eyang anu ka tujuh belasna * ki nizar eyang ka dalapan belasna
Ki maad eyang ka salapan belasna * adnan eyang anu ka dua puluhna
Dupi nasab kanjeng nabi ti ibuna * putra siti aminah nu kasebatna
Siti aminah putri istrina wahab * bin abdi manaf bin zuhroh putra kilab

Dupi garwa kanjeng nabi anu kantun * waktos wafat kanjeng nabi mung salapan
Hiji siti aisyah kadua hafsoh * tilu siti saodah opat sofiyah
Lima maemunah ka genep siti romlah * tujuh hindun zaenab sareung juwairiyah
Dupi paman rosulullah anu masyhur * hiji hamzah dua abbas nu kacatur
Dupi bibi gusti urang rosulullah * mung sahiji nyaeta siti sofiyyah

Dupi pala putra kanjeung rosulullah * nu pameget sareng istri jumlah tujuh
Hiji sayyid Qosim kadua rukoyyah * tilu Zainab ka opat Siti Fatimah
Lima Ummu Kulsum ka genep Abdulloh * Sayyidina ibrohim anu ka tujuh
Dupi jumlah sadayana para nabi * saratus dua puluh opat rebu nabi
Dupi jumlah sadayana para rosul * tilu ratus punjul lima belas rosul

Nanging anu kawajiban urang terang * mung salawe henteu langkung henteu kirang
Adam Idris Nuh Hud Sholeh wa Ibrohim * Luth Ismail Ishaq alaihimussalam
Ya’qub Yusuf Ayyub Syuaib Musa Harun * Yasa Dzulkifli Dawud wa Sulaiman
Ilyas Yunus Zakaria Isa Yahya * Kanjeng Nabi Muhammad Nabi nu Mulya
Dupi malaikat anu wajib terang * mung sapuluh malaikat henteu kirang

Hiji Jibril anu gaduh padameulan * Ngabantunkeun wahyu tugas ti pangeran


Dua malaikat mikail tugasna * ngatur turun hujan dina salamina
Malaikat Isrofil nu niyup sangka * malaikat Izroil nu nyabut nyawa
Munkar Nakir mariksa di jero kubur * rokib atid nyaeta amal nu kamasyhur
Malik juru kuncina lawang Naraka * Ridwan juru kuncina lawing di surge
5

Dupi kitab-kitab anu diturunkeun * saratus opat cobi urang dadarkeun


Diturunkeun ka Nabi adam sapuluh * di turunkeun ka Nabi Syist lima puluh
Ka kanjeng nabi Idris mung tilupuluh * ka kanjeng nabi Ibrohim mung sapuluh
Kitab injil turunna ka nabi isa * kitab taurot turunna ka nabi Musa
Kitab jabur turunna ka Nabi Dawud * kitab qur’an ka Nabi Muhammad

Ieu nadzom anggitan jalmi nu hina * Haji Syaripudin lengkong alamatna


Kecamatan garawangi kabupaten * kota kuningan Cirebon kresiden
Mugi-mugi gusti Allah ngajantenkeun * Ka simkuring ti golongana sholihin
Amin amin amin ya robbal alamin * bijahi afdolir rusululil mursalin

Anda mungkin juga menyukai