Anda di halaman 1dari 7

Nadzom Fiqih Ku Basa Sunda Ari reuhak ciduh leho korong cileuh

Eta lain najis tapi barang geuleuh

‫نظم فقه كو بهاسا سوندا‬ Anggahota pisah tina sasatoan


Anu hirup hukum bangke sato hewan
‫بسم هللا الرحمٰ ن الرحيم‬ Anging bulu sato hewan nu didahar
Jeung ciduh na kesang kasturi teu samar
Ari puji nu sampurna eta tetep
Kagungan Allah nu kapershifat lengkep FASAL NGABERSIHKEUN ANU NAJIS
Rohmat Allah mugi tetep sareng salam
Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam Suci lamun jadi cuka eta arak
Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Wa b'aduhu iyeu anu dinadzomkeun Ari ngumbah najis anjing sareng babi
Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun Tujuh kali make taneuh nu sakali
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at geude
Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe Ari najis salian anjing jeung babi
Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
FASHAL MERTELAKEUN CAI Tapi utama na ngumbah tilu kali
Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Sakur cai bijil ti bumi ti langit
Meunang dipake susuci najan pait Ari kulit bangke lian anjing babi
Kaya ibun cilaut sumur wahangan Ku disamak eta kulit jadi suci
Hujan buah ciburial jeung cihujan Ari nanah cenang bisul geutih raheut
Dihampura mun saeutik dina sholat
Anging lamun eta cai geus dipake
Miceun najis hadats leutik hadats geude Deui dihampura najis leutik pisan
Maka eta suci tapi teu nyucikeun Teu katingal ku tingali pertengahan
Mun teu robah ku najis anu dipiceun Ari ci kiih budak lalaki anu
Acan umur dua taun ti ngajuru
Deui cai robah sebab kacampuran
Barang suci kaya cai dientehan Sareng acan barang dahar lian susu
Henteu jadi naon-naon cai robah Cukup dikepretan cai tempat itu
Sebab cicing atawa kayu di kulah Ari najis hukum cukup ku sakali
Ngaliwatkeun cai kana tempat tadi
Ari cai saeutik mun kanajisan
Jadi najis najan teu robah teu naon FASAL MERTELAKEUN FARDHU
Sejen lamun cai geude kanajisan WUDHU
Mun teu robah eta teu jadi halangan
Fardhu wudhu aya genep sadayana #
Ari cai kapanasan mata poe Hiji niat kadua ngumbah beungeut na
Eta makruh kana salira teu sae Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikut na #
Makruh soteh mun cai na masih panas Opat ngusap saeutik tina sirah na
Dina wadah nu dipalu lian emas
Lima ngumbah dua suku neupi kana #
Deui makruh cai kacida panas na Mumuncangan tartib rukun ka genepna
Cara makruh cai kacida tiis na
Ngaran cai saeutik nu henteu aya FASAL MERTELAKEUN NU
Tila ratus puncul lima kati jawa NGABATHALKEUN KANA WUDHU

Lamun cukup beurat tilu ratus lima Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu #
Disebut na cai geude ku Ulama Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Lamun wadah pasagi sa asta leuwih Hiji nu kaluar ti salasahiji #
Saparapat eta cai geude deuih Qubul dubur naon bae lian mani

FASAL MERTELAKEUN NAJIS Kaduana leungit akal sebal edan #


Sebab weureu sare sakalor jeung ayan
Sakur 'ain bijil tina qubul dubur Angin jalma sare nu rapet birit na #
Eta najis lian mani nu ditutur Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Anjing babi arak bangke geutih nanah
Bulu bangke tulang ceker na jeung utah Katiluna paantel kulit awewe #
Jeung lalaki duanana pada geude
Anging bangke jalma simeut lauk cai Batal soteh antel jeung lain mahrom na #
Eta tilu rupa bangke tetep suci Serta teu make hahalang antarana
Ari kadar haidh anu pang saeutikna #
Ka opatna nyabak qubul sareng dubur # kadar sapoe sapeuting kaluarna
Bangsa jalma ku dampal leungeun dilager Ari gholibna genep atawa tujuh #
najan kaluarna geutih henteu puguh
FASAL MERTELAKEUN FARDHU
ADUS (mandi) Lima belas dinten jaman pang seueurna #
najan sajam unggal dinten kaluarna
Fardhu adus aya dua masing awas # Suci antara dua hedh saeutikna #
Hiji niat dina hate masing awas lima belas dinten sinareng wengina
Dua ngaratakeun cai kana badan #
Anu dzhohir sareng buuk walatraan Ari dua puluh tilu atanapi #
dua puluh opat gholibna di istri
FASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA Ari seueurna suci teu dianggeran #
ADUS sok aya istri saumur teu kotoran

Ari syarat wudhu sareng syarat mandi # Lamun datang haidh sanggeus manjing
Eta aya sapuluh teu kirang deui waktu #
Hiji islam dua tamyiz tilu suci # anu mahi keur sholat nu boga waktu
Tina nifas sareng hedh mungguh di istri Halna tacan sholat dina waktu eta #
maka wajib qodho sholat nu harita
Opat ulah aya barang any nyegah #
Datang cai kana kulit kaya geutah Lamun leungit man'i maka wajib mandi #
Lima ulah aya barang nu ngarobah # najan tacan nepi kana gholib suci
Kana cai dina tempat nu dikumbah Lamun waktu aya keneh terus sholat #
mun teu aya terus qodho kade lepat
Genep nyaho kana kafardhuanana #
tujuh ulah neqodkeun sunnah ngumbahna Najan eta waktu sholat ngan sakadar #
Kadalapan cai na anu nyucikeun # zaman takbirotul ihrom teu ditilar
sareng anu dua deui ditangtukeun Serta wàjib qodho anu samemehna #
sholat waktu anu meunang dijam'ana
Di jalma nu langgeng hadats eta tangtu #
hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu Kaya suci waktu 'isya sareng 'ashar #
maka wajib qodho maghrib sareng dzuhur
FASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN Ari salian ti eta kaya suci #
KA JALMA BOGA HADTS LEUTIK waktu subuh qodho subuh bae hiji
HADATS GEUDE
Ari saeutikna kàdar zaman nifas #
Saha jalma batal wudhu maka haram # eta sakecretan geutih henteu teras
opat rupa hiji sholat coba faham Ari gholib nifas opat puluh dinten #
Dua thowaf katiluna nyabak qurãn # pang seueurna zaman genep puluh dinten
njan tulisan sa ayat dina papan
FASAL MERTELAKEUN SYARAT
Opat mawa qurãn anging diweunangan # WAJIB SHOLAT
dina barang ulah niat mawa qurãn
Haram ka jalma nu junub genep rupa # Syarat wajib sholat genep masing apal #
ari anu opat tadi jangan lupa Hiji islam dua baligh tilu 'aqal
Opat boga rungu kalima ningali #
Lima cicing di masjid anging di pipir # Genep kadatangan pangajak ti Nabi
genep maca qurãan anging niat dzikir
Ari paharaman sabab hedh jeung nifas # FASAL MERTELAKEUN SYARAT SAH
sapuluh genep nu tadi jangan was-was SHOLAT

Tujuh puasa jeung tholaq ka dalapan # Syarat sah na sholat dalapan perkara #
ari ngaliwat ka masjid ka salapan Hiji kudu suci tina hadats dua
Haram liwat lamun geutih sieun ngecret # Dua suci tina najis dina badan #
ukur makruh lamun aman urat aret Dina tempat sareng dina papakean

Sapuluh dialap suka antarana # Tilu nutup 'aurot opat madep qiblat #
tuur bujal najan teu aya syahwatna Lima kudu geus manjing waktuna sholat
Genep nyaho kana kafardhuanana #
FASAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG Tujuh ulah neqodkeun sunnah fardhuna
NIFAS
Kadalapan ngajauhan sakabehna #
Nu ngabatalkeun kana sholatna
Lamun dina sunah muthlaq maka wajib
FASAL MERTELAKEUN HADATS Qoshdu wungkul jabi ti eta teu wajib

Ari hadats leutik mana-mana barang # FASAL MERTELAKEUN TAKBIROTUL


Anu ngabatalkeun kana wudhu urang IHROM
Ari anu ngawajibkeun kana mandi #
Hadats gede jumlah dua sareng tadi Syarat takbirotul ihrom eta aya
Genep belas syarat teu kengeng teu aya
FASAL MERTELAKEUN 'AUROT Hiji prakna kudu sanggeus nantung bener
Lamun sholat fardhu sareng taya 'udzur
Ari 'aurot lalaki antara tuur
Sareng bujal keur sholat nalika udar Dua kudu basa arab lamun bisa
Ari 'aurot awewe anu dibeuli Tilu kudu lafadz ‫ هللا‬nu kawasa
Dina sholatna 'aurot cara lalaki Opat kudu lafadz Akbar kalimana
Kudu tartib eta lafadz duanana
'Aurot awewe merdeka dina sholat
Kabeh badan salian leungeun beungeut Genep ulah panjang hamzah lafadz ‫هللا‬
Ari luar sholat jeung lalaki sejen "Ba" na lafadz Akbar ulah panjang nu
Kabeh badan najan kuku pangeureutan katujuh
Kadalapan "Ba" na ulah ditasydidan
Ari sareng mahrom sareng pada istri Ulah tambah Wawu eta kasalapan
Antara tuur reujeung bujal hey ki santri
Ari sareng carogena henteu aya Antara dua kalimah dua kasapuluh
Anu 'Aurot sumangga sadaya-daya Ulah nambah Wawu memeh lafadz ‫هللا‬
Kasabelas ulah eureun antarana
FASAL MERTELAKEUN RUKUN Kalimah ‫ هللا‬sareng lafadz Akbar na
SHOLAT
Dua belas sadayana huruf takbir
Rukun sholat tujuh belas hiji niat Sing kadangu ku awak nu boga takbir
Dina hate neja fardhu eta sholat Tilu belas kudu sanggeus manjing waktu
Dua takbirotul ihrom nu katilu Lamun dina sholat nu diwaktu-waktu
Nangtung ka jalma nu kawasa dina fardhu
Opat belas prakna takbir dina tingkah
Opat maca fatihah kalima ruku' Sanggeus urang nyanghareup ka baitulloh
Genep thumaninah dina waktu ruku' Lima belas ulah ngaruksak aksara
Tujuh i'itidal dalapan thumaninah Atawa patukeur deui jeung aksara
Dina eta i'itidalna masing rineh
Genep belas ari takbirna mamum
Kasalapan sujud dua kasapuluh Eta kudu pandeurieun takbir imam
Dina eta sujud dua thumaninah
Kasabelas diuk dina antarana FASAL MERTELAKEUN SYARAT
Sujud dua rukun kadua belasna FATIHAH

Thumaninah dina diuk anu tadi Syarat fatihah sapuluh sadayana


Tilu belas tahiyyat anu pandeuri Hiji tartib tuluy-tuluy kaduana
Opat belas diuk tahiyyat pandeuri Katiluna ngaraksa huruf fatihah
Lima belas maca sholawat ka Nabi Opat ngaraksa tasydidna ulah salah

Genep belas aweh salam nu mimiti Kalimana ulah repeh anu lila
Tujuh belas tartib dina rukun tadi Genep ulah repeh anu henteu lila
Anu neja megatkeun bacaanana
FASAL MERTELAKEUN NIAT Tujuh kudu maca sadaya ayatna

Ari niat eta neja hate urang Kadalapan ulah ngarobah aksara
Babarengan sareng prakna gawe barang Sareng baris anu matak robah m'ana
Ari pangkat niat eta aya tilu Kasalapan macana fatihah kudu
Hiji niat lamun dina sholat fardhu Sanggeus nangtung lamun dina sholat
fardhu
Maka wajib qoshdu t'ayin sareng fardhu
Kaya ngucap usholli fardhol maghribi Sareng maca sakabeh huruf fatihah
Lamun sholat dina anu ngabogaan Sing kadenge ku awakna kasapuluh
Waktu sareng sebab wajib qoshdu t'ayin Sareng ulah kaselang ku dzikir lian
Anging amiin imam anu ngamimitian

FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA Fasal mertelakeun waktu sholat


FATIHAH ‫فصل مرتيالكن وقت صالة‬

Opat belas eta tasydidna fatihah Maka wajib dimana geus manjing waktu
Hiji luhureun lam na lafadaz bismillah Gawe sholat atawa niat nu tangtu
Dua tilu luhureun ro rohman rohim Rek migawe sholat dina jero waktu
Opat luhureun lam na lillaahil 'adzim Jadi dosa lamun urang henteu kitu

Lima luhureun ba na robbil 'alamin Ari mimitina aya waktu dzuhur


Genep tujuh dina ro na rohman rohim Eta lingsir mata poe anu luhur
Luhureun dal yaumiddin kadalapan Ari akhirna lamun kalangkang urang
Dina iyyaaka n'abudu kasalapan Enggeus sarua sareng adegan urang

Dina iyyaaka nasta'in sapuluhna Ari seep waktu dzuhur maka dongkap
Dina shirothol mustaqim sabelasna Waktu 'Ashar hingga mata poe surup
Opat belas diluhureun lafadz dhollin Awal maghrib eta surup mata poe
Ari ngaji ulah kagembang ku ulin Hingga surup mega beureum anu sae

FASAL MERTELAKEUN SYARAT Seep maghrib dongkap deui waktu 'isya


SUJUD Hingga surup mega beureum nu biasa
Seep 'isya dongkap deui waktu subuh
Ari syarat sujud eta aya tujuh Hingga bijil mata poe anu teguh
Hiji sujud dina anggahota tujuh
Hiji tarang sareng dampal suku dua ‫فصل مرتيالكن وقت انو حرام دي فاكي صالة‬
Tuur dua sareng dampal leungeun dua
Haram sholat dina jero lima waktu
Kaduana tarang ulah katutupan Lamun henteu aya sebab anu tangtu
Tilu sabeuratna sirah tong ditahan Hiji waktu mata poe keur bijilna
Kaopatna pangturun na ulah aya Sahingga sakadar satumbak luhurna
Maksud sejen salian ti sujud tea
Dua waktu tengah-tengah langit pisan
Lima ulah sujud kana hiji barang Salian jum'at hingga mengok ka kulon
Anu tepung nu gedag milu jeung urang Ka tiluna rek surup layung nu sae
Genep birit kudu luhur batan sirah Hingga surup pisan eta mata poe
Katujuhna syarat sujud thumaninah
Opat b'ada sholat subuh ka limana
FASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA B'ada sholat 'ashar eta sampurnana
TAHIYYAT Ari sholat qodho mah taya pamengan
Dina waktu mana najan pasosonten
Ari tasydidna tahiyyat nu sampurna
Eta dua puluh hiji sadayana ‫فصل مرتيالكن ركن انو كود طمأنينة‬
Ari tasydidna at-tahiyyat eta
Dina luhureun "ya" sareng luhureun "ta" Ari rukun anu kudu thumaninah
Eta opat, hiji ruk'u ulah salah
Sareng luhureun shodna ash-sholawatu Ka duana i'itidal ka tilu dina
Luhureun "tho" sareng "ya" ath-thoyyibaatu Sujud opat dina diuk antarana
Lillahi tasydidna dina luhureun lam
Luhureun sin ari dina as-salam ‫فصل مرتيالكن انو عابطلكن كان صالة‬

'Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna Ari anu ngabatalkeun kana sholat


Luhureun ya enun sareng ya akhirna Opat belas, hiji hadats kade lepat
Wa rohmatullohi eta luhureun lam Dua katibanan najin mun teu terus
Luhureun sin wa barokatuhus-salam Diragragkeun tina badan serta mulus

Sareng luhureun lam na 'ibadillahis- Tilu kabuka 'aurat mun teu ditutup
Sholihina luhureun shod ya akhi Buru-buru, opat ngucap dua huruf
An-laa ilaaha ( ‫ ) ان آل ٰاله‬di luhureun lam alif Atawa hiji huruf aya hartian
Illallohu ( ‫ ) اال هللا‬dina lam sareng lam alif Kaya ngucap samaksud ngagenihan

Anna Muhammadar rosulullohi Batal deui ku ngadehem anging lamun


Luhureun nun emim ro laamillahi Aya 'udzur ngunikeun nu jadi rukun
Kalimana ngahaja migawe barang Teu kawasa nyangigir nangkarak sholat
Nu matak batal kana puasa urang Serta kedah ganjel sareng nunjang kiblat
Apes keneh maka sholat ku isyarah
Kagenepna dahar seueur najan lali Sareng niat masing lempeng dina manah
Tujuh tilu kali usik nuli-nuli
Kadalapan luncat sareng sabangsana Teu kawasa ku isyarah tuluy jalankeun
Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna Rukun sholat dina hate dijentrekeun
Henteu dihampura jalma tinggal sholat
Kasapuluh nambah rukun anu bangsa Satungtung akalna bener masih inget
Pagawean tur ngahaja teu kapaksa
Kasabelas miheulaan ka imamna ‫ دينا صالة‬u‫ نو ِدتعكل ٓكن‬٢ ‫فصل ٓمرتيال ٓكن روفا‬
Dua rukun bangsa pagaweanana
Tilu rupa ditinggalkeun dina sholat
Atawa mandeurikeun maneh ti imam Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Anging 'udzur teu bisa nuturkeun imam Lamun ninggal hiji fardlu najan lali
Dua belas niat megatkeun sholatna Eta henteu katambal ku sujud sahwi
Katilu belas gantung pegat sholatna
Lamun deukeut keneh wajib balik deui
Opat belas mider-mider rek megatkeun Kana fardlu make tambah sujud sahwi
Kana sholatna mana nu ditetepkeun Ari sunnah entong balik sanggeus urang
Gawe fardlu tapi sujud nambal kurang
‫فصل مرتيالكن سنة ابعاض‬
Ari sunnah haiat henteu kitu kiyeu
Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana Entong sujud entong balik kanu biyeu
Hiji tahiyyat awwal, dua lungguhna Saha anu mang-mang dina rokaatna
Maca sholawat ka Nabi katiluna Kudu nyokot bilangan pangsaeutikna
Dina jero tahiyyah anu awwalna
Pami subuh asa dua asa hiji
Sholawat kaula wargana kaopatna Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi
Dina jero tahiyyat nu pandeurina
Lima maca qunut dina saban dinten ‫فصل ٓمرتيال ٓكن فامكروهان صالة‬
Genep qunut witir saparo romadhon
Seueur pisan pamakruhan dina sholat
Tujuh maca sholawat ka Kangjeng Nabi Sawarehna ngalieuk teu aya hajat
Dina qunut ka sohabat Kangjeng Nabi Kaya ngalieuk barangna bisi leungit
Serta makruh keur sholat nenggak ka langit
‫فصل مرتيالكن بيالعن ركعات صالة نو لما وقت جع ليانا‬
Malihan dawuhan mutawali
Dina sapoe sapeuting roka'atna Ngalieuk teh haram sareng hulaimi
Sholat fardlu tujuh belas sajumlahna Sareng numutkeun qoulna syekh adzro'i
Sareng tilu puluh sujud langkung opat Tanggah ka luhurge haram cara tadi
Jeung salapan puluh takbir langkung opat
Makruh deui ku panon mere isyarat
Jeung sapuluh salam tahiyyat salapan Atawa ku biwir lamun taya hajat
Saratus lima puluh tilu tasbehan Sareng bedas dina tempat anu kendor
Ari rukun dina lima waktu sholat Sareng sabalikna lamun taya 'udzur
Dua ratus tilu puluh punjul opat
Sareng makruh nulak cangkeng taya 'udzur
Ari dzuhur, 'ashar, 'isya bangsa opat Margi eta kalakuan nu takabbur
Rukun hiji waktu lima puluh opat Sareng makruh sholat gancang purat-perot
Margi hiji rokaatna dua belas Rukun oge ampir aya nu kaliwat
Rukun anu bulak-balik masing awas
Sareng makruh peureum mun inggis cilaka
Tambah genep niat takbirotul ihrom Henteu makruh mun teu inggis aya bahla
Lungguh akhir tahiyyat sholawat salam Tapi lamun aya gambar dina tempat
Pangsholatan eta peureum jadi sunnat
َ ‫فصل مرتيالكن َك َو‬
‫نَا دينا صالة‬٢‫اس‬
Dina ruku dina sujud makruh deui
Saha nu teu kawasa kana nangtung Rapet beuteung kana pingping dilalaki
Maka sholat bari diuk sami untung Sareng ngarapetkeun peupeuteuyanana
Lamun teu kawasa diuk maka sholat Dina gigir dina ruku jeung sujudna
Bari ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat
Sareng makruh lungguh cara anjing diuk
Sareng sujud cara gaok macok lauk Tina salasahijina qubul dubur
Sujud cara singa depa eta makruh
Sareng dina ruku handap teuing sirah Atawa ngasupkeun tungtung ramo kana
Qubul dubur dina waktu istinjana
Sareng makruh manjangkeun tahiyyat Dina qodlo hajat sareng istinjana
awwal Masing bisa pisan urang ngaraksana
Salian mamum kajeun sholawat ka al
(keluarga nabi) ‫باب الحج‬
Sareng makruh nyorokkeun ramo leungeun
na Diwajibkeun munggah haji ka baitulloh
Jeung nguyupuk laer teuing disampingna Dina saumur sakali kanu mampuh
Maka lamun sanggeus mampuh pot umurna
Sareng makruh nyiduh ka hareupeunana Maka jadi wajib dihajikeunana
Jeung katuhu henteu makruh ka kencana
Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati Ari rukun haji lima kade salah
Bisi ngecret kana tempat anu suci Hiji ihrom kadua wuquf di 'arfah
Rukun katiluna thowaf di baitulloh
Sareng makruh nekenkeun sabeulah suku Opat sa'i antara shofa jeung marwah
Dina nangtung kenca atawa katuhu
Sareng makruh sholat bari nahan hadats Kalima ngagunting atawa dicukur
Kiih ngising atanapi nahan bobos Tina rambut sirahna sing loba syukur
Iyeu lima salian wuquf di 'arfah
Sareng makruh mun geus hadir kadaharan Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh
Sareng lapar jeung makruh bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina Iyeu rukun-rukun haji jeung 'umrohna
cangkeng Eta aya syaratna sareng fardluna
Anging lamun dipake mageuhan samping Maka wajib sadayana dihartoakeun
Ku sugerning anu bade ngalampahkeun
‫باب الصيام‬
Sareng haram kanu ihrom seuseungitan
Wajib kanu islam saban-saban taun Sareng haram sirah jenggot diminyakan
Tur mukallaf puasa bulan romadlon Miceun kuku miceun buuk sareng jim'a
Jadi jumlah syarat wajib shiyam opat 'Akad nikah sareng muqoddamah jim'a
Hiji islam, aqal, baligh sareng kuat
Sareng moro boboroan tanah darat
Ari fardlu sareng rukun shiyam opat Nu didahar henteu haram sato laut
Ari rukun kahiji nyaeta niat Sareng haram lalaki nutup sirahna
Kaduana nangtukeun niat puasa Sareng haram ka istri nutup rarayna
Saban peuting poe isuk rek puasa
Sareng sarung tangan sareng haram deui
Rek nekanan puasa fardlu romadlon Anu nyarung kaya gamis di lalaki
Atawa nekanan anu dinadzarkeun Maka saha nu migawe paharaman
Katilu nanahan tina dahar leueut Maka dosa jeung wajib dikifaratan
Tina jima tina utah kade lepat
Ari jim'a jaba haram ngaruksakeun
Opat nyaho mimiti jeung panungtungan Kana haji sareng wajib diqodloan
Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang Sareng wajib dina taun sab'adana
Anu ngabatalkeun puasa sapuluh Sareng wajib kifarot geude ngarana
Masing apal ngarah jadi jalma teguh
Sareng wajib ihrom haji sareng umroh
Hiji 'ain anu nepi kana beuteung Tina miqot sareng nginep muzdalifah
Najan leutik sarta dihaja ku urang Sareng nginep di mina sareng ngabalang
Atawa kajero tikoro jeung sirah Jumrotul 'aqobah poenan rayagung
Henteu batal neureuy ciduh nu beresih
Sareng ngabalang jumroh tiluanana
Jeung teu batal asup 'ain kana beuteung Dina poe tasyriq jeung thowaf wad'ana
Teu dihaja atawa dipaksa orang Sareng haram boboroan tanah haram
Jeung teu batal kebul pangayakan tipung Sareng jujukutanana kanu ihrom
Jeung katalanjuran cai kana irung
Sareng kanu henteu ihrom oge haram
Lamun henteu banget dina kekemuna Jukutna jeung boboroan tanah haram
Sareng ngingsreuk cai kajero irungna Sareng tambah mun ganggu di tanah mekah
Dua huqnah hartina ngasupken ubar Kana boroan jeung jukut wajib fidyah
Lamun urang rek migawe hiji barang
Wajibkeun ilmuna heula masing terang
Sabab gusti Alloh  ngawajibkeunana
Eta pasti ngawengku syarat rukun na

Sareng wajib marentah sareng mernahkeun


Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun
Lamun teu jadi fitnah wajib maksana
Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna

Sareng disyaratkeun sadayana amal


Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa Jal
Sareng kadaharan urang kedah halal
Sareng panganggona mun teu kitu gagal

Sareng wajib sadayana ngaraksa


Anggahota urang tina lampah dosa
Margi agama teh dua kalakuan
Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan

Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap


Pikeun jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dlo'if
Anu pamendakna sakalangkung la'if

______________________

Mugi-mugi Gusti Allah ngahampura


Ka guru sim abdi nu mulih ngumbara
Samulihna ti dunya ka rohmatillah
Mugi dijembarkeun tempatna nu indah
Khususna mah kanu kagungan karangan
Ajengan Juwaini ibni 'Abdirrohman

Anda mungkin juga menyukai