Anda di halaman 1dari 1

Nadom Sunda Dimana Ajal Geus Datang Baki gede hanjakalna di dunya kedul amalna

Ku bismillah dikawitan Allah Anu Sifat Rohman Hirup di alam dunya na jongjon ngagaya gawe na

Ieu Nadom Singkat Pisan Nasehat ka ihwan-ihwan Hadits nabi tos nerangkeun di dunya teh pangumbaraan

Hayu batur geura siap Meungpeung hirup ulah hilap Naha atuh kangeunahan henteu toat ka pangeran

Lobakeun amal ibadah bekel jaga di aherat Dimana ajal geus datang kacida hanjakal pisan

Maot teh geus nunggu-nunggu datangna sawaktu waktu Hate pinuh ku ka keueung dibarengan ku kasieun

Bari henteu ngetuk pintu, ngadadak teu mere waktu Dina poe panganggeusan urang ti dunya pamitan

Dimana ajal geus datang moal bisa diperpanjang Liang kubur geus nungguan jasad urang diasupkeun

Sanajan sadetik pisan henteu bisa ditambahan Beuki deukeut deukeut pisan kana liang sempit pisan

Henteu raja henteu rakyat henteu randa henteu pangkat Henteu aya nu nyaangan atuh puguh kapoekan

Kabeh oge pasti maot sanajan nabi ge wafat Poek rupek henteu genah, ngarumasna moal salah

Ari nyawa sareng badan ti baheula babarengan Biasa di kasur endah, ayeuna kasurna taneuh

Datang waktu perpisahan henteu bisa dihalangan Babaturan jeung kenalan sobat sobat handetolan

Di waktos sakarat datang hate pinuh ku karingrang Teu aya nu ngabaturan di kuburan teh sorangan

Nafas maju kana beuheung hate pinuh ku ka keueung Mana harta banda urang nu di ala peuting berang

Di waktu urang sakarat ditunggu ku malaikat Mana anu rek ngabela naha diantep kaula

Nyawa maju mapay urat arek kamana nya lumpat Kacida teh hanjakalna henteu amal di dunya na

Nafas anu panganggeusan kaluar ti badan urang Sing horeng nu manfaatna loba amal ibadahna

Bari na nangkarang bengkang badan ukur tinggal tulang Nurutkeun hawa nafsu na dugika ahir hayatna

Datang ajal kudu pindah ka alam barzah teh hijrah Kedul toat di dunya na ayeuna kari susahna

Waktuna ninggalkeun dunya menuju ka alam baqa Bongan melid bareto na ka ulama teu nurutna

Harta banda teu dibawa, duit dolar sawah lega Bongan bareto teu sholat ka ulama henteu toat

Meunang ngumpulkeun baheula bari meakeun tanaga Kaduhung teh karasana maneh teu daek ngaji na

Usaha mati-matian bari ngareumpak larangan Ayeuna geura rasakeun azab kubur jeung siksaan

Harta jadi kasombongan ngahina ka babaturan Bari jawab pertanyaan Munkar Nakir rek nyoalan

Nepika poho solatna kana sibuk usaha na Lamun teu bisa jawabna malaikat ngagebugna

Nepika poho zakatna bakating ku sarakahna Ku besi hurung panasna eta kitu siksaanna

Ibadah kapopohokeun henteu inget ka kuburan Anging jalma nu amalna loba toat di dunya na

Ibadah teu dilakonan ngudag kana kadunyaan Pasti senang di kuburna salemet di akheratna

Ari geus ngaler nyanghareup di tengah imah sidakep Caketan para ulama ulah jauh ti ulama

Ari geus baeud nangkarak anggahota henteu gerak Anu jauh ti ulama bakal poekeun hate na

Ahirna datang pasaran akhir tutumpakan urang Buru buru geura tobat masing inget ka aherat

Kendaraan bani insan menuju ka alam lian Loba keun maos sholawat supaya meunang safaat

Sawah lega mobil sedan emas intan jeung berlian Dugika dieu nasehat mudah-mudahan manfaat

Sagala rupa pakean ngan tinggal boehna pisan Ka ihwan jeung ka sohabat bekel jaga di aherat

Bermacam macam pakean dibeuli keur kakayaan Sabab di poe kiamat moal aya nu safaat

Alat alat kacantikan meunang meuli mamahalan Angingna nabi Muhammad anu ngabela ka umat

Di alam dunya tinggaleun teu kabawa ka kuburan Nabi nabi henteu bisa engke di aherat jaga

Jadi milik ahli waris si mayit bati ngalengis Ngabela ka umat manusa anging khotimul ambiya

Anda mungkin juga menyukai