Anda di halaman 1dari 6

Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim

dina ‘idil fitri pang saena musim Nu dipingpina ku kanjeng Rasululloh


Bade angkat ka masjid bade netepan Duka teuing anu mana henteu wawuh
‘Idil fitri aya budak sesegrukan Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan
Kanggo senang bungah sarengrerencangan
Nangis pipir masjid baturna arulin
Rayap rame sunang bungah keur arulin Tapi ibu ka.. abdi kalakah nundung
Atos tilu dinten ieu abdi pundung
Manehna nyalindung semu sedih bingung
Nganggo kawai tambal butut Aduh kasep nyaah deudeuh teuing
ngalanglayung ujangApan ieu rama gusti rama ujang
Kapendak ku Rasululloh ros dibujeng Hayu urang ngadeuheus enggal ka Ibu
Ditaros kunaon nangis bae ujang
Aisyah di bumi urang gentos baju
Pan ieu teh dinteun bungah dinten senang
Geuning ujang nangis kawas eukeur Kanjeng Rasul bari nangis hey Aisyah
bingung Ieu putra urang anu nuju susah

Jawabna teh aduh Gusti yaktos pisan Nyaeta ramana teh parantos tilar
Ieu dinten bungah dinten seneng pisan Dina waktos pupugeutna peurang badar
Seneng soteh ka jalma nugaduh rama Dauh Aisyah teh bae putra ibu
Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema Tos timana urang siram gentos baju

Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang Hey Fatimah ieu angkeun rai anjeun
Inget kana diri hirup teh nyorangan Hey Ali geura aku dulur anjeun

Kieu rasana nu ditilar ku rama Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein
Hirup sangsara beda sareng sasaha Ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Teras ku Rasul teh dipangku dirawu Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh
Aduh ujang tos ngahudang macan turun Ngangken dulur rai teras dibubungah

Na iraha jeung di mana rama tilar Dugikakeun leungit rasa kayatiman


Jawabna teh cenah waktos perang badar Ngangken ibu rama Rasul anu heman
Saur Hasan Husein yu mang urang ulin
Sareung batur urang ameng gulen lilin
Teras ameng suka bungah ulin gatrik
Rasul teras ngalakonan ‘idil fitri

Tah sakitu riwayatna Nabi urang


Ngajamin ka anak yatim conto urang

Pikeun conto urang keur hirup di dunia


Tiru ahwal ucap kanjeng anu mulya
Mudah-mudahan urang husnul khotimah
Maot tetep iman islam pasti genah

Susuganan ieu ageung mangfaatna


Kanu maca anu butuh syafa’atna

Sareung urang diangken pisan umatna


Umat kanjeung umat anu pangmulyana
Sareung urang ngarep-ngarep syafa’atna
Anu dingaranan syafa’atul udzma

Aamiin aamiin aamiin yaarobbal ‘alamiin


Ditutup ku muji ka Rabbul ‘alamin
kumaha pangharepan
1) Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya 9) Boro mah keur suka bungah
Amal keur sampeureun tea Ngatur napsu seuri bungah
Di ahir moal sulaya Beak tempo kudu pindah
Nyampeurtkeun ka alam Barjah
2) Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho 10) Geus waktu ninggalkeun
Datangna teu mere nyaho lembur
Ngageretek taya tempo Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
3) Taya beurang taya peuting Mahi keur awak sakujur
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping 11) Rek naon anu di bawa
Teu meunang embung anaking Duit atawa sawah lega
Meunang ngumpul-ngumpul tea
4) Horeng nyawa eujeung badan Belaan nipu pasea
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan 12) Beunang tisusruk tidungdung
Paturay tineung amitan Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung
5) Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan 13) Ibadah kateler-teler
Geuning awak urang pisan Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggeus komper
6) Kaget reuwas mata mencrong Di tengah imah ngagoler
Renghap ranjug munggah
bengong 14) Ngajolopong diruruban
Napas ngangseg na genggerong Diriung ditarungguan
Nu deukeut geus teu katembong Geumpeur pacampur jeung waas
Setan mah bati mupuas
7) Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku Malaikat 15) Harta anu ngunung-ngunung
Nyawa ngangseg mapay urat Pakean duit satangtung
Teu aya daya keur lumpat Ngan masih boeh asiwung
Ditambab kai keur padung
8) Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan 16) Lawang amal geus ditutup
Nabengkang taya dayaanRek Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup 24) Mana sobat mana dulur
Padahal waktu mah cukup Geuning buriak ka lembur
Hanteu maturan di kubur
17) Paingan Rosul ngelingan Sumawon nambahan umur
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan 25) Oge harta banda kuring
Tonggoy hanteu nyubadanan Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana anu rek ngaping
18) Ati ngerik pikir liwung Geuning geus kieu mah kuiing
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buraung 26) Hanjakal aduh hanjakal
Tinggarisik tingrariung Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
19) Abong poe panganggeusan Ngan amal nu jadi bekel
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan 27) Naon keur panyinglar sedih
Geuwatkeun logak ngantosan Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
20) Pasaran mendung dipayung Harta mah geuning teu nolih
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung 28) Enggeus montong rek
Nangkeup dada tingkuyungkung sasambat
Teu guna enggus kaliwat
Bongan bareto teu toat
21) Ngaleut ngeungkeuy Teu kurang nu nganasehat
ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut 29) Tong hantem hahanjakalan
Beuki deukeut beuki deukeut Pan teu kurang nu ngelingan
Kana logak rupek heureut Pek tunggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana
22) Duh geuning enggeus
nyangkorah 30) Peremutan parantosan
Rup ku padung rap ku lemah Mangga geura aremutan
Poek rupek jeung tugenah Sugan manawi jeung sugan
Ngarumas cukireuh susah Ngajadi kamaslahatan

23) Ahli sobat kawawuhan


Teu tolih gancang bubaran 31) Ku maca ieu pepeling
Duh saha nu rek maturan Muga sing jadi panggeuing
Geusan cicing babarengan Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
Nadhom Silsilah Nabi atau Rundayan Jadi ibu jeunh ramana
Nabi Muhammad SAW. Masih keneh sarundayan 2x

Wajib ka jalma islamna


Uninga rundayanana
Jeung Nabi utusan Alloh
Muhamad puteara Abdulloh

Abdulloh putera Mutholib


Mutholib puterana Hasyim
Hasyim putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Qushoy

Qushoy puterana Kilab


Kilab puterana Murroh
Murroh puterana Ka’ab
Ka’ab puterana Lu’ay

Lu’ay puterana Gholib


Gholib puterana Fihir
Fihir puterana Malik
Malik puterana Nadhor

Nadhor putera Kinanah


Kinanah putera Khuzaimah
Khuzaimah putera Mudrikah
Mudrikah puterana Ilyas

Ilyas puterana Mudhor


Mudhor puterana Nizar
Nizar puterana Ma’ad
Ma’ad puterana ‘Adnan

Nuwajib dugika ‘Adnan


Haram nguningakeunana
Ti ‘Adnan dugika ka Adam
Sabab taya jalan shoheh 2x

Wajib deui uningana


Rundayana ti Ibuna
Jeung Nabi utusan Alloh
Muhamad putera Aminah

Aminah puterana Wahab


Wahab putera Abdi Manaf
Abdi Manaf putera Zuhroh
Zuhroh puterana Kilab

Tepang deui ti ramana


Ti Kilab janggawarengna

Anda mungkin juga menyukai