Anda di halaman 1dari 1

NADZOM ANAK YATIM

(Riwayat : Annas Bin Malik)


Kitab : Durrotunnashihin

Kanjeng nabi ngajamin ka anak yatim Nyaeta ramana teh parantos tilar
Dina ‘idil fitri pang saena musim Dina waktos pupugetna perang badar
Bade angkat ka masjid bade netepan Dauh isyah teh bae putra ibu
‘idil fitri aya budak seuseugrukan Tos timana urang siram gentos baju
Nangis pipir masjid baturna arulin Hey Fatimah ieu angken rai anjeun
Rayap rame senang bungah keur arulin Hey Ali geura araku dulur anjeun

Manehna nyalindung semu sedih bingung Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein
Nganggo kawai tambal butut ngalanglayung Ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Kapendak ku Rasululloh ras di bujeng Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh
Ditaros kunaon nangis bae ujang Nganken dulur rai teras dibubungah
Pan ieu teh dinten, bungah dinten senang Dugika keun leungit rasa kayatiman
Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung Ngangken ibu rama rasul anu heman

Jawabna teh aduh gusti yaktos pisan Saur hasan husein yu mang urang ulin
Ieu dinten bungah dinten seneng pisan Sareng batur urang ameng ngulen lilin
Seneng soteh ka jalma nugaduh rama Teras ameng suka bungah ulin gatrik
Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema Rasul teras ngalakonan ‘idil fitri
Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang Tah sakitu riwayatna Nabi urang
Inget kana diri hirup teh nyorangan Ngajamin ka anak yatim conto urang

Kieu rasana nudi tilar ku rama Pikeun conto urang keur hirup di dunia
Hirup sangsara beda sareng sasama Tiru ahwal ucap kanjeng anu mulya
Teras ku Rasul teh dipangku dirawu Mudah-mudahan urang husnul khotimah
Aduh ujang sok ngahudang macan turu Maot tetep iman islam pasti genah
Nya iraha jeung di mana rama tilar Susuganan ieu ageung manfaatna
Jawabna teh cenah waktos perang badar Kanu maca anu butuh syafa’atna

Nudi pingpina ku kanjeng Rasululloh Sareng urang diangken pisan umatna


Duka teuing anu mana henteu wawuh Umat kanjeng umat anu pang mulyana
Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan Sareng urang ngarep-ngarep syafa’atna
Kanggo senang bungah sareng rerencangan Anu dingaranan syafa’atul udzma
Tapi ibu ka abdi kalakah nundung Aamiin Aamiin Aamiin Yaarobbal ‘Alamiin
Atos tilu dinten ieu abdi pundung Ditutup ku muji ka Rabbul ‘alamin.

Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang


Apan ieu rama gusti rama ujang
Hayu urang ngadeuheus enggal ka ibu
Aisyah di bumi urang gentos baju
Kanjeng rasul bari nangis hey aisyah
Ieu putra urang anu nuju susah

Anda mungkin juga menyukai