Anda di halaman 1dari 1

LUMPAT SAKABEH JALMA

Allahumma sholli ‘alaa # Sayyidinaa Muhammadin


Wa aalihi Wa Shohbihi # Wa sallim wa barik ‘alaih

Lumpat sakabeh jalma # Di udag-udag naraka


Taya pisan nu ngabela # Anging amal keur di dunya

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka nabi Adam


Menta tulung jeung Syafa’at # Nabi Adam teh ngadawuh

Aduh karunya teuing # Boro-boro nyafa’atan


Kaula ge ekeur susah # Tuh sugan ka nabi Nuh

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka nabi Nuh


Menta tulung jeung Syafa’at # Nabi Nuh teh ngadawuh

Aduh karunya teuing # Boro-boro nyafa’atan


Kaula ge ekeur susah # Tuh sugan ka nabi Ibrahim

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka nabi Ibrahim


Menta tulung jeung Syafa’at # Nabi Ibrohim ngadawuh

Aduh karunya teuing # Boro-boro nyafa’atan


Kaula ge ekeur susah # Tuh sugan ka nabi Musa

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka nabi Musa


Menta tulung jeung Syafa’at # Nabi Musa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing # Boro-boro nyafa’atan


Kaula ge ekeur susah # Tuh sugan ka nabi ‘Isa

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka nabi ‘Isa


Menta tulung jeung Syafa’at # Nabi ‘Isa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing # Boro-boro nyafa’atan


Kaula ge ekeur susah # Tuh sugan ka kanjeng nabi

Lumpat sakabeh jalma # Muruna ka kanjeng nabi


Menta tulung jeung Syafa’at # Kanjeng nabi teras sujud

Sujud ka yang agung # Nyuhunkeun Syafa’at gusti


Gusti Allah teh nimbalan # Pek ku anjeun Syafa’atan

Cengkat dina sujud # Kanjeng nabi teh ngorejat


Narajang naraka galak # Naraka ampun careurik

Hanjat ka meja hejo # Kanjeng nabi ngahukuman


Dina waktu genep zaman # Jalma rengse sadayana

Anda mungkin juga menyukai