Anda di halaman 1dari 2

Berikut ini syi ir atau nadhom berbahasa Sunda, dari Pondok Pesantren An-Nidhomiyy

ah, Cicurug, Sukabumi:


Allohumma sholli Ala Sayyidina Muhammadin
Wa alihi wa Shohbihi wasallim wa barik alayh
Lumpat sakabeh jalma
Diudag-udag naraka
Taya pisan nu ngabela
Anging amal keur dunia
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka Nabi Adam
Menta tulung jeung Syafa at
Nabi Adam teh ngadawuh..
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa atan
Kawula ge eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi eNuh
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka Nabi eNuh
Menta tulung jeung Syafa at
Nabi Nuh teh ngadawuh..
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa atan
Kawula ge eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Ibrohim
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka Nabi Ibrohim
Menta tulung jeung Syafa at
Nabi Ibrohim ngadawuh..
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa atan
Kawula ge eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Musa
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka Nabi Musa
Menta tulung jeung Syafa at
Nabi Musa teh ngadawuh..
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa atan
Kawula ge eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Isa
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka Nabi Isa
Menta tulung jeung Syafa at
Nabi Isa teh ngadawuh..
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa atan
Kawula ge eukeur susah
Tuh sugan ka Kanjeung Nabi

Lumpat sakabeh jalma


Muruna ka Kanjeung Nabi
Menta tulung jeung Syafa at
Kanjeung Nabi teuras Sujud
Sujud ka Yang Agung
Nyuhunkeun syafa at Gusti
Gusti Allah teh nembalan
Pek ku Anjeun syafa atan
Ceungkat tina sujud
Kanjeung Nabi teh ngorejat
Nulungan para ummat na
Anu cinta ka anjeuna

Anda mungkin juga menyukai