Anda di halaman 1dari 2

"Pepeling Piken Santri Akhir Zaman"

Bismilah jadi kawitan


Alhamdulillah pujian
Tur sholawat ka jungjungan
Nu janten Rosul pilihan

Eling-eling para santri


Hirup kudu sadar diri
Inget tujuan di bumi
Bahwa urang teh rek ngaji

Ceuk saha ngaji babari


Babarimah ngoprek Fb
Lamun heug ngaji babari
Kabeh geh jadi kiyai

Santri penerus kiyai


Kiyai pewaris nabi
Nabi utusan ilahi
Anu ngatur umat di bumi

Hate kula miris pisan


Ninggal santri akhir zaman
Kaloba'ana Fb'an
Daripada Pelajaran

Kitu geh ges alus pisan


Di banding jeung kalobaan
Budak dina akhir zaman
Mentingkeuna sakolaan

Teu inget piken akherat


Hirup asa rek selamat
Padahal tujuan umat
Bagja dunya tur akherat

Kamana jalan ka jogja


Kaditu ka palih wetan
Kamana neangan bagja
Kaditu ka pesantrenan

Inget papatah pun guru


Lamun ngaji ulah turu
Keun bae awak geh kuru
Nu penting elmuna timu

Kula bingah ninggal santri


Komo ka santri salafi
Hirup nage malandiri
Tapi pikeun bekeleun diri

Para santri sing narima


Kana ieu pepatahna
Mugi sing janten elmuna
Kange urang sadayna

Sing ageung pisan hampura


Ka abdi anu nyarita
Hampura pisan salira
Anu kirang tata basa

Hampura kula hampura


Nyieun syair lalawora
Sabenerna kula era
Mugi dulur ngahampura

Ieu syair nu insani


Anu khususna keur abdi
Umumna ka para santri
Ngarah hirup sadar diri

Anda mungkin juga menyukai