Anda di halaman 1dari 1

Papatah Sunda

Hirup Ningali Ka Luhur


Ti awal dugi ka ahir hirup urang di alam dunya
pinuh ku kasieun tur ka hariwang
sok inggis panggih jeung tunggara
antukna hilap ka wiwitanana
ti mana asalna urang
rek mulang ka mana
teu kersa ngadangu pepeling
kawas nu bakal hirup satungtung dunya
dugi ka hilap kana dirina
komo ka Allohna
gunung dijugjug sagara dipuja
nu lain dienya enya

ngalanggar kodrat nu saestuna


janten linglung jeung teu eling
nu diudag udag ukur dunya
bari jeung taya ridona
kufur ni'mat salalawasna
aral dina kecap tur ucapna
hirup ningali ka luhur
nu diharep susuganan
ahirna ti gejebur
kana jurang kanistaan
bongan teu daek narima
hirup asa pangsangsarana
boh lahirna boh batinna
pareumeun obor dina hatena
nu katempuhan awak sakujur

bongan teu hade lampahna


teu daek narima kana kanyataan
moal aya anu tiasa nulungan
lintang ti diri urang sorangan
tobat ka Alloh mulih ka fitrahna
Nu Maha Welas tur Asih ka mahlukna
Alloh sembaheun urang sadaya
da sagala rupina ti Mantenna
Alloh Nu Maha Uninga
urang mah mung sakadar darma ihtiar
Alloh teh sembaheun urang
Alloh teh pentaeun urang
prak laksanakeun parentahna
jauhan laranganana satungtung urang dipercaya
kumalendang di alam dunya.

(Tubagus A)

Anda mungkin juga menyukai