Anda di halaman 1dari 5

Alam dunya geus paciweuh, Bencana datang ngeureuyeuh

Nu ma'siat beuki maceuh, Nu ibadah beuki euweuh

Alam dunya beuki keu'eung, Loba jalma nu malaweung


Nu doraka beuki anteng, Kana ibadah teu mayeng

Alam dunya beuki ruksak, Nu doraka pabalatak


Pamarentah geus teu mihak, Ka umat islam geus nincak.

Alam dunya geus pakewuh, Ku bencana angin puyuh,


Loba tangkal anu rubuh, Katut imah ge raruntuh

Alam dunya beuki ancur, Jalma jalma geus lalacur


Silih hewa'an jeung dulur, Poho kana alam kubur

Alam dunya beuki poek, Geus loba jalma nu faseq,


Umat Islam silih ledek, Ka Ulama wani ngadek

Alam dunya beuki angar, Loba jalma anu sasar,


Kana takdir geus teu sadar, Ma'siat di anggap wajar

Alam dunya geus teu ca'ang, Loba beja anu mang mang,
Ngabohong geus teu kapalang, Berita geus nyararimpang

Alam dunya moal anger, Pasti engke bakal euneur,


Gunung bakal alalunger, Manusa bakal laliyeur

# ALLÃHUMMA BÃRIK LANÃ FII ROJABA WA SYA'BANA..


WA BALLIGHNÃ ROMADHÕNA WA HASHIL MÃQÕSHIDANÃ..
(YÃ ROBBANÃ WA'FU 'ANNÃ, IGHFIR LANÃ DZUNŨBANÃ.. 2x)

Hayu urang Saradia, mumpung keur hirup didunya,


Amal keur sampeureun jaga, Diakhir moal sulaya,
(Back #)

Geuning maot ngadodoho, Tong osok dipoho-poho,


Datangna teu mere nyaho, Ngadadak teu aya tempo
(Back #)

Eling-eling dulur kabeh, Ibadah ulah talobeh,


Beurang peuting ulah weleh, Bisina kaburu paeh
(Back #)
Sabab urang bakal mulang, dialam dunya nu caang,
Umur teh can tangtu panjang, Teuing peuting teuing beurang
(Back #)

Dimana ajal tos datang, Pok megatkeun amalan,


Rek ngajak nyawa urang, Sadaya pasti beunang
(Back #)

Lirik Nadhom Sunda Putera (Putera Puteri) Rosulullah

- Ari PUTERA ROSULULLAH,


- Sadayana aya TUJUH,
- GENEP ti Siti Khodijah,
- HIJI ti Siti Mariyah,

- Sayyid QOSIM pang cikalna,


- SITI ZAENAB ka-duana,
- RUQOYYAH nu pang geulisna,
- FATHIMAH nu diasihna,

- UMMI KULTSUM ka-limana,


- 'ABDULLAH nu ka-genepna,
- Thoyyib Thohir katelahna,
- anu Genep ti Khodijahna,

- IBROHIM nu ka-tujuhna,
- Mariyah janten Ibuna,
- Urang Qibti Nagarana,
- Pamasihan ti Rajana,

- Tah sakitu sadayana,


- Putera Rosul Anu Mulya,
- Nu Wajib diuningana,
- (Ku Jalmi Anu Imanna.. 2x)

Lirik dan Terjemah Nadhom/Pupujian Sunda " Anak Adam "


Anak Adam anjeun di dunya ngumbara,
Umur anjeun di dunya téh moal lila
(Anak Adam kamu di dunia ini hanya merantau/tinggal sebentar, umur kamu di dunia ini tidaklah
lama)
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan,
Saban poé saban peuting dicontangan
(Anak Adam umur kamu itu berkurang, Setiap hari, setiap malam di kurangi)
Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan,
Cul anak cul salaki jeung babandaan
(Anak Adam kamu mati itu sendiri,
Anak suami dan harta di tinggalkan)
Anak Adam paéh euweuh nu dibawa,
Ngan asiwung jeung boéh anu dibawa
(Anak Adam mati itu tak ada yang
dibawa, Hanya padung dan kain kafan yang dibawa)
Anak Adam pasaran téh lolongséran,
Saban poé saban peuting gegeroan
(Anak Adam keranda mayat itu histeris, siang malam memanggil-manggil)
Anak Adam anjeun kaluar ti imah,
Digarotong dina pasaran tugenah
(Anak Adam kamu keluar dari rumah, pada digotong di dalam keranda mayat)
Aduh Bapa aduh Ibu abdi keueung,
Rup ku padung rup ku lemah abdi sieun
(Aduh Bapak Aduh Ibu Aku khawatir, ditutup kayu di tutup tanah Aku takut)
Anak Adam di kubur teh poék pisan,
Nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an
(Anak Adam di kubur itu gelap sekali, Yang menerangi di Alam kubur itu Amalan membacaAl-
Qur'an)
Mohon maaf bila ada kesalahan.

Assalamualaikum wr. wb.


Sahabat santri kali ini saya akan share pantun - pantun penyempurna dakwah supaya dakwah yang kita
sampaikan terjalin komunikatif dan akan menarik perhatian pendengar okey ini dia..

Ka cikoneng ka cikajang
Meli salam jeng kangkung
Eleuh eneng eleuh ujang
Maca salam jiga nu embung

Meli sereh jeng salam


Diladenan ku ceu kuyu
Nu repeh teu maca salam
Didoakeun sing teu payu

Kapar selam keur berlayar


Neangan ucing di ciwineh
Jalma maca salam pasti benghar
Nu cicing pasti leweh
Tokecang tokecang
Melak salam jeung kangkung
Si eneng si ujang
Maca salam jiga nu embung

Di samping disampingnamah
Ngan teu di salempak
Kakuping kakupingnamah
Ngan hanjakal teu kompak

Ka soreang rek meli bawang


Di perjalan meli bolo bolo
Kade eneng ujang teu maca salam
Di doakeun jadi jomlo

Meli bawang teun pak yana


Meli hui teun pak asep
Tepang dei sadayana
Sareng abdi anu kasep

Beli bawang ke pasar


Tak lupa beli susu kera
Saya datang bukan cari pacar
Tapi tuk bacakan susun acara

Assalamu'alaikum
Sayur urab sayur lodeh
Ngajawab mah aya tapi teu kabeh

Assalamu'alaikum
Buuk galin buuk rintik
kakuping tapi ngansaetik

Assalamu'alaikum
Sayur lodeh kurang lada
Ngajawab kabeh tapi kapaksa

Assalamu'alaikum
Tutup limun tina palastik
Meni laun kirang tarik

Assalamu'alaikum
Buuk cepak sirah botak
Rada kompak tapi ciga nunyentak

Assalamu'alaikum
tutup limun tina kaleng
Meni manyun abong keneh garandeng

Assalamu'alaikum
Mataram ka belah kaler
kota medan ka belah kidul
lamun salam teu di waler
Mudah-mudahan sing boga bisul

Assalamu'alaikum
Make sarung tapi teu disolempak
Kakuping tapi teu kompak

sekian dari saya semoga bermanfaat dan bisa membantu

wassalamualaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai