Anda di halaman 1dari 11

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.


Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan
parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah,
purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade
dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan
wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan
keur kahirupan kulawargi. Keluarga Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang,
sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah,
mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma,
sumangga geura gek calik.
Alhamdulilillah alazi ahalan nikaha wa nadaba ilaih, wa haromas sifaha wa wa adal
azaba alima ilaih.
syahadat
sholawat
annisa ... wa min ayatihi
bismillah jadi purwa wiwitan alhamdulillahirobbilalamin Urang anggit ku sekaring puji, ka Illahi Robbi anu
nyakrawati insan pangeusi, langit tur bumi.

Urang buka ku rundayan puja ka Alloh Subhanahuwata'alla anu ngabahu denda sadaya karajaan alam
dunya.

Galuh catur ku saruntuy syukur, ka Alloh nu Maha Gofur, Maha ngurus tur Maha ngatur, sarta anu ngawur
nikmat anu teu ka ukur. Ku ayana berkah ti mantena, urang tiasa riung mungpulung, patepung lawung
patepang wajah Dina raraga walimatun nikah teh

Firda Utami spd PUTRI TI Bpk Tedy Hidayat kalih Ibu elis darina
ka kang Pathur Rochman Sunaryo PUTRA bpk Drs cucun Sunaryo MMPd kalih ibu Hervy Noor Dahlia

kalayan dina kaayaan sehat wal'afiat.

Dipasieup ku du'a mudah-mudahan sholawat miwah salam salamina tumetep ka jungjunan urang sadaya
Habibana wa Maulana Muhammad SAW.

Teu kakantun ka para ahli kanjeng Nabi, anu teu jeujeurih ku pati, demi ngabéla ajaran islami. Ka para
Syuhada anu téga lara ngabéla ajaran mantena tug mudah-mudahan syafaat mantena dumugi ka urang
sadaya salaku umat anu masih mitutur kanu lakuna kalayan nulad kana lampahna. mugia diangken janten
umatna Aamiin YRA.
SESERAHAN
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti
ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga
maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka
(Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget PANGERSANA
___________________________________________________ dihaturanan kapayun kanggo
ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di
maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di PIsepuhti pihak calon panganten Istri.KA PANGERSANA
________________________________________________________Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar
cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu
turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
(TAROS PANGANTEN)
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku
Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih
Ng_____________ KA cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi
sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan
Sim kuring seja ngulem ka para wargi anu ka paparin pancen mangrupi perangkat akad nikah
sumangga ka Petugas Kantor Urusan agama kec ....................................................
kangge wali ..................................................................................
saksi pihak calon panganten istri .................................................
ka calon Panganten pameget ........................................................
saksi pihak calon panganten pameget ..........................................
pangersa .................................................. kangge ngagalindengken kalam ilahi
pangersa.................................................... kangge ngadugiken Khutbah Nikah
oge panganten istri urang sami ulem ku urang sadaya........................................................
raksukan ti.................................. make up ti.................................................
HADIRIN KADANG MULYA SADAYANA! sateuacan di kawitan ieu akad nikah Mun balayar
tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun
jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna
kitab suci al Qur’an.urang sami sami kupingken aosan kalam ilahi anu bade di aosken ku
pangersana ______________________________________
........ saterasna ka bapak petugas KUA waktos tur tempat di sayogiken

PANUTUP
‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬
‫الحمدهلل الذي احل النكاح وندب اليه وحرم السفاح ووعد عليه اشهد ان الاله االهللا وحده الشريك لهو واشهد ان محمدا عبده ورسوله‬
‫اللهم فصل علي سيدنامحمد وعلي ال سيدنا محمد وصحبه كرام البرره امابعد‬
Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Allah Azza wajalla, sholawat kalih
kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur agung,
Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang
samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin.

Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin
kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji-hijina, pribados atas nami kulawarga Bapa (…)
sareng ibu (…) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana.

Dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrana anu jenenganna
(…) anu maksad bade di dahupkeun ka teh (…) dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung
tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten
sakali deui hapunten.

Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate, mapag
balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah pribados
anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta

1. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun
‫كل امر ذي بال ال يبدء باالبسمله فهو اقطع او اجدم‬
Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka eta
perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi sakitu hayu urang sami-sami
aoskeun ayat basmalllah sasarengan..

Hadirin kadang mulya sadayana! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup
Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna
umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna kitab suci al Qur’an.
Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan
sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah, sumangga
urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al-qur’an anu bade digalindeungkeun ku saderek (…),
simangga anu kapapancenan dihaturanan.

Panganteur nganuhunkeun..

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape,ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana
sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami
ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna. Dedeul du’a, mugia ageng
manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka urang sdayana, Amin.

2. Seren sumeren bakal panganten, dikawitan ku nyerenkeun bakal panganten pameget.


Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul
jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut
aleutanana, kalayang kalakay ragrag.

Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan
manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu
dihaturanan tandang makalangan.

3. Panampian calon Panganten pameget ku atas nami kasepuhan panganten istri.


Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak,
sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputra purah nutu,
purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh
bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka
bingah pribumi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae, ka
saderek (…) anu kapapancenan dihaturanan kapayun.

Lajeng seren sumeren Simbolik..

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng
nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik, sumangga
cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu
bade seren sumeren, mangga majeng kapayun..
4. Acara pokok/Inti Akad Nikah
Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Hate ratug tutunggulan, mareng cinta jeung cita rek
diamprokeun, panganten pameget wasta…….., nu kasep. ka panganten istri watana… nu geulis. Mun
kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu wayahna katunda heula samemeh
masing-masing boha tihang geusan pamuntangan.

Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun
kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh kiwari jalan teh tepung ngahiji deui, prak bageur
geura leumpang babarengan, mapay jalan nu ngembat taya simpangan.

Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan
komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar,
manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran :

Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu
hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalkon waktu rumaja, jog
anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal
sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia nati, ka
patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna, dihaturanan ngagarap hancenganana.

Panganteu Du’a

Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana
poek, keur iteuk dimana leueur, batur ledeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi
nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka pangersa….., Muga ageung
manfaatna, amin ya robbal alamin.
Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa,
minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan,
kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa………..

Panutup:
Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH.
. Assalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh
Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana
Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’dah.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi Alloh SWT, kumargi ku kersaning
mantena urang ayeuna tiasa kempel di ieu wewengkon kalayan aya dina rohmat salamet sadayana.

Salam miwah sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya. Ka Habibana
Nabiyana Muhammad SAW, kasadaya kulawargina, ka para sahabatna, kasadayana Tabi’in ogé
Tabi’ut tabi’ina, kasadayana anu sami tumut manut kana ajarana. Kalayan mugia urang sadaya
kénging syafaatna engké di yaumil ahir, Amin ya robbal ‘alamin.

Haturan wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, nonoman istri sinareng pameget ogé ka
sepuhna ti rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring dihormat pisan. Teu hilap ka
sepuhna calon pangantén Istri, ka sadayana kulawargina ogé sesepuhna anu sami dipihormat.

Simkuring salaku panata calaraga dina ieu kasempetan baris ngadugikeun naon rupi acara anu
parantos dibadantenkeun sateuacana, nyaéta:

Jauh jauh hari atau minimal sebelum acara dimulai, run down acara harus diketahui oleh kedua belah
fihak calon pengantin terutama orang yang terlibat langsung dalam urutan acara seperti siapa orang
yang mewakili calon pengantin pria dan wanita, durasi dsb. Seperti telah di bahas pada artikel
sebelumnya.

Contoh Urutan Acara Rundown Pernikahan


Urutan acara pokok pernikahan yang umum dilakukan orang sunda

Lajengkeun deui conto biantarana


Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun

Anu kadua Maos ayat suci Al Qur’an


Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/ Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)
Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Pameget
Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri


Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Ka lima acara Simbolis


Anu badé didugikeun ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén pameget, sakantenan langsung
ditampi ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén Istri

Ka genep mangrupi acara anu utami Akad Nikah/Ijab Kobul


Anu badé dipingpin ku patugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)

Anu salajengna acara pamungkas dina ieu acara sérén tampi, mangrupi Du’a anu baris didugikeun ku
simkuring sakantenan nutup acara.

Hadirin anu sami lenggah dina ieu acara, hayu urang sami ngamangpaatkeun waktos. Acara urang
kawitan ku Maos ayat suci Al Qur’an. Ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz…(Sebutkan nama) mangga
dihaturanan.

Setelah selesai pembacan ayat suci Al qur'an


Hatur nuhun ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz...(Sebut namanya), anu nembé réngsé ngadugikeun maos
ayat suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka anjeuna anu maosna,
hususna ka dua calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin ya robbal 'alamin.

Catatan
Acara berlanjut sesuai urutan yang telah disebutkan di atas, dan hal terpenting setiap selesai yang
diberi kewenangan menyampaikan tugasnya masing masing. Pengatur Acara (MC) memberikan
ulasan singkatnya minimal mengucapkan terimakasih atas sambutanya.

Akan tetapi jangan mengulas terlalu dalam, karena dalam serah terima calon pengantin biasanya ada
unsur “Jual Beli” Bahasa dan istilah. Yang sudah menjadi tanggung jawab masing masing
petugasnya (Ulah pacorok kokod/Intervensi/Overlapping :D)
Sampai pada acara pokok Walimatun Nikah
Sebelum acara akad nikah dimulai MC/Pembawa Acara harus sudah mengetahui dari hasil
perundingan kedua belah pihak. Apakah calon pengantin Istri akan diikut sertakan dalam acara ijab
kobul atau tidak. Tergantung hasil musyawarah antara keluarga kedua calon pengantin

Lajengkeun deui conto biantarana


Alhamdulillah ayeuna nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung sateuacana
acara dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami nyakséni kalayan
panyuhun pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur langsar.

Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan linggih di tempat
anu parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah pihak supados tatan tatan, ka kaméramén
photo sareng vidéo mangga milari tempat anu merenah kanggo ngadokumentasikeun ieu acara.

Ka parawargi sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung hapunten anu
kasuhun ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé saéna hapé dipareuman
atanapi dijemplingkeun (Silence).

Hiji deui anu kalintang pentingna, sabadana Ijab Kobul Akad Nikah panyuhun ulah kaleprok DA
SANÉS JAPATI dikeprokan. (Mangga heureuy mung ulah nyéépkeun waktos :D)

Langkung payus kedal lisan ku du'a sakedikna Alhamdulillah Barokalloh.


Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.

Anda mungkin juga menyukai