Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Wr.Wb ........

Alhamdulillahirobbil alamin washolatu wassalamu ala asrofil ambiyai walmursalin waala


alihi wasohbihi ajmain ammabadu. Tipayun urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka
hadirot iilahirobi, anu mana anu kesempatan iye kempel ngariung dina acara
pernikahan ................. (.....................)................. (.....................). Teu hilap solawat sinareng
salam mugia dicurahken ka nabi, kaurang sadaya habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Te
hilap ka keluarganam ka para sahabatna, dugi ka urang sadaya pengikut ajaranana...
Bapak-bapak, ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring,
sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamullilah calon panganten pameget miwah rombongan
parantos sumping ngaleut ngenkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatong pinang.
Bismillah pura wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara

Babasan padika pagawean lamnun nagtung ka jungjunan, sing kikis bantun jeung tumbu
buah seureuhna, neda panyaksen acara bade dikawetan.
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan, jagong tuhur meunang ngunun
haturan wilujeung sumping, di sugeng ing pucu galuh Kelurahan (.......................) katelahna,
tempat anyar pengharepan sarakan keur kahirupan kulawargi. Calon panganten istri bisi si jalu
hanjelu si Lanang hancewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah
rombongan. Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka
kabersihan manah (mangle dikalungkeun)
Haturan wilujeung sumping ka calon pameget.

Bismillahirrahmanirrahim. Par ahadirin miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon


panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu
kedah di lila-lia, nu di anti-anti titadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok
sanaos sami surti, sami uningan maksadna, nanging kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi
duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos di paparinan manah, rasa lisan dina saliring
dumadi. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam Ilahi
nu bade dilantunkeun ku (...............................) ngahaturkeun nuhun ka (...............................)

Nu parantos ngalantunkeun kumandang kalam Ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna


kanggo nu maoskeun khususna, umumna ka urang sdaaya anu sami-sami ngupingkuen. Amiin.
Calon pangenten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamanahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang sumangga geura wakceun masing
balaka.
(sumangga ka pangerasa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan ka payun
kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning atiu)

Para wargi sadaya, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu ksepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan. Lain lantung tabuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di
maksud, seja ngaitkeun janji pasini majengkeun simpal babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser
daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget.

Anda mungkin juga menyukai