Anda di halaman 1dari 4

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan


parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean
lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara
bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.

Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh
kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.

Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon
panganten pameget miwah rombongan.

      

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah,
mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle
di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga
geura gek calik.

SESERAHAN

Bismillahhirrahmannirahim.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti
ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi
duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.

Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung kedah di bejer
beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di
lantunkeun ku _____

      

Ngahaturkeun nuhun ka ___ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan


ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami
ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.

Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan.

Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji
pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. 

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu
di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.

Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan
batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana 

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu
calon panganten istri.

Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng__cep ________
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti  para wargi
sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah.............

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti
sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman. (Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa________)

      

Orang yang Menderita Sakit Pinggul dan Lutut Harus Tahu!

Recommended by

DO’A 

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan
Gusti nu maha suci.

Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a. Kangge mimpin ieu
do’a. mangga ka pangersa ______ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,
undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai