Anda di halaman 1dari 6

BUBUKA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Bapa-bapa, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon pangantén pameget miwah rombonga


n parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagaw
éan lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda pany
akseén, acara baris dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTÉN PAMEGET

Pangersa calon pangantén pameget miwah rombongan, jagong tuhur meunang nguntun, hatur
an wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna, tempat anyar pangharep
an sarakan keur kahirupan kulawargi. Calon pangantén istri, bisi si jalu hanjelu si lanang hon
céwang, sumangga geura hiyap calon pangantén pameget miwah rombongan.

(UPACARA ADAT MAPAG PANGANTÉN)

PANGALUNGAN MANGLÉ

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna ka
nyaah, mangga geura kalungkeun éta manglé tawis parungrum haté perséka kabersihan mana
h (manglé dikalungkeun).

Haturan wilujeng sumping ka calon pangantén pameget. Tutut gunung kéong reuma, sumang
ga geura gék calik.

1. PEMBUKAAN

Bismillahirahmanirahiim..
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Laa ilaha illallah, laa maujuda illallah


Laa ilaha illallah, laa ma’buda illallah
Laa ilaha illallah, laa matluba illallah
Laa ilaha illallah, laa maksuda illallah

Bapa/Ibu para wargi sadayana anu ku simkuring dipihormat.


Alhamdulillah teu hilap urang sami-sami sanggakeun kahadirat Ilahi Robbi nu maha Gofur, r
éhna dina danget ayeuna urang tiasa riung mungpulung dina ieu patempatan, paamprok jongh
ok dina acara jatukrami:
Kang Ilham Nurahman putra Bapa Alif Akmal Firdaus sareng Ibu Qonita Hafiza
Ka
Téh Sasria Dhaneswara Bimoputri putri Bapa Muhammad Azhar Fauzan Azhiiman sar
eng Ibu Haifa Fasya Azzahra

Dina kaayaan sehat wal afiat.


Teu hilap solawat sinareng salam mugi ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang, Habibana wa
Nabiyyana Muhammad SAW., ka kulawargana, para sahabatna, katut urang salaku umatna, A
amiin yaa Robbal Alaamiin..

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat, dina danget ayeuna simkuring pun Aray Favian A
ubin baris janten panata acara dina ieu kasempetan. Anapon runtuyan acara dina ieu acara ny
aéta

(BACA SUSUNAN ACARA)

1. Pembukaan
2. Pembacaan ayat suci Al-Qur’an
3. Sérén sumérén
4. Sésérahan simbolis
5. Khutbah nikah
6. Akad nikah
7. Tausiyah / naséhat pernikahan
8. Foto buku nikah + mahar
9. Sungkeman
10. Sawéran
11. Bantaian
12. Do’a
13. Resépsi

2. PEMBACAAN AYAT SUCI AL-QUR’AN

Para hadirin, miwah para tamu nu ku simkuring dipihormat, hususna ka calon pangantén pam
eget miwah rombongan, bawiraos émutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-
lila, nu dianti-anti titatadi, didado-dado ti baréto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami
surti, sami uninga maksadna, nanging kanggo nyumponan tindak tata titi duduga. Peryoga ma
nusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi. Teu ce
kap ku surti sareng tékad wungkul, namung kedah disarengan ku ucap.

Teu saé miulan awi, méré cai geusan mandi, méré huhut tina guguran. Namung kedah dibéjér
béaskeun, kembang boléd nu tétéla.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu ba
ris dilantunkeun ku Fazila Afia Syahputri

3. NYÉRÉNKEUN

Ngahaturkeun nuhuhn ka Fazila nu parantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-


mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadayana anu
sami-sami ngadangukeun. Aamiin..

Calon pangantén pameget miwah rombongan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh
di jugjug anggang-anggang ditéang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka.
Sumangga ka pangersa kasepuhan calon pangantén pameget dihaturanan kapayun kanggo nga
dugikeun lebetning kalbu jeroning ati.
Mangga ka kersana Adriani Shofiy Afifa waktos sareng tempat dihaturanan.

4. PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembé sami-sami nyakséni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon pan
gantén pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanés lunta tanpa seja, purwa a
ya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini, manjangkeun simpai babarayaan, sakotrétna tina
haté.

Sakésér daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun pangantén pameget
sareng cacandakanana. Simkuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pangwaler
na mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon pangantén istri.

Mangga ka kersana Agnaia Darasyifa Alamsyah waktos sareng tempat disayogikeun.

5. SÉSÉRAHAN SIMBOLIS

Para wargi sadayana, bingah amarwatasuta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nug
ar cadas manggih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gedé sasa
puan, batu turun keusik naék, itu purun ieu daék, laksana nya pamaksadan.

Salajengna mangga ka Ibu ti calon pangantén pameget, kalih Ibu ti calon pangantén istri ka p
ayun kanggo masrahkeun cacandakeunana sacara simbolis.

Ka kersana (Ibu Qonita sareng Ibu Haifa) waktos sareng tempat dihaturanan.

6. KHUTBAH NIKAH

Hatur nuhun ka (Ibu Qonita sareng Ibu Haifa)

Acara salajengna nyaeta khutbah nikah. Dina ieu kasempetan, baris didugikeun ku Ustadz Ra
den Muhammad Zhalfa Maganthis Adiwilaga (Khutbah Nikah) Kakersana dihaturanan.

https://sg.docworkspace.com/d/sAJUDLRnDzNQz3o7F87KnFA

7. AKAD NIKAH

Hatur nuhun ka Ustadz Zhalfa kana sakumha naséhat anu tos dipaparin, kanggo urang umumna, ka
nggo pangantén hususna.

Para hadirin, miwah para tamu nu ku simkuring dipihormat.


Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na
dada, koléak sakembaran, kocéak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih Kang Ilham kali
h Téh Sasria

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangnyata neda panyakséni ti para
wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.
Mangga ka calon pangantén pameget tiasa nyuhunkeun do’a ka Ibu Rama. (CPP sungkem ka
Ibu sareng Bapa nyuhunkeun doa restu)

Sumangga ka Kang Ilham calik di tempat anu parantos disayogikeun


Sumangga ka saksi ti calon pangantén pameget kalih saksi ti calon pangantén istri, kakersana
(saksi ti calon pangantén pameget) Faiz Wafi Prastyanto kalih (saksi ti calon pangantén
istri) Daffa Rizkia Triana dihaturanan.
Ogé nu dipihormat Wali nikah, kakersana Bapa Muhammad Azhar Fauzan Azhiiman dihat
uranan.
Sarta ka pangersa Bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun akad tikah,
kakersana Bapa Muhammad Mirza Athilah (Bapa KUA) … dihaturanan.

Teks Ijab Qobul

Azhar : Saya nikahkan engkau ananda Ilham Nurahman bin Alif Akmal Firdaus dengan a
nak kandung saya Sasria Dhaneswara Bimoputri dengan mas kawin berupa emas 50 gram
(bisa diganti dengan jumlah atau barang lain), TUNAI.

Ilham : Saya terima nikahnya Sasria Dhaneswara Bimoputri binti Alif Akmal Firdaus de
ngan mas kawin tersebut, TUNAI.

Mirza :

8. NYAURAN PANGANTÉN ISTRI

Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido Gusti nu Maha Welas Asih, ogé pangdu’a ti sadaya
na, akad nikah parantos réngsé kalayan lancar.

Mangga ka pangantén istri tiasa ka luar, kanggo nyanding sareng pangantén pameget.
Sumangga ka Téh Sasria diantos di tempat anu parantos disayogikeun.
(Tiasa ditambihan musik pengiring/ solawat)

Alhamdulillahirobbilalaamiin..

Wilujeng ka pangantén Kang Ilham kalih Téh Sasria anu parantos sah janten suami istri.

Barakallahulaka wa baraka alaika wa jamaa baina kumaa fii khoir..

Wilujeng, mugia salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT. Aamiin yaAllah, Aamiin y
a Robbal Alaamiin..

9. TAUSIYAH / NASÉHAT PERNIKAHAN

Ayeuna urang tos dugi kana acara salajengna nyaéta naséhat pernikahan nu baris didugikeun
ku Bapa (nu ngadugikeun tausiyah) … kakersana dihaturanan.
https://sg.docworkspace.com/d/sAP-QKu3DzNQzgZDF87KnFA

10. FOTO BUKU NIKAH + MAHAR

Hatur nuhun ka Bapa (nu ngadugikeun tausiyah) … kana naséhat nikah nu parantos didugik
eun. Mugi tiasa janten mangpaat kanggo kadua pangantén janten kulawargi nu bagja, harmon
is, sarta sakinah, mawaddah wa rahmah.

Sumangga kanggo poto buku nikah sareng mahar, disanggakeun ka tim potograper

11. SUNGKEMAN

Salajengna baris aya prosési sungkeman. Sumangga ka pangantén kalih Ibu Rama tiasa calik
di tempat anu parantos disayogikeun

Bapa panga Ibu pangant Ibu pangant Bapa panga


ntén istri én istri én pameget ntén pameg
et

(Téks sungkeman aya dina lampiran)


https://sg.docworkspace.com/d/sAGfPdtnDzNQz47nK87KnFA

12. SAWÉRAN + BANTAIAN (MC : MOVIC)

Salajengna prosési sawéran sareng bantaian, sumangga ka tim upacara adat kanggo mingpin

(Téks sawéran + bantaian aya dina lampiran)


https://sg.docworkspace.com/d/sAItjICLDzNQz3r3K87KnFA

Meuleum Harupat
Nincak Endog
Meupeus Kendi
Huap Lingkup
Betot Bakakak

13. DO’A

Acara munggaran dugi ka ahir parantos réngsé, mugi urang sadayana aya dina panangtayunga
n Gusti nu Maha Suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya, dilajengkeun kan
a do’a. kanggo mingpin ieu do’a, sumangga ka pangersa Muhammad Rasyid Ridha dihatur
anan.
https://sg.docworkspace.com/d/sAOxq0PbDzNQzk9HK87KnFA

14. RESÉPSI
Hatur nuhun ka Ridha nu parantos mingpin. Mugi urang sadaya aya dina kaberkahan. Aamii
n ya Robbal Alaamiin.

Alhamdulillah sakumna prosési parantos réngsé dilaksanakeun.


Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata t
iti, undak usuk basa, hapunten anu diteda. Urang pungkas ieu aya ku maos hamdalah sasaren
gan.

Alhamdulillahirobbilalaamiin..

Simkuring pun Aray Favian Aubin amit mungkur amit mundur, hatur nuhun kana perhatosa
nana.
Billahi taufiq wal hidayah, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

(Mangga ka sadaya personil tiasa sasalaman ka pangantén, ngocapkeun pangwilujeng)

Anda mungkin juga menyukai