Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Warrohmatulohi Wabarokatuh

Alhamdulilahirobil alamin wasolatu wasalamu ala asrofil anbiyai wal mursalin wa ala
alihi wasoh bihi ajmain (amma ba’du)
Anu jadi kahurmatan puji miwah syukur urang sanggaken ka alloh swt anu alhamdulilah
kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa riung mungpulung patepung lawung
patepang wajah dina raraga walimatul ‘ursy
Anu mudah mudahan kempelna urang sadaya dina ie patempatan ngajantenken hiji
berkah dilancarkenana ie acara amin ya alloh ya robal alamin
Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul
wastana kangjeng nabi Muhammad saw
Te hilap ka para keluargana sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh
dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin
Hatur wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, ti pihak istri sinareng pameget,
ogé ka sepuhna ti rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring
dipikahormat pisan. Teu hilap ka sepuhna calon pangantén Istri, ka sadayana
kulawargina ogé sesepuhna anu sami dipihormat.
Alhamdulilah Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin th wirẻh kapancẻnan salaku
panata acara
bade ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nyaeta di antawisna :

Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun

Anu kadua pembacaan ayat suci Al Qur’an


Anu baris didugikeun ku pangersa (ustadz ujang)

Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Pameget
Anu baris didugikeun ku pangersa (Bapak hidayat)

Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri


Anu baris didugikeun ku pangersa (Bapak ali)

Ka lima acara Simbolis

Ka genep mangrupi acara anu utami Akad Nikah/Ijab Kobul


Anu badé dipingpin ku patugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)
Anu salajengna acara pamungkas dina ieu acara sérén tampi, mangrupi Du’a anu
baris didugikeun ku (ustad wahyu)

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu acara urang buka wae ku ngaos basmalah sasarengan.
(Bismillahirrahmanirrahim..)
Alhamdulilah ie acara atos kurang sadaya dibuka tah kangge acara salajengnna urang
langsung wae nyaeta
Acara kadua, nyaeta pembacaan ayat suci alquran. Anu baris didugiken ku
pangersa……… (ustadz ujang)
waktos sinareng tempat disanggaken
(pembacaan ayat suci alquran)

Hatur nuhun ka pangersa Ustadz(ustadz ujang), anu nembé réngsé ngadugikeun


pembacaan ayat suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka
anjeuna anu ngaosna, hususna ka dua calon pangantén, umumna kanggo urang
sadaya, Amin ya robbal 'alamin.
lanngsung wae ka acara Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh
calon pangantén Pameget
Anu baris didugikeun ku pangersa (Bapak hidayat)
Mangga waktos sinareng tempat disanggaken

Salajengna Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri
Anu baris didugikeun ku pangersa (Bapak ali)
Mangga waktos sinareng tempat disanggaken
Salajengna nyaeta acara Simbolis
Anu badé didugikeun ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén pameget,
sakantenan langsung ditampi ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén Istri

Alhamdulillah ayeuna nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung
sateuacana acara dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami
nyakséni kalayan panyuhun pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur
langsar. Amin ya alloh ya robbal alamin

Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan
linggih di tempat anu parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah
pihak supados tatan tatan, ka kaméramén photo sareng vidéo mangga milari tempat
anu merenah kanggo ngadokumentasikeun ieu acara.

Ka parawargi sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung
hapunten anu kasuhun ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé
saéna hapé dipareuman atanapi dijemplingkeun (Silence).

Hiji deui anu kalintang pentingna, sabadana Ijab Kobul Akad Nikah panyuhun ulah
kaleprok DA SANÉS JAPATI dikeprokan. (Mangga heureuy)
Alhamdulilah akad nikah atos rengse mudah mudahan janten keluargi anu sakinah
mawadah marohmah aminn ya alloh ya robbal alamin
Alhamdulilah acara demi acara atos rengse nincak ka acara anu terakhir nyaeta doa
Anu baris didugiken ku pangersa (ustad wahyu)

tina sateacana simkuring nyungken hapunten bilih aya cariosan anu tegenah kana
manah sumarabah kana bayah nyungkelit kana pejit simkuring nguken hapunten
tisimkuring dialap cekap wasalamualaikum wr wb

Anda mungkin juga menyukai