Anda di halaman 1dari 2

SUSUNAN ACARA NIKAHAN

SAMBUTAN

Assalamu'alaikum Warahmatullah Wabarakatuh


Bismillah, Alhamdulillah
Alhamdulillahirobbil Alamin, wabihi nastainu ala umuriddunia wa din.
Allahumma sholli ala sayyidina wamaulana Muhammadin wala alihi washohbih, waman
tabiahu wajamaathu min yaumina hadza ila yaumi nahdhoh.

Bapak hajat anu dipikahormat, saderek-saderek bapa, ibu-ibu miwah para tamu anu
kusimkuring dipihormat, utamina ka dua calon panganten.
Sa acan ngawitan pasamoan urang dina akad pernikahan ieu. Sumangga urang sami-sami
muji sukur ka Allah swt. anu parantos masihan rahmat, taufiq sareng hidayah ka urang
sadaya, dugi ka dina waktos ieu urang tiasa ngawujud.
Salam miwah sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya. Ka
Habibana Nabiyana Muhammad SAW, kasadaya kulawargina, ka para sahabatna,
kasadayana Tabi’in ogé Tabi’ut tabi’ina, kasadayana anu sami tumut manut kana ajarana.
Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna engké di yaumil ahir, Amin ya robbal
‘alamin.
Haturan wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, nonoman istri sinareng pameget
ogé ka sepuhna ti rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring dihormat pisan.
Teu hilap ka sepuhna calon pangantén Istri, ka sadayana kulawargina ogé sesepuhna anu
sami dipihormat.
Simkuring salaku panata calaraga dina ieu kasempetan baris ngadugikeun naon rupi acara
anu parantos dibadantenkeun sateuacana, nyaéta:
1)Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring sareng rekan ayeuna nuju
didugikeun
2)Anu kadua Maos ayat suci Al Qur’an a nubade didugikeun ku pangersa Bapak ustadz
Mufti mubarok
3)Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil calon pangantén Pameget anu bade didugikeun
ku pangersa bapak asep setiawan
4)Acara ka opat nampa ti wakil calon panganten istri nu bade didugikeun ku bapak Mufti
mubarok
5)ka lima mangrupi acara anu utami nyaeta Akad Nikah/Ijab Kobul Anu badé dipingpin ku
petugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)

Hadirin anu sami lenggah dina ieu acara, hayu urang sami ngamangpaatkeun waktos. Acara
urang kawitan ku Maos ayat suci Al Qur’an. Ka pangersa ustadz Mufti mubarok mangga
dihaturanan.
Hatur nuhun ka pangersa Ustadz mufti mubarok anu nembé réngsé ngadugikeun maos ayat
suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka anjeuna anu maosna,
hususna ka dua calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin ya robbal 'alamin.

Salajeng na nyaeta mangrupi nyérénkeun ti wakil calon pangantén Pameget anu bade
didugikeun ku pangersa bapak asep setiawan .
Hatur nuhun ka wakil panganten pameget anu tos nyerenken putra na.
Teras di lajeng ku nampa panganten nu bade di dugikeun bapak ustadz mufti mubarok
mangga di haturanan.
Hatur nuhun ka bapak ustadz mufti mubarok nu parantos ngadugikeun nampa kanggo
panganten pameget.

Alhamdulillah ayeuna urang nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung
sateu acana acara dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami
nyakséni kalayan panyuhun pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur langsar.
Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan linggih
di tempat anu parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah pihak.Ka parawargi
sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung hapunten anu kasuhun
ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé saéna hapé dipareuman
atanapi dijemplingkeun (Silence).

acara salajengna dilanjut ku doa tutup nu bade di maoskeun ku sim abdi

alhamdulilah acara demi acara parantos rengse dilaksanakeun hapunteun bilih aya
kalepatan, sim abdi sareng rerencangan pamit undur diri
wassalamu'alaikum warahmatullahi wa barakotu

Anda mungkin juga menyukai