Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum Wr Wb

Alhamdulillahi robbil Al-Amin, wabihi nastainu apa umuriddunya waddin, Wasolatu


wasalamu ala asrofil anbiya’i wal Mursalin, wa’ala Alihi wasohbihi ajmain. Amma ba’du
Faya ayyuhal hadirun ittakullaha hakko tukotihi wala tamutuna ila wa’angtum
muslimin.
Pertama Tama hayu urang sami sami panjatkeun puja puji tasyakur kehadirat Allah
SWT. Anu mana Alhamdulillah kalayan kudrot irodatna, Taufiq hidayah serta Inayah, urang
sadayana ditiasaken kempel Dina ieu tempat, Dina raraga menyambut tahun Baru Islam, anu
mudah mudahan kempel na urang sadaya Dina ieu tempat kenging ridhona Allah SWT.
Aamiin
Sholawat miwah salam, mudah mudahan terlimpah ruah ka Baginda nabi besar
Muhammad Saw. Beserta ka para keluarganya, ka para sahabatnya sareng ka umat beliau
Rasulullah Saw sepanjang masa.
Salajengna, anu ku sim abdi dipihormat, para asatiz wal asatijah se desa weninggalih
oge diluar daripada desa weninggalih, anu mudah mudahan dimulyakeun ku Allah SWT.
Anu ku sim abdi dipihormat, pangersa syaikhuna Al mukarom, Anu memang sengaja
di ulem ku panitia peringatan hari besar Islam, anu dongkapna ti Bogor mudah mudah
kenging kamulyaan ti Allah SWT.
Oge teu hilap anu ku sim abdi dipihormat, aparatur pemerintahan desa setempat, ti
ngawit bapak kepala desa beserta staf jajaranna ti atasan dugi kabawahan sareng ka lembaga
lembaga anu parantos masihan izin demi terselenggarana iyeu acara, anu mudah mudahan
dimulyakeun ku Allah SWT.
Anu ku sim abdi dipihormat, para tokoh agama, tokoh masyarakt serta ormas ormas
anu parantos Aya Dina ieu tempat, anu mudah mudahan dimulyakeun ku Allah SWT.
Teu ka kantun ka para hadirin wal hadirot, bapa bapa, ibu ibu, para pemuda dan
pemudi sareng kanak kanak, baik anu caket Oge anu tebihna mudah mudahan kenging
karidhoan ti Allah SWT.
Alhamdulillah wasyukru ala ni’amillah, tipayun sim abdi nyuhunkeun dihapunten
parantos ngadeg dipayunen para jamaah sadayana, ku jalaran nampi tugas ti Pantia
penyelenggara peringatan hari besar Islam, kanggo ngatur waktu, nata acara anu insyaallah
Bade dilaksanakeun Dina wengi iyeu, supaos teu nyangkolong Kana waktos, urang sebatan
hiji hijina acara anu Bade dilaksanakeun Dina wengi iyeu
 Acara anu Kahiji pembukaan
 Acara anu kadua pembacaan maulid nabi
 Acara anu katilu pembacaan ayat² suci Al qur’an
 Acara anu kaopat pembacaan sholawat
 Acara anu ka lima sambutan sambutan.
Sambutan anu pertama Bade disanggakeun ka panitia penyelenggara
Sambutan anu kadua Bade disanggakeun ka aparatur pemerintahan desa
 Acara anu kagenep intisari
Intisari anu pertama Bade disanggakeun ka pangersa syaikhuna Al mukarom guru
urang sadaya
Intisari anu kadua Bade di sanggakeun ka pangersa syaikhuna Al mukarom Anu
memang sengaja di ulem ku panitia penyelenggara PHBI
Ku Margi kitu urang buka iyeu acara ku pembacaan surotul fatihah, bil Barkah iyeu
acara sing kenging karidhoan ti Allah SWT.
Allahadzihinniyah wa’ala kulli niatin solihah bibarokati Al Fatihah.
Alhamdulillah iyeu acara parantos dibuka, urang teraskeun Kana acara anu
salajengna, mangrupakeun acara anu kadua pembacaan maulid Ad Diba sareng Marhaba anu
Bade disanggakeun ka tim Hadroh majlis ta’lim Al mubarokah, Al waktu wal makan
bihurmah tafadhol yahu masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka tim Hadroh, anu parantos maoskeun maulid Ad Diba sareng
Marhaba, mudah mudahan masing kenging kabarokahan kanggo urang sadayana. Ter iring
do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Meningkat Kana acara anu ka tilu nyaeta pembacaan Ayat ayat suci Al qur’an anu
Bade disanggakeun ka pangersa ahlinal kirom Al ustadz........................................ Al waktu
wal makan bihurmah tafadhol yahu g.
Sodaqollhul adzim, ngahaturkeun nuhun ka pangersa ahlinal kirom anu parantos
maoskeun ayat ayat suci Al qur’an, anu mudah mudah Allah SWT masihan pahala anu
berlipat ganda, khususna kanggo anjeunna umumna kanggo urang sadayana, Ter iring do’a
jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Urang teraskeun Kana acara anu saterasna nyaeta pembacaan sholawat nabi anu Bade
disanggakeun ka...................,.................... Al waktu wal makan bihurmah tafadhol yahu
masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka.................................... Anu parantos ngalantunkeun sholawat
nabi, anu mudah mudahan kenging syafa’at ti Kanjeng rosul, khususna kanggo anjeunna,
umumna kanggo urang sadayana, Ter iring do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Meningkat kana acara anu ka opat nyaeta sambutan sambutan,
Sambutan anu pertama Bade di sanggakeun ka.............................. selaku panitia
penyelenggara, Al waktu wal makan bihurmah tafadhol yahu masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka...................................... Anu parantos masihan sambutan, anu
sakitu jelas tur kahartosna. Ter iring do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Urang teraskeun Kana sambutan anu kadua, anu Bade disanggakeun ka bapak kepala
desa weninggalih atanapi wakilna, Al waktu wal makan bihurmah tafadhol yahu masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka bapak kepala desa weninggalih anu parantos masihan
sambutan, anu sakitu jelas tur kahartosna, sareng parantos masihan izin demi terselenggarana
iyeu acara, Ter iring do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Urang teraskeun Kana acara anu ka lima nyaeta intisari peringatan hari besar Islam
anu Bade di isi kudua penceramah.
Penceramah anu pertama Bade disanggakeun ka pangersa syaikhuna Al mukarom
bapak kiyai haji Bunyan qodrillah, Al waktu wal makan bihurmah tafadhol yahu masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka pangersa syaikhuna Al mukarom bapak kiyai haji Bunyan
qodrillah anu parantos masihan tausiah, mudah mudahan urang sadayana tiasa
ngamalkeunnana. Ter iring do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.
Di teraskeun ka Penceramah anu kadua, anu Bade disanggakeun ka pangersa
syaikhuna Al mukarom bapak kiyai haji..................................... Al waktu wal makan
bihurmah tafadhol yahu masykuro.
Ngahaturkeun nuhun ka pangersa syaikhuna Al mukarom bapak kiyai haji Bunyan
qodrillah anu parantos masihan tausiah, mudah mudahan urang sadayana tiasa
ngamalkeunnana. Ter iring do’a jazakumullahu khoiroti Dunya wal akhiroh.

Anda mungkin juga menyukai