Anda di halaman 1dari 6

IPAN

&
SIPA
1. DONGKAP PAMEGET NGABARIS

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget


miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy
ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Tawis bingah tanpa tanding , nu dianti ti bihari - kiwari parantos sumping . kalayan
asmana kulawarga bapa USEP RAHMAT SOPANDI miwah ibu TUTI WIHARTI
ngahaturkeun “AHLAN WA SAHLAN WA MARHABAN BI HUDHURIKUM” , bagea …
wilujeng sumping ka sadaya para tatamu rombongan calon panganten pameget CEP
IPAN SOPIAN putra ti Bapak CAHYA Kalih Ibu Ai ROSMALA.

Sumangga supados majeng ka pilih dieu …

♪♪♪♪♪♪ ( langsung disambung pengiring bacaan sholawat/kawih bareng jeung


panganten oge nu ngajemput mulai jalan )

2 . NALIKA ROMBONGAN PAPAYUN-PAYUN

Bismilah-bismillahirrahmanirrahiim, purwa wiwitan ieu pamuka carita| minangka


pamuka acara. Neda panyaksen kasadayana | acara bade dikawitan.

Kanggo Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti


kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle

(nalika bade dikalungkeun kembangna ) ngucapkeun : ♪♪♪♪♪♪ saruntuy kembang


kaasih , mugia ngaruntuy manjangkeun tatali wargi , mageuhan tali sillaturrahmi .
amin yra

Sumangga ka sadaya rombongan calon panganten pameget kanggo


ngalinggihan tempat anu parantos disayogikeun di lebet!

♪♪♪♪♪♪ (bacaan sholawat / kawih / sound pengiring ... diteruskeun deui nepi ka
sadaya tamu merenah dina pangcalikan resepsi )
3. BUBUKA WALIMAHAN

Bismillahirahmanirrahim,
Assalamualaikum wr wb. ??

Anu ku simkuring dipihormat :


1. Keluarga besar calon panganten istri neng Sipa Nursalsabila, Keluarga Bapak Usep
Rahmat Sopandi kalih Ibu Tuti Wiharti
2. Anu dipihormat : Keluarga besar Bapak Ojat Sudrajat
3. Anu dipihormat : Keluarga besar calon panganten pameget cep ipan sopian, keluarga
Bapak Cahya kalih Ibu Ai Rosmala
4. Anu dipihormat : Keluarga besar Abah Omen Suparman (alm)
5. Anu dipihormat : Keluarga besar Bapak Rahmat (alm)
6. Anu dipihormat : Bapak kepala desa Pakutandang miwah ibu kades – kum perangkat
desa anu sami hadir
7. Anu dipihormat : Bapak Enday Sarif salaku petugas ti K.U.A kec. Ciparay anu baris
mimpin acara akad nikah
8. Anu dipihormat : Para kasepuhan tokoh masyarakat
9. Anu dipihormat : Alim Ulama sinareng tokoh agama sadayana
10. Anu dipihormat : Sepuh pini sepuh, Bapak miwah Ibu tatamu anu sami hadir.

Langkung tipayun sumangga urang sasarengan - muji syukur ka alloh SWT anu maha suci nu
maha ghofur ... anu dina dinten ieu kaping 14 Mei 2023 (24 Syawal 1444 H) parantos ngersakeun
urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu patempatan dina raraga tasyakur bi’nimah, ->

kanggo sami – sami nyakseni akad nikahna neng SIPA NUR SALSABILA Putri ti pangersa bapa USEP
RAHMAT SOPANDI kalih ibu TUTI WIHARTI ka cep IPAN SOPIAN putrana ti pangersa bapa CAHYA
kalih Ibu AI ROSMALA-kalayan pinuh ku pangharepan mudah – mudahan Alloh SWT maparin
rohmat salamet ka urang sadayana , َ‫آ ِميْن يَا رَ بَّ العَ الَ ِم ْين‬.
Sholawat sinareng salam pamugi salamina kahaturkeun ka rosul panutan alam nabi Muhammad
SAW , ka kulawaargina , sahabatna , tug dugi ka urang sadayana ummat Mantenna anu salamina
turut sareng tumut kana ajaran mantena. Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna engké di
yaumil ahir jaga, … َ‫آ ِميْن يَا رَ بَّ العَ الَ ِم ْين‬.

SUSUNAN ACARA

Bapak kalih Ibu para wargi anu ku simkuring dipihormat. Simkuring wasta pun Hendar
Kadarusman, hapunten sateuacana seja widi ka para sesepuh sadayana ngadeg dina ieu
kasempetan kanggo janten panata calaraga.

** bilih teu kacalikeun sadaya ** Sateuacan dilajeung, ka sadaya hadirin… simkuring atas nami
keluarga HAPUNTEN.. bilih panampian ieu tebih tina titi-surti-nastiti anggang tina tata-subasita
teu tiasa kacalikeun sadayana kalayan tumaninah – hapunten anu kasuhun, tawaqup anu di teda.

Simkuring dina ieu kasempetan baris ngadugikeun rundayan acara anu parantos dibadantenkeun
sateuacana, nyaéta:

1. Mangrupi bubuka - anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun.


2. Maoskeun ayat suci Al Qur'an -> Anu baris dilantunkeun ku pangersa Bapak Ust. Iman
Resmana
3. Mangrupi acara seren tampi | nu di kawit sambutan kedal lisan pamaksadan ti wawakil
atanapi sesepuh pangantén Pameget Anu baris didugikeun ku pangersa (Bp UST YANTO
KUSMIANTO)
4. Sambutan panampian ti wawakil atanapi sesepuh pangantén Istri (bp ASEP KUSNADI)
5. Acara simbolis tawis ka asih tilam ka tresna antawis Ibu AI sareng Ibu TUTI, dilajengkeun
estafet cacandakan ti pihak keluarga pameget ka pihak keluarga istri.
6. Prosesi Akad Nikah anu baris dipimpin ku pangersana Bapak Enday Syarif salaku Petugas
KUA kecamatan Ciparay ti kawit ijab kobulna, serah terima mas kawin, penandatanganan
berkas administrasina diakhiri ku sungkeman antawis kedua mempelai srg para ibu
ramana.
7. **Kutbah nikah/nasehat pernikahan anu baris didugikeun ku bp ust YANTO sakantenan
nyuhunkeun kaikhlasan nana kanggo sakantenan munajat tutup doa.
8. Sawer panganten anu baris dipimpin ku pangersana Ibu DIAN HADIATI
9. Ramah tamah
10. Hiburan.

MAOS ALQURAN
Hadirin anu sami linggih dina ieu acara, supados teu nyangkolong kana waktos – bawi utami
kanggo nambih kabarokahan - Acara urang kawitan ku Maos ayat suci Al Qur’an.

Ka pangersa Bapa ust IMAN mangga dihaturanan.


Setelah selesai pembacan ayat suci Al qur'an

Hatur nuhun ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz IMAN, anu nembé réngsé ngadugikeun


lantunan ayat suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka
anjeuna anu maosna, hususna ka calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin
ya robbal 'alamin.

NYERENKEUN

(2) Aya babasan sepuh kapungkur mun mipit kudu amit , mun ngala kudu menta , datang
katingali tarang , undur katingali pundur , tinangtos tatamu ngabujeng ka ieu
patempatan ngagaduhan pamaksadan anu tangtos , sok sanaos tos sami surti kanggo
kasepuhan atanapi wawakil ti pihak pameget dihaturanan kanggo ngadugikeun kedal
lisan pamaksadan. Kanggo pangersa na Bapak Ust Yanto sumangga dihaturanan …..
(wawakil ngadugikeun pamaksadan ) - atos beres ngahaturkeun nuhun.

TAMPI & SIMBOLIS

(3) Alhamdulillah Lisan pangjajap ti pihak pameget parantos didugikeun, tinangtos


pangjajap kedah aya waleran panghiap panampian. kanggo ngawaler sadaya rupi
pamaksadan anu nembe kahaturkeun, sumangga dihaturanan ka pangersa bapa ASEP
KUSNADI , waktos sinareng tempat manga nyanggakeun..
(4) Kedal ilsan panampian nembe kahaturkeun , manawi ku simkuring disimpulkeun

batu turun kesik naek , kalapa tonggoheunnana , cep ……. Purun , neng ……. Daek sarua
bogoheunnana , batu turun kesik naek , kebon kolot disapuan , cep ….. purun neng ……
daek ku kolotna disaluyuan .

Salajengna seren tampi tawis kaasih tilam katresna secara simbolis anu baris
kahaturkeun ti ibuna cep …… ka ibuna neng …….. kalayan sadaya hormat suka ibuna
mangga ka ibuna cep ….. sareng ka ibuna neng ….. supados kapayun , sementawis anu
sapalihna tiasa diestapetkeun , ka anu kenging pancen kanggo nampi cacandakan
sumangga supados ditartibkeun .

AKAD NIKAH

(5) Para sepuh , pini sepuh hormateun simkuring Sumangga urang sami sakseni
lumangsungna akad nikah anu baris dilaksanakeun , ka calon panganten kairing ibu
ramana, sumangga dihaturanan . salajengna ka sadaya kasepuhan anu seja nyakseni
sumangga dihaturanan linggih dina tempat anu parantos disayogikeun.
Kanggo mimpin ieu acara akad nikah sumangga ka pangersa Bapak Enday kalayan
kahormatan waktos sagemblengna dihaturanan. Ngahaturkeun nuhun ka pangersana
Bapa Enday anu parantos mimpin akad nikah dugi rengse. Alhamdulillah kedua
mempelai tos teu disebat deui calon panganten, ayeuna mah sah secara agama sareng
secara negara. Alhamdulillah mugia janten keluarga anu sakinah mawadah sareng
warohmah tur dugi kana kabarokahanana aamiiin ya robal alamin.... acara urang
lajengkeun

KHUTBAH NIKAH

(6) Khutbah nikah anu baris didugikeun ke pangersa bapa ustad .....................................
sinareng disuhunkeun kaikhlasan nana kanggo sakantenan tutup doa kanggo panganten
khususna umumna kanggo urang sadayana anu sami hadir *** : Ka bpk ust ...........
mangga dihaturananan.

SAWER PANGANTEN

(7) Salajengna ka dua panganten kairing sepuhna dihaturanan linggih di tempat anu
parantos disayogikeun kanggo acara Sawer panganten anu baris dipimpin ku Ibu Dian
Hadiati kanggo tatamu para wargi sadayana supados dina lumangsungna acara sawer
panganten supados tiasa tartib. Sumangga ka Ibu Dian waktos sinareng tempat
nyanggakeun ....

BERES RAMAH TAMAH

(8) salajengna ka sadaya kasepuhan oge para tatamu para wargi sadayana dihaturanan
kanggo sami –sami ngabageakeun ngadugikeun pangwilujeng sareng pangiring doa na
kanggo dua mempelai, dilajengkeun dihaturan kanggo menikmati hidangan jamuan anu
parantos disayogikeun .

MC AMIT MUNDUR

(9) Pamungkas ti simkuring salaku panata calagara neda ageung pangapunten da rumaos
pisan sanes ahlina, tangtos salami ngajejeran acara seueur kakirangannana . Sakitu hatur
nuhun alhamdulillah. Wabillahi taufi walhidayah wassalamu alaikum Wr.Wb

(10) Sumangga ka simkuring seja masrahkeun waktos sinareng tempat na ka tim hiburan .......

Anda mungkin juga menyukai