Anda di halaman 1dari 6

PERTIKAHAN

IRMA SITI ZAKIYAH

&
YAYA KURNIA

Di komplek pasantren Cintawana


Singaparna Tasikmalaya
Kemis, 10 Mei 2018
(24 Sya’ban 1439 H)

1
BUBUKA NALIKA PANGANTEN SUMPING

(Panganten pamget sareng Ibu Ramana mayun ka Ibu ramana Istri)


Assalamua’laikum Wr. Wb.
Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih,
hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang sadayana,

Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos


sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang
pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka
pamuka acara. Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan,
sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti
sadayana ieu acara bade dikawitan.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. wilujeng sumping,


di wewengkon PASANTREN CINTAWANA, tempat pangaharepan
sarakan keur kulawarga.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti


kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis
pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti
pihak calon panganten istri (mangle di kalungkeun), salajeungna
dihaturanan linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan, di
tempat anu parantos disayogikeun. Di Masjid Jami’Pasantern Cintawana.
(Istri di kaleren masjid pameget di kiduleun masjid).

ACARA DI MASJID BADE AKAD PERTIKAHAN


Bismillahirrohmanirrohim

Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna


muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du.
Langkung ti payun manga urang manjatkeun puji ka Allah nu maha suci,
Puja ka Allah nu maha kawasa, syukur ka Allah nu maha Gofur tina sanes
kanten nikmat nu parantos dipasihkeun ka urang sadayana. Pamo urang
2
ngetang nikmat Allah baris baris moal kaetang kawajiban urang sadayana
syukur kana naon-naon anu parantos dipasihkeun ka urang sadayana.
Shalawat sinareng salam
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu
tempat, mudah-mudajan aya dina panangtayungan Allah, bingah ka giri-
giri bagja kumbayangan dina dinten Kemis, ping 10 Mei 2018 (24
Sya’ban 1439 H), dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur
sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna neng IRMA SITI
ZAKIYAH putrina bapa H. UDIN SOPANDI (Allah Yarham) kalih ibu
Hj. IMAS MARYAM ka cep YAYA KURNIA Putrana bapa ABDUL
MAJID kalih ibu MIAT.
namung sateuacanna sim kuring salaku, pangatur waktos, baris
ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, di antawisna;
1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi ku Saderek Dede Misri (salah sawios santri ti
Pasantren Cintawana)
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten
- Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku Kiai Eli Badrulaeli
- Panampian ti pihak calon panganten istri ku K.H. Rosyidin (pun
Lanceuk)
4. Simbolisasi seserahan
5. Akad nikah dipimpin ku petugas ti KUA Kacamatan Singaparna
(Khutbah Nikah: K.H. Iwan Moh. Zein)
Saksi-saksi : 1. K.H. Abdul Fatah 2. K.H. Asep Sujai
6. Tausiyah : K.H. Abdul Fatah, Pst. Manonjaya
7. Sungkeman
8. Tutup

1. BUBUKA
Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim
kuring, supados teu nyangkolopng kana waktos, sumangga ieu acara urang
buka ku maos basmallah sasarengan. Bismillahirrohmanirrohim.

3
2. LANTUNAN KALAM ILAHI
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami
dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku saderak DEDE
MISRI (salah sawios santri ti Pasantren Cintawana) waktos sareng
tempatna mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka saderek DEDE MISRI Nu parantos ngalantunkeun


kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng
kataqwaan urang sadayana. Amin.

3. SEREN SUMEREN
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten
pameget miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu
dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok
sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan
tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad
wungkul, namung kedah disarengan ku ucap.
Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget
dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana.

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan


ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh
laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji
pasini , manjangkeun tali babarayaan manjangkeun simpai babarayaan,
sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade


nyerahkeun calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring
saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna
baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri,
kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng tempatna.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu


taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya

4
jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun
ieu daek, laksana nya pamaksadan.

4. SIMBOLISASI SESERAHAN, juru photo…


Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten
pameget kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri.
(cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebet).

5. AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati,
campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.
Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng IRMA SITI ZAKIYAH ka cep
YAYA KURNIA.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda
panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah INSYA ALLAH
seja dikawitan.
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama,
nyanggakeun waktosna. …..

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu


maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan
lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel,
sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, dina
ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah. Amin...
6. TAUSIYAH,
Acara nu salajeng nyaeta tausiyah , wejangan khususna kange pangenten
pameget sareng istri mugia manfaat bekeleun kange hirup dina rumah
tanggana NENG IRMA SITI ZAKIYAH sareng YAYA KURNIA. Manga
ka kersana K.H. ABDUL MAJID waktos sareng tempat disanggakeun.

5
7. SUNGKEMAN
Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten
sumangga sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah
rumah tangga nu baris dibina.

8. TUTUP
Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina
rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar
kalayan aya dina kalancaran. Mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb
kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a,
mangga ka pangersa K.H. AMIRUDIN dihaturanan.

Sim kuring salaku pangatur waktos baris amit mundur amit mungkur,
hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna,
bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara
sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah sasarengan.
Alhamdulillahirrobil alamin. Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.

Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna
sumangga dihaturanan.

Anda mungkin juga menyukai