Anda di halaman 1dari 15

Bismillahirrahmanirrahim..

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh..

Langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur sewu nuhun kana saniskanten
perhatosan Bapa Kepala SD/SMP/SMA ... (Nama sekolah) Anu ku sim kuring dipihormat, Bapa
Ustad ... (Nama Ustad) Anu ku sim kuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku sim kuring
dipihormat, sarta rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikadedeuh.

Kalawan ngedalkeun sukur, alhamdulillah.. Sami-sami hayu urang ucapkeun syukur ka-asih, ka
Pangeran Anu Maha Kawasa. Margi kalawan rahmat-Na anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat
sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra
Mi’raj Nabi Muhammad SAW, dina kaayaan sehat wal’afiat.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka
dinten kiamah. Aamiin.

Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara bade
ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nyaeta di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala sakola
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga
ieu acara urang buka wae ku maos basmalah sasarengan.

(Bismillahirrahma irrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadẻrẻk (Nama
pembaca alqur'an) mangga dihaturanan.

(Maos ayat suci alqur'an sarta solawat nabi)

Hatur nuhun ka Sadẻrẻk.. (Nama pembaca alqur'an) anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an
sareng mingpin solawat nabi. Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka
Sadẻrẻk (nama ketua panitia) mangga dihaturanan ka payun.

(Laporan ketua panitia)

Hatur nuhun ka Sadẻrẻk.. (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana. Nincak
kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SD/SMP/SMA.. (Nama sekolah) Ka Pangersa Bapa..
(Nama kepala sekolah) , waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Pamapag dari kepala sekolah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa.. (Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna.
Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah ti Bapa Ustad.. (Nama ustad), Sumangga Bapa..
(Nama ustad), waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Taushiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa atawa panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa
Ustad.. (Nama ustad). Sumangga Bapa Ustad.. (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.

(Maca do'a)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad.. (Nama ustad), anu parantos mingpin doa, mugia doa urang
sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah.

(Alhamdulillahirabbil‘alamin..)

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan
panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.

Mugi-mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan ieu, meunang Pangestu sarta Pahala ti
Allah Swt. Amin!

Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum
wr.wb.

NAMA : TABITA
KELAS : VIII-B
Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah


rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat
nyatang pinang. Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung
tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun


haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat
anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si
jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget
miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate
perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping
kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget
miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah
dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan
manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul,
namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah
di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam
ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun


kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun
khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat
nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-
anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa
kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun
lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa
aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina
hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten


pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita.
Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon
panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede
sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi
ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).


AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na
dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih
Ng_____________cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para
wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka
luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka


pangersa_____________________)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di
lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di
haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

NAMA : ANNISA
KELAS : VIII-B
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat


Bapa Ustad................... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rẻngrẻngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rẻrẻncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci,
Allah SWT, anu parantos ngalẻlẻrkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa
kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangẻmut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.

Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah.
Aamiin. Simkuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirẻh kapancẻnan salaku panata acara
seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga
ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan, Bismillahirrahmanirrahim.

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun kana aosan solawat nabi. Kakersana
ustad..... mangga dihaturanan.

MC : Hatur nuhun ka kersana ustad....... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng
mingpin aosan solawat nabi, malahmandar janteun panambih-nambih kaimanan sareng
kataqwaan. Aamiin..

Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana Peringatan Isra Mi’raj. Ka
kersana.......... mangga dihaturanan ka payun.

MC : Hatur nuhun ka kersana........ anu parantos ngadugikeun laporanana, mudah-mudahan


ageung manfaatna.

Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... , waktos
sinareng tempat disayogikeun.

MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna, mugia ageung
manfaatna.

Nincak kana acara kalima, nya ẻta taushiyah/siraman ruhani ti Almukarom Bapak Ustad.......
Sumangga waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos ngadugikeun taushiyahna, mugia
ageung pisan manfaatna kanggo urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya ẻta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku Bapa
Ustad..... Sumangga Bapa Ustad..... dihaturanan kanggo mingpin doa.

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad....... anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya di
kobul ku AllaH SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil‘alamin.

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan
panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten
bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

NAMA : REZKA
KELAS : VIII-B
NAMA : ROYKATUL
KELAS : VIII-B
" Bismillahirrahmanirrahim…

Assalamualaikum Wr. Wb.. " Wilujeung enjing,


Salam Sajahtera kanggo urang sadaya.. "

Kalawan ngedalkeun syukur, alhamdulillah, sami-sami hayu urang ucapkeun syukur ka-
asih ka Pangeran anu suci tur maha kawasa, margi kalawan rahmat-Na urang sadaya
tiasa patepang di ieu tempat dina kaayaan sehat wal’afiat. (amin)

Luhur wasta Kulawargi.. (Nama keluarga), simkuring ngucapkeun hatur nuhun pisan ka
saderek, rerencangan, sadaya anu atos cios ikhlas nyempatkeun datang kana acara
patepang taun pun anak.. (Nama anak), anu ku simkuring pikanyaah.

Mugi-mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan ieu, meunang Pangestu sarta
Pahala ti Allah Swt.

Saderek anu ku simkuring muliakeun, kanggo ngamangpaatkeun waktosi, mangga


urang geura wae bacakeun susunan acara patepang taun dina isuk ieu. Susunan
acarana nyaeta :

1. Bubuka
2. Sambutan-sambutan
3. Pesan sareng Kesan
4. Do'a
5. Nganyanyikeun lagu patepang taun
6. Niup lilin
7. Potong kueh sarta ramah tama
Sakitu wae acara teupang taun dina isuk ieu, sateuacan urang neruskeun kana acara
saterusna, hayu urang buka tiheula acara ieu kanggo maca surat Al-Fatihah, ilaa
hadhratin nabiyyil musthafa, al-faatihah..
# (Membaca: surat al-fatihah, dan dilanjutkan dengan memulai acara: Bubuka,
Sambutan-sambutan, Pesan dan Kesan, Do'a, Menyanyikan lagu ulang tahun, Tiup lilin,
Potong kue, serta ramah tama)
Hatur nuhun.. Mugi-mugi acara patepang taun ieu, tiasa lancar sarta masihan
mangpaat kanggo urang sadayana, utamana kanggo pun anak.. (Nama anak). Ku
kituna mugi-mugi panjang umur, nambah dewasa, sarta seueur rizkinya, amin yaa
robbal alamin.
Sakitu wae ti simkuring, nu kirang langkung menta hapunteun bilih aya kalepatan sarta
kakirarangan nana, simkuring neda sihapunten ka para wargi sadaya dina mandu acara
patepang taun ieu. Mudah-mudahan Allah SWT masihan kaberkahan kana sadaya
permaksadan ieu. Amin ya robbal alamin.
Wassalamu'alakum Wr Wb..
Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 1 Sumedang, pupuhu Dinas Pendidikan,
komite sakola, guru-guru SMAN 1 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMAN 1 Sumedang, ibu
miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa
jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu
Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah
ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina
raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMAN 1 Sumedang”.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. ,
ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas
XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2011.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula
runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Mapag Pupuhu
3. Aosan Ayat Suci Al-Quran
4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
5. Laporan ti pupuhu panata calagara
6. Laporan ti pupuhu OSIS
7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang
8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang
10. Kedal lisan ti pupuhu sakola
11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
12. Kedal lisan ti komite sakola
13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
15. Doa
16. Pidangan kasenian gondang
17. SMANSA Award
18. Bewara siswa/siswi berprestasi
19. Pembagian STTB
20. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan
basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi


pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun
ku panumbu catur kasenian.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja
didugikeun ku saderk…… ka saderek……dihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara
SMAN 1 Sumedang.
Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek…..dihaturanan.
Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek……dihaturan.
Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari
merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang.
Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka
saderek…dihaturanan.
Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni
Sunda SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki
Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1
Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak ……… anu ku
simkuring dipihormat dihaturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak ………
anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi
paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek………..dihaturan kanggo mingpin
doa.
Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang
sami-sami nyakseni.
Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA
Award teh?
Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.
Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.
Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun.
Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring
Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan.
Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan.
Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb

NAMA : FHENIA
KELAS : VIII-B
"Biantara Halal Bihalal Di Sakola"

Assalamu’alaikum wr wb.

Allohu akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar! Laailaha illollohuwallohu Akbar, Allohu Akbar
Walilahilham.
Innal hamda lillah nahmaduhu wanasta’inuhu wanastagfiruh, wana’udubillahi ming Syururi
Angfusina, waming Syasiati ‘a’malina, man yahdillaahu falaa midhillalah waman yudlil hu flaa
hadiyallah.
Asyhadu Anla ilaaha ilalloh wa asyhadu anna muhammadarrosuululloh, Allohumma Solli
wasallim ‘alaa nabiyyina wahabiibinaa wa Syafii’inaa Muhammad Solallohu ‘alaihi wasallah
(amma ba’du).
Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang salila
sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun saum
jeung taraweh sarta ibadah–ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun.
Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu
diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba
dahareun atawa make pakean sarwa anyar.
Tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran
geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum dina bulan Ramadan, anu
mangrupakeun kawajiban salaku urang umat islam.
Para hadirin, bapa/ibu guru sarta siswa/isiswi (...nama sekolah) Nu kusimabdi dipikadeudeuh.
Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi
ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut magfiroh mantenna. Aamiin.
Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah
sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam
dunya, margi Allah swt, anu ngawajibkeun shaum ka jalma-jalma anu ariman sangkan jadi jalma
anu takwa.
Para hadiri rawuh hadirot rohimakumulloh nyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur
sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibanda ajen sosial, nu karasa ni’mat sarta mangfa’atna lain
ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu jadi anggota masyarakat.
Mun keur saurang pamingpin, mangfa’at sarta hikmah shaum bisa katinggali sarta karasa ku
anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sarta kasejahteraan nu walatra.
Mun keu anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata’atan sarta kapatuhan anu satia kanu
jadi pamingpin. Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakal katara tur karasa berehannana
kanu butuh.
Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakal katara sikep hormatna tur babantuna nu satia
kanu beunghar. Keur saurang pedagang bkal leuwih ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani
deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli ku timbangan anu beurat.
Cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu goreng kanu alus. Nu disebut
bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung tempat sarta waktuna wungkul,
tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe.
Dina ieu kasempetan, oge simabdi seja nyuhunkeun sihapunten ka sadaya bapa/ibu guru, kapala
sakola siswa-siswi (...nama sekolah) atas nami pribadi, kulawaga oge salaku (...) boh bilih aya
kakiranganna oge kaleptan nana.
Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal (19..) H Taqoballaohu minna waminkum syimana
wasyiamakum. (neda tawakuf anu saageung-ageungan) .
Panutup ti simabdi mudah-mudahan urang sadaya kaasup golongan jalma anu balik deui kana
kasucian, nyaho kana bebeneran tur bisa ngalaksanakeunana, jeung nyaho kana kabatilan
sangkan bisa nyinglarkeunana.
Nepika cita-cita urang dina hirup kumbuh ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara pinuh ku
karaharjaan, aya dina ridona Alloh SWT. Amin.

Wassalamualaikum Wr, wb..

NAMA : INDRI
KELAS : VIII-B
NAMA : RIRI
KELAS : VIII-B
"Biantara Susunan Pembawa Acara Reuni Basa Sunda"

Assalamualaikum wr, wb..

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu
ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni
(SD/SMP/SMA) anu ku sim kuring dipihormat.
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci,
alhamdulillah ku Rahmat sareng inayah manten-na dina danget ieu urang sadaya dipaparin
kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung
lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina acara anu ku urang sadaya diantos-antos,
nyaeta acara REUNI Akbar (SD/SMP/SMA..).
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad
SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna
mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring! Nepangkeun wasta abdi pun (...), Alumni angkatan (...).
Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara
dina ieu acara, nyaeta acara REUNI AKBAR (SD/SMP/SMA), ti kawit sakola ieu ngadeg dugi
ka wanci ayeuna.
Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun
wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun
laksaketi kabingahan.
Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah. Anapon
runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
01. Bubuka
02. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
03. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang Reuni Akbar
04. Nembangkeun Nasyid
05. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
06. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS (SD/SMP/SMA).
07. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
08. Bewara forum alumni
09. Do’a
10. Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat! Supados
teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan,
bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek (...) kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an
dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek (...) anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin solawat
nabi, Tos lami acara tepang reuni akbar ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung
saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di (SD/SMP/SMA).
Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos
moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa/Ibu
(...) dihaturanan..
Hatur nuhun ka Bapa/Ibu (...) anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi
piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara,
pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku
pupuhu osis. Sumangga saderek (...) dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis (SD/SMP/SMA) anu parantos ngadugikeu biantara kalayan
singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantara pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapa/ibu
(...), dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka bapa/ibu (...) anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten
wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni
dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni bapa/ibu (...)
dihaturanan!
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa
langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala
antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga
kersana bapa/ibu (...) dihaturana!
Hatur nuhun ka Bapa/Ibu (...) anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos
kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh! Alhamdulillah acara demi acara
parantos lekasan.
Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu
acara ku du’a. Sumangga bapa/ibu (...) dihaturanan kanggo mingpin du’a.
Hatur nuhun ka kersana bapa/ibu (...) anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di
kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan
panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu,
mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS (SD/SMP/SMA) di wales ku Alloh SWT.
Amin.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe
carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai