Anda di halaman 1dari 6

PATURAY TINEUNG

Assalamualikum wr .wb
Alhamdulilahi aujabaalaina bil jamaah wanahana anit tafaruqi waladawah
.ash-shalatu wasalamu alaina rosulillah syaidina muhammadibni abdillah waala
alihi wa shahbihi wa ma walah,amma badu

Sugrining puji kasangga ka gusti nu maha suci ,sadaya puja kasangga ka


pangeran nu maha kawasa .kalayan qudrat sareng irodat mantenna urang sadaya
dina danget ieu tiasa kumpul ruing ,amprok jonghok ,hempak merperbayaksa dina
tempat anu kalintang nyugemakeunana .mudah mudahan hibar barokah kalih
maghfiroh allah swt ginuluran ka urang sadaya ,amin.teu hilap shalawat mugia
dilelerkeun ka panutan alam ,manusia anu pangmulyana nyatana habibbana
wanabiyyana Muhammad saw,katut kulawargina ,para sohabatna oge umat
sadayana anu turut ,tumut ka ajaran anjeuna dugi ka poe kiamah amin.

Urang sadaya anu hadir didieu , ngajadi saksi pikeun lumangsungna acara
paturay tineung kelas ix anu di luluguan ku kulawarga besar smp tarogong kaler
.nya jisim kuring pisan dina danget ieukapapancenan ku sekeseler panitia kanggo
nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka akhir ti awal dugi ka tutas na ieu acara.
dupi acara anu bade kapindangkeun :

1.bubuka

2.galindengna ayat ayat suci al quran

3.biantara sareng pangdeudeul ti :


-biantara ketua osis
-wawakil kelas ix
-pupuhu komiteu sakola
-kepala sakola

4.Unjukan paturay tineung


-.masrahkeun siswa siswi kelas ix
-mushafahah

5. maca dua

6 .panutup

7.hiburan

Supados teu nyolongkong teuing kana waktos mangga ieu acara urang buka ku
aosan basmallah sasarengan BISMILLAHIRROHMANIRROHIM .ku aosan eta acara
parantos di buka kalayan resmi.

Nincak acara nukadua supados langkung langkung ginuluran hibaring baroqah


mangga urang sami sami ngaregepkeun galindengna aosan ayat ayat suci al quran
nu bade di aoskeun atawa di tepikeun ku pangersa bapa ust.acep. (tos
beres) hatur nuhun ka pangersana bapa ust.acep.mudah mudahan ku
ngalangkungan aosan nu nembe baroqah tina amanah anu di popoyankeun tina
dawuhan allah urang sadaya tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar
aya dina rido allah swt .AMIN

Di Lajengkeun kana acara nu saterasna nyaeta biantara jeung pang deudeul . nu


kahiji biantara ti ketua osis ,mangga dihaturanan linggih . (parantos rengse ).anu
salajengna ti wawakil kelas ix.(tos rengse) ngahaturkeun nuhun ka wawakil kelas
ix .anu saterasna pangdeudeul ti pupuhu komite sakola (tos rengse ) anu terakhir
nyaeta pangdeudeul anu bade di tepikeun ku kepala sakola ( tos rengse )
ngahaturkeun nuhun ka kepala sakola.mugi mugi aya manfaatna kanggo urang
sadaya .

Anu salajengna nyaeta acara nu ka opat unjukan paturay tineung . nu mimiti


masrahkeun siswa siswi kelas ix . (tos rengse) anu saterasna mushafahah .(
parantos rengse )

Nincak kanu acara nu ka lima nyaeta ngaoskeun dua marangga urang sasarengan
ngadua ka allah nu maha kawasa . nu bade di barengan ku bu hj.fatimah (tos
beres)hatur nuhun ka ibu hj.fatimah anu parantos ngabarengan ngaoskeun dua.
Sateacanana kana acara puncak nyaeta hiburan mangga urang sadayana tutup
ieu acara ku aosan ALHAMDULILLAHIROBBILALAMIN sim kuring
ngahaturkeun nuhun ka sadaya jalmi nuaya dideu kanggo kaperhatosanana anu
parantos nyaksian ieu acara paturay tineung ti awal tug dugi kakhir .

sateu acana urang marulang ka rorompokna masing masing urang saksenan heula
ieu acara puncak nyaeta hiburan
.
kuring salaku mc ngucapkeun

Wassalamualaikum wr.wb.

Contoh teks panata acara dalam bahasa sunda

Peringatan Isra Miraj di SMA .....

Mc : Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat


Bapa Ustad Anwar anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rngrngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus

Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha
Suci, Allah SWT, anu parantos ngallrkeun nimat sareng kasehatan dugi ka urang
sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangmut dinten Isra Miraj Nabi
Muhammad SAW.
Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka
dinten kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wirh kapancnan
salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di
antawisna :
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Acara kadua, maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka Sadrk
Rahmat mangga dihaturanan.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Rahmat anu parantos ngaoskeun ayat suci
Alquran sareng mingpin solawat nabi.
Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadrk Alim mangga
dihaturanan ka payun.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Alim anu parantos ngadugikeun laporanana.
Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa Bapa ...... ,
waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun pamapagna.
Nincak kana acara kalima, nya ta taushiyah ti Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa
Ustad Anwar, waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak kana acara nu terakhir, nya ta doa/panutup. Acara doa ieu baris dipingpin ku
Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, dihaturanan kanggo mingpin doa.
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin doa, mugia doa urang
sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbilalamin. Ti
simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka
rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun
ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik
walhidayah wassalamualaikum wr.wb.

Contoh Pidato Sunda | Paturay tienung kelas 6 SD

Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak,
Ibu guru sekolah seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah
amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok
manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok
jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas
VI ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya,


menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay
lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.

Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim
kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun,
nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala
putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget
ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan
sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo
marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa
sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami
ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng
kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung
sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat
ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog
kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur
langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng
memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana,


Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala
putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes,
rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng
kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya,


Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh
kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu,
belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh
sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna
geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman
katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga,
masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira,
sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat
ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran
mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui
bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira,
sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa,
nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos
anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh,
pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui.
pileuleuyan pileuleuyan anaking bral. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban
tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga
nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi
dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung
sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah,
seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe
anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur
kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna. (unsilster.com)

Anda mungkin juga menyukai